Jembatan Merah Merdeka

Ku mang Ii 

Inget terakhir kuring ka Bogor, dua taunan katukang.  Indit ti Bandung kira
kira jam salapan peuting,  naek beus di terminal Leuwi Panjang, ceuk calo
mah ieu teh beus terakhir anu langsung ka Bogor.

Geus kudu kitu meureun dongengna, kabagean beus kelas ekonomi anu butut,
sapanjang jalan loba ngetem, majuna oge lalaunan pisan, panumpangna
direretan teh rereana jalu, euweuh pikaresepeun lamun kudu nuluykeun carita
dijero beusna mah.   Perjalanan ka Bogor keur kuring mah nostalgiaan,
sapanjang jalan panon teu bisa reup sare, panasaran hayang ulak ilik kaluar
tinu kaca beus.

Nepi ka Puncak beus mogok, eremna bermasalah cenah, ka jero ruangan beus
kaambeu hangit. Kuring jeung panumpang sejena kalaluar, harita wanci
nunjukeun jam dua belasan peuting.  Rada lila oge nungguan eta beus di uma
ome  heula ku kenek jeung supirna nepi ka benerna. 

Singketna nepi oge ka Jembatan Merah Merdeka Bogor (teu disundakeun jadi
Jambatan beureum) wanci janari.  Teu loba robah kaayanana ti saprak sapuluh
taunan katukang harita mimiti kuring nincak Jembatan Merah.  Teu anggang ti
jembatan, gedung gedung heubeul masih aya, anu sok jadi perhatian kuring mah
gedung tingkat anu bentukna mirip beus tingkat, lamun teu salah toko
elektronik Irama Nusantara ngarana.  

Tibaheula nepi ka ayeuna keur kuring jembatan Merah Merdeka jadi patokan
janjian. Arek ka kampus Darmaga ereun heula didieu, arek ka Jakarta ti
Darmaga oge kitu sabalikna.  Papagah anu masih inget ti samemeh kuring
nincak Jembatan Merah Darmaga nyaeta "kudu ati ati cenah lamun leumpang
didieu, loba copetna"

Sakitu heula ..

 

Kirim email ke