Postingan Kang Dede ([email protected])

Hayang jadi doktorandes...

Baheulamah jaman sikuring SD di Budiharja, nu kangaranan sarjana teh can aya
sahulu hulu acan, tidinya sikuring hayang pisan lulus kuliah anu akhirna
jadi doktorandes. Jigana aya ku tegep mun boga titel Drs samemeh ngaran
uing.
Naon sababna hayang jadi doktorandes?
Salahsahiji anu jadi motivasina nyaeta kepala sakola uing di SDN Sukajaya 3
nu ngarana Endang Mustofa Kamal boga titel Drs. Manehna hiji hijina kepala
sekolah nu kaalaman ku sikuring anu dipiboga ku SD kuring nu boga titel
sarjana, da nu 2 deui mah jigana can boga titel tea. Manehna boga sifat
alus, minimal anu katingali kusikuring salaku muridna di kelas 3. Basa
gerakan ngabebener kamalir di pipir kelas, manehna milu ilubiung langsung
bari nyekel pacul, gerakan tea ngarana dina raraga program JUMSIH (jumat
bersih). Duka tah program eta ayeuna masih keneh aya atawa geus tilar
dikieuna.

Tidinya sikuring sacara teu sadar geus boga kahayang miboga titel Drs.
Malahmah dina buku tulis nu kudu make ngaran sok di tambahan Drs, jadi Drs
Dede Solehudin tea. Salasaratus buku eta nepi ka kiwari masih aya (nu
dingaranan jiga kitu), malahmah di simpen dina lomari jeung barang antik
sikuring sejena samodel baju paskibraka keur SMA, baju nu di corat coret
basa lulus SMP jeung SMA, baju olahraga anu aya tandatangan kabogoh sikuring
keur SMA, surat cinta sikuring jaman SD anu aya pantun empat kali empat sama
dengan enam belas, sempat tidak sempat harus dibalas tea, jrrd.

Jadi kahayang sikuring sakola rada luhur teh di ilhaman ku Pak Endang tea nu
boga titel Drs. Akhirna sikuring timimiti SD keyeng sakola teh, barijeung
gering oge sikuring tara ninggalkeun sakola. Da manehna pernah dina upacara
bendera ngawanti wanti yen mun urang hayang pinter salasahijina kudu rajin
sakola jeung diajar di imah. Dina eta pidato teh manehna pernah ngomong
"arit mintul oge, mun di asahmah moal burung seukeut". Tidinya sikuring sok
loba maca di perpustakaan, barijeung bukuna minimalis pisan. Tapi teu jadi
masalah, pan ku alatan koleksi bukuna saeutik eta nu ngadorong sikuring
sangkan keyeng nuluykeun sakola nepika mibanda titel Drs.

Sanggeus lulus SD, sikuring nuluykeun sakola ka SMP. Tisakola kuring ngan
3-an anu nuluykeun sakola ka SMP teh, Si Lilis, Si Irpan jeung sikuring
sorangan, nuliana mah biasa we "nyaba" (indit kakota neangan duit gede
cenah) atawa cicing diimah komo kangaranan awewe, nungguan gede, nungguan
aya lalaki, nugguan jodo cenah.  SMP sikuring ngarana SMPN 1 Cihaurbeuti,
sasakola jeung MJ katut Andiw (adina tea), malahmah jeung si Andiw mah
barengan. Ngan manehnamah kelas 1 F (mun teu salahmah) ari sikuringmah kelas
1 A. Sabenernamah duka naon maksudna aya pembagian ngaran kelas timimiti A
nepi ka F teh. Timimiti asup SMP cita cita sikuring teh tambah ngagedur.
Kukitunamah da enya pedah loba manggihan guru anu boga titel Drs (baheula
mah (taun 98-an SPd teh jigana can aya), jiga guru olahraga sikuring nu
ngarana Drs Iyo Sutaryo jeung guru Bahasa Indonesia Drs Ade Hidayat atawa
Drs Asep anu ngaguruan Geografi tea. Tapi kangaranan manusa nu boga sifat
sewang-sewangan, gening loba Drs anu boga sifat goreng (ceuk pamadegan
sikuring), jiga sok udud di sakola, asup ka kelas sok kabeurangan jrrd. Da
enyaan basa keur jaman SD mah sikuring boga kayakinan yen anu boga titel Drs
teh jalma anu pangdisiplina jiga tangtara, loba kanyaho malahan mah nyaho
sagala rupa elmu pangaweruh. Tidinya cita cita sikuring jadi Drs teh rada
murengked , nu balukrna cita2 sikuring teh teh ganti ku hayang jadi Ir
)insinyur) da ngadenge guru nyaritakeun biografina Prof. BJ Habibie tea anu
cenah pinter kacida, lulusan ITB (ceuk dina eta carita) tuluy bisa sakola di
Jerman sangkan bisa nyieun kapal ngapung jaba dibiayaan ku Soeharto (ceuk
eta carita deui). Tapi nu jadi masalah, mun hayang jadi Ir kudu pinter
ngitung jeung Fisika, dina masalah eta pisan sikuring rada alergi, belet
ngitung tea. Duka eta panyakit matuh timana. Tapi nu kangaranan cita2 nya
kudu tinekanan, atuh hese oge kudu loba diajar nu bener ngarah bisa
kahontal. Naek ka kelas 2 sikuring rada teu pati alus kalakuan teh, meureun
kaheab-heab ku panyakit remaja misalna sok rajeun udud jeung pernah bangor
naek pager sabaraha kali alias minggat tea disebutna ku babaturan kuring
mah, teu poho garelut jeung sakola lain kuatana parebut awewe jaung curang
dina mengbal atawa basket. Dina masalah gelut, sikuring ngan saukur loba
hohoak wungkul, da dina prak2anamah kudu loba balad ngarah loba kawani,
tawuran tea cenah ngarana.
Ditengah tengah kelas 2 sikuring kadatangan ku guru bahasa Inggris anyar,
awewe, geulis jeung can boga salaki cenah urang Tasik anu imahna di Bumi
Panglayungan (sikuring masih keneh apal haha....). Manehna pinter bahasa
inggrisna da meureun sikuring belegug bahasa inggrismah, boga titel SPd,
cenah lulusan IKIP Bandung (UPI ayeuna). Tidinya cita cita sikuring rada
robah deui, hayang jadi SPd jiga Bu Guru Bahasa Inggris anu ngarana Ria
Mutiarawati, SPd (uing masih apal ngaran lengkepna hahhah). sababarah lila
kuring di ajara kumanehna barijeung hese kacida lamun nincak pelajaran
*structure
*da kukitunamah kaharti, tileuleutik teu pernah diajar bahasa inggris jaba
kadaharan oge jarang manggihan keju teh. Da ceuk kolot baheulamah mun urang
hayang pinter bahasa Walanda (istilah pikeun bahasa eropa) kudu loba dahar
keju jeung susu sapi. Tidinyamah meureun kaharti, teuing make teori
nanahaon......
 Naek ka kelas 3 SMP sikuring dilema, bingung, kudu nuluykeun kamana? STM
atawa SMA? Mun ka STM kudu pinter ngagambar. Ngagambar teh salasahiji
panyakit matuh kuring (teu bisa ngagambar), pan cenah ka STM mah komo
jurusan otomotif kudu pinter ngagambar. Akhirna sikuring nuluykeun ka SMA
sangkan jadi Drs, ngahontal cita2 waktu SD.


-- 

dede solehudin

Kirim email ke