---------- Forwarded message ----------
From: mang jamal <[email protected]>
Date: 2011/3/8
Subject: Re: [kisunda] Hayang Diajar Nulis di Koran
To: [email protected]


tah ieu pangalaman si kuring kang, dimuat di majalah basa sunda Cupumanik
hehe



Ka Paris Usum Tiris



Ku Mang Jamal





Ka ngaran kota Paris teh kaitung ”wawuh munding”, pan dijadikeun
jujuluk kota Bandung, Parijs van Java tea. Jujuluk nu munggaran
disebut di mangsa kolonial, sigana alatan Bandung jaman harita siga
atawa dirancang nurutan kota Paris. Kiwari jujuluk eta masih keneh
disarebut sanajan bari semu teu yakin jeung cangcaya.



Bisa ulin ka Paris teh sabenerna mah kabeneran. Batur saimah kos nu
keur sakola tingkat master di Universiteit Leiden, taun kamari
nganjang ka Paris. Manehna nyaritakeun cara miang ti Leiden Walanda ka
Paris Perancis bari waragadna kaitung murah. Cenah make beus wisata
Eurolines, jeung kudu pesen tiket ti anggangna mula. Nya pesen tiket
pertengahan November 2009 pikeun indit tanggal 9 Januari, balik 12
Januari 2010, keur soranganeun. Harga tiket 39 Euro, meulina
ngaliwatan internet, ti situs eurolines.com. Meuli tiket di internet
mah mayarna ku cara ngasupkeun nomer rekening bank sangkan didebet tea
atawa kartu kiridit. Tiketna dikirim liwat surelek (e-mail) terus
dicitak ku urang pikeun diserahkeun ka supir beus pas indit. Kabeneran
deuih, di Paris teu kudu nyewa kamer hotel, sabab aya babaturan, Ratna
Agustina, dosen Planologi Itenas jeung carogena, Eko Budi Kurniawan,
pagawe Departemen Pekerjaan Umum pusat, nu duanana keur neruskeun
sakola program doktor di Université Paris. Kulawarga eta sadia
nginjeumkeun kamer Nara, anakna nu karek SD kelas 2, pikeun kuring
mihapekeun sare salila di Paris.



Poean indit, 9 Januari 2010, miang heula ka Den Haag, sabab beus
ngajemput panumpang di terminal beus kota luhureun stasion kareta Den
Haag CS. Jok beus teu pinuh. Salian bule, panumpang loba nu kulit
berwarna- nu hideung jeung Asia. Beus kaluar ti kota, nyemprung di
jalan raya antar-nagara. Dua jam leuwih, beus nepi jeung eureun di
’pool’ Brussel Belgia, naekeun jeung nurunkeun panumpang. Beus
nyemprung deui ka wewengkon Perancis diselang ngeusi gas jeung
istirahat sakeudeung di warung sisi jalan.



Jam tujuhan peuting, nepi ka terminal beus internasional Gallieni
Paris Kaler. Saacan turun, pulisi Perancis mariksa paspor panumpang
bari mawa anjing, mariksa bawaan panumpang. Eko geus nyampak rek
ngajemput, terus nuturkeun manehna ka stasiun kareta metro handapeun
terminal beus. Metro teh kareta kota Paris nu relna kalolobana dijero
taneuh (torowongan). Tidinya naek metro tujuan stasion Fort
d’Aubervilliers, terus leumpang ka apartemen. Cara umumna paimahan di
kota Eropah, imah di Paris umumna apartemen atawa flat nu rata-rata
jangkungna 4-6 lantey.



*****

Isukna, poe Minggu, piknik dimimitian bari hawa keukeuh tiis becis.
Tujuan munggaran tangtuna tangara Paris, munara Eiffel tea. Indit teh
make metro deui, dua kali ganti. Naek kareta handapeun taneuh,
dipikir-pikir asa dina jero cacing beusi raksasa. Karunya mata,
pamandangan sajajalan tembok torowongan wungkul.



Turun di stasion Trocadero, hanjat ka beungeut taneuh. Teu lila nepi
ka lapangan tembok Palais de Chaillot nu sawareh katutup salju ipis
sesa peuting. Loba jelema ngagimbung. Ti lapangan nu diapit dua gedong
melengkung nu dijadikeun museum eta, breh munara Eiffel ngajega di
kajauhan rada handap. Antara lapang tembok jeung Eiffel, ngampar taman
nu katutup salju jeung balong gede nu caina beku. Langit ceudeum, ciri
usum tiris. Deukeut taman aya nu daragang miniatur munara Eiffel tina
beusi, diamparan plastik heureut. Leumpang muru Eiffel sisi taman nu
katutup salju, bari ngilikan mobil-mobil antik sagala jaman nu keur
dipamerkeun sisi jalan.



Sanggeus meuntas jalan, srog we nepi ka handapeun munara Eiffel.
Ditawaran naek ku Ratna, tapi hate teu merean. Rumasa ka Monumen
Nasional (Monas) di Jakarta oge acan. Alesan sejen, nenjo nu antri
panjang ngaleor siga oray, beuki teu kabita naek teh.



Gigireun jalan deukeut munara Eiffel aya walungan Seine nu meulah kota
Paris. Malah teu jauh ti Eiffel aya pangkalan parahu turis ‘vedettes
de paris’ pikeun turis lalayaran di walungan eta. Parahu turis mah
dingding sakuliringna kaca, di dek aya korsi ngaderet. Hanjakal keur
usum tiris, rek diuk di dek asa hoream da hawa tiris katambah angin
ngabring.



Dina parahu aya informasi ku basa Inggris ngeunaan tiap gedong penting
model antik sisi walungan Seine jeung jambatan nu kaliwatan.
Diantarana bae aya jambatan nu dilandih jambatan presiden. Cenah sabab
jambatan eta nguhubungkeun kantor presiden jeung perdana menteri.
Terus aya museum D’Orsay, wangunan urut stasion nu disulap pikeun
ngoleksi seni lukis modern, terus gedong parlemen. Oge aya kasebut
’imah pangleutikna’ di Paris, mangrupa flat tilu lantey nu lebarna
sigana ngan tilu meteran, diapit ku apartmen. Imah ieu kungsi
dicicingan ku Albert Camus, pangarang Perancis kasohor tea. Sisi
walungan ditembok batu nu jangkungna 3-4 meteran ti beunget cai.
Parahu terus maju ngaliwatan pulo di tengah walungan Seine tempat
gareja Notre Dame. Gareja ieu, bagean tukangna make konstruksi unik
nyaeta pilar panyangga dingding ngajajar di luareun gedong. Teu lila,
parahu muter, balik deui nepi ka pangkalan.



Lalampahan diteruskeun make beus kota ka Quartier Latin ngaliwatan
Invalides, wangunan nu diluhurna make kubah warna emas, tempat lebu
Napoleon Bonaparte di simpen sanggeus layona dipindahkeun ti pulo
Sainte Héléne taun 1840. Quartier Latin atau Latin Quarter ieu
wewengkon kasohor tempatna mahasiswa, sabab aya kampus Sorbonne
tempatna Université Paris IV, École Normale Supérieure, École des
Mines jeung kampus sejena. Disebut Latin Quartier sabab cek si cenah
baheula di wewengkon ieu basa nu dipake teh Latin, malah dianggap basa
resmi di dinya nepi ka taun 1793. Sigana sabab harita paelmuan di
paguron luhur loba make basa Latin. Beres dahar beurang, sanajan geus
sore da usum tiris mah beurang teh sakeudeung, neruskeun leumpang ka
Pantheon terus ka Sorbonne nempo wangunan pabukon nu antik. Pantheon
minangka basilika jeung makam para pahlawan Perancis jaman beh ditu
salian ti Invalides. Di kenca peuntaseun Pantheon aya wangunan make
tulisan Université de Paris Faculte de Droit.





****



Poe geus sareupna basa nepi ka lapangan hareupeun Notre Dame. Ratna
jeung Nara balik ti heula. Lalampahan diteruskeun jeung Eko ka museum
Louvre. Wangunan Museum Louvre asalna mah istana raja, dijadikeun
museum taun 1793. Taun 1980-an, ku Presiden Mitterand ditambahan di
tengah lapanganana ku tempat asup model piramid kaca nu jangkungna 21
meter. Piramid ieu jeung wangunan di handapna dirancang ku I.M Pei,
arsitek Amerika wedalan Cina. Tah di museum ieu pisan disimpena
lukisan karya Leonardo da Vinci nu kasohor, Monalisa.



Jalan-jalan peuting nepi ka Arch de Triomphe, ngaliwatan gedong Opera
karya arsitek Charles Garnier. Gedong Opera ieu diadegkeun taun
1861-1876 jaman Napoleon III. Gedong Opera ini cenah bisa nampung
2.000 panonton. Ari Arch de Trimphe mangrupa wangunan tembok gerbang
nu jangkungna sarua jeung wangunan 16 lantey, dirancang ku arsitek
Jean-Francois Chalgrin, titahan Napoleon. Diwangun taun 1810-1836.
Handapeun monumen eta aya ‘tombe du soldat inconnu’ alias ‘makam
pahlawan teu dipikawanoh’ jeung obor luhureunana. Monumen pikeun
mieling pahlawan perang ieu di kurililingan jalan place de l’Etoile nu
memang buleud. Jalan ieu jadi panungtungan sabelas jalan sejen. Pikeun
leumpang ka dinya, teu kudu meuntas jalan, lian ti hese da loba pisan
mobil lalar liwat, disadiakeun torowongan ti trotoar jalan
Champs-Elysees.



****



Poe kadua, jalan-jalan dianteur ku Ratna, da Eko na rek ka kampus,
Nara sakola. Tujuan munggaran teh Le Grand Arche di La Defense, make
metro deui. La Defense teh mangrupa wewengkon perkantoran nu pinuh ku
gedong-gedong jangkung has perkantoran. Di tengahna lapangan beton nu
disebut La Esplanade. Le Grand Arche mangrupa gedong perkantoran nu
modelna niru Arch de Triomphe ngan dina wanda modern jeung leuwih
jangkung. Gedong ieu hasil sayembara, nu meunangna Johan Otto
Sprickelsen, arsitek urang Denmark.



Saterusna nuju ka Pompidou Center, wangunan siga pabrik nu sabenerna
mah museum abad 20 nu ngampihan karya seni jeung desain modern jeung
kontemporer. Ngaran wangunan ieu nginjem ngaran presiden Perancis
Georges Pompidou. Di hareupeun wangunan aya escalator nu ngakut nu
datang nepi ka lantey pangluhurna. Di lantey opat jeung lima aya
museum seni kontemporer Perancis ti awal taun 1900an nepi ka kiwari.
Diantara koleksina nyaeta karya seni modern, seni kontemporer, seni
grafis, arsitektur jeung desain, fotografi, film jeung nu sejena. Aya
deui karya seniman modernisme kawentar cara Joan Miro, Pablo Picasso
jeung Henry Matisse.



Tujuan pamungkas teh katedral Sacre-Coeur atawa “Hate Suci” di pasir
Montmarte. Saliwatan mah wangunan katedral teh siga masjid, sabab
luhurna make kubah atawa belenong ngan dipuncakna lain bulan bentang,
tapi tanda salib. Ku sabab ayana di pasir, nuju ka eta tempat salian
bisa ku leumpang nanjak, disadiakeun kareta kabel nepi ka gigireun eta
katedral. Ti Montmarte pamandangan kota Paris ngampar, sanajan teu
cekas da langit ceudeum. Beres nenjo pamandangan kota, terus asup ka
katedral. Patugas mere kodeu sangkan kupluk dibuka. Nya kupluk
kameumeut teh dibuka, ngajenan nu boga tempat.



Isukna, rebun-rebun keneh ka stasion metro Fort d’Aubervilliers, naek
metro ka terminal beus Galieni terus mulang ke Leiden Walanda.
Sajajalan pikiran muter. Ngabanding-banding Parijs aseli jeung Parijs
van Java.

 ----------------------

edisi pondok dimuat Cupumanik April 2010

On 3/7/11, Ki Hasan <[email protected]> wrote:
> Nulis heula sakaca panaglaman hirup geura. Nu ieu ge can keneh jalan.
Hehehe
>
> 2011/3/7 <[email protected]>
>
>> Cik usul ka sadayana, kumaha lamun milis kisunda gaduh kolom nulis
>> dikoran.
>> Eusina disesuaikeun conto kasehatan ku ang milis anu luyu srg propesina.
>> (Sami srg usul mang jamal) janten milis kisunda oge teu wunngkul adu
>> renyom
>> dina milis, tapi aya output keur masy umum.
>> Sent from my BlackBerry® smartphone from Sinyal Bagus XL, bayar
>> teyusss.....
>>
>> -----Original Message-----
>> From: mang jamal <[email protected]>
>> Sender: [email protected]
>> Date: Mon, 7 Mar 2011 12:40:00
>> To: <[email protected]>
>> Reply-To: [email protected]
>> Subject: Re: [kisunda] Hayang Diajar Nulis di Koran
>>
>> kang Maman, umumna nulis di koran, disaluyukeun sareng widang akademik
>> urang. basa legegna mah, atribusi tea. jadi mun hiji dokter nulis soal
>> pulitik, moal dimuat. da widangna soal  kasehatan hehe.
>>
>> On 3/5/11, Maman <[email protected]> wrote:
>> >
>> >
>> > Hayang Diajar Nulis di Koran
>> >
>> >
>> >
>> > Fokus we kana hiji hal, tong loba nulis
>> > berbagai hal, tong loba omong berbagai hal.
>> >
>> >
>> >
>> > Dina kaping 15 Januari 2011 kuring ngilu ”Pelatihan Nasional Menulis
>> > Artikel,  di Kantor Galamedia Bandung”. Kuring
>> > sumanget pisan ngilu eta pelatihan sabab boga cita-cita hayang
>> sakali-kali
>> > bisa
>> > nulis dina media koran. Kaduana kuring oge hayang boga kabisa tulas
>> > tulis
>> > dina
>> > media Korang. Katiluna kataji  oge ku
>> > iklanna pedah nu mere pelatihan teh gegedug anu sapopoe aktif dina
koran
>> > Pikiran Rakyat.
>> >
>> >
>> >
>> > Saenggeus diumumkan di Harian Umum Pikiran Rakyat tanggal 29 Desember
>> 2010,
>> > dina poe  Senen  tanggal 3 Januari 2011 kuring buru-buru  daftar jadi
>> > peserta. Hariwang bisi teu
>> > kabagean tempat,  pas daftar  geuningan karek aya 3 urang anu daftar.
>> Dina
>> > poe H na, kuring datang pang isuk-isukna. Nu ngilu  pelatihan kirang
>> > langkung aya kana 40 jalmian.
>> >
>> >
>> >
>> > Dina sesi kahiji dibenjerbeaskeun pasualan pentingna nulis-kalimah
>> > ngagunakeun cara anu lugas teu bulat-beulit ngejelimet.  Kusabab
kaayaan
>> > katerbatasan rohangan anu aya
>> > dina lembaran kertas koran, nulis teu meunang ngayayay. Dipaparkan  oge
>> > pentingna migunakeun basa Indonesia ’yang
>> > baik dan benar’  sesuai jeung aturan  Ejaan Yang Disempurnakan (EYD).
>> Wajib
>> > ceuk
>> > hukum jeung penting ngahargaan basa nasional Indonesia jeung
sabisa-bisa
>> > ngahindarkeun make istilah basa deungeun. Saha deui anu ngahargaan basa
>> > Indonesia lamun lain ku bangsana sorangan.
>> >
>> >
>> >
>> > Wah, geuningan loba pisan aturan  serat sinerat atanapi tulis menulis
>> dina
>> > media
>> > koran teh. Umpamana kumaha nu bener dina ngantetkeun awalan jeung
>> > akhiran
>> > me-an, pe-an, kumaha nu bener ngagunakeun awal ber, me, di, ke, dari.
>> Aturan
>> > konsonan, diftong, phonem jste. Lieur we lah. Jadi asa  inget kuring
>> baheula
>> > keur jaman kuliah diajar basa
>> > Indonesia. Suganteh gampang tulas-tulis na koran teh.
>> >
>> >
>> >
>> > Dina sesi  kedua  sumanget kuring  hayang diajar nulis artikel (ilmiah
>> > populer)
>> > dina koran jadi rada tambah lungse. Penyaji kedua jentre nyaritakeun
>> secara
>> > filosofis  yen  syarat mutlak keur jadi penulis artikel aya 4  hal.
>> > Hiji,
>> > boga otoritas atanapi kompetensi
>> > anu nyoko saluyu jeung bidangna. Kadua boga pengaweruh anu luas jeung
>> jero
>> > dina
>> > bidangna. Katiluna boga kamampuan ngilo hal-hal anu aktual atanapi keur
>> > rame(haneut)
>> > dipadungdengkeun di masyarakat. Kaopat mampu nyampeikeun kanyahona ku
>> basa
>> > anu
>> > dipikaharti ku jelema umum/publik bari teu make rumus-rumus  anu rumit
>> >  pabeulit  bin pabaliut.
>> >
>> >
>> >
>> > Ceuk penyaji kadua,  konsumen media
>> > koran taya sanes masyarakat anu beragam mun diklasifikasikeun aya tilu
>> > kalangan
>> > : 1 umum, 2 semi akademis 3. kalangan akademi. Ngarana oge harian umum,
>> > tulisan
>> > anu alus kudu bisa ngajangkau kalangan anu disebut di luhur.  Lamun
>> tulisan
>> > akademis lewih cocok keur
>> > kalangan na we. Penyaji kadua nedeskeun  soal pentingna kompetensi.
>> Umpamana
>> > aya jelema
>> > lulusan Sakola Peternakan, terus manehna boga kanyaho soal peminyakan,
>> > sanajan
>> > loba kanyaho soal minyak, secara etika teu cocok lamun manehna nulis
>> > soal
>> > perminyakan. Atanapi lulusan Teknik Kimia ari nulis soal Astronomi, teu
>> > nyambung, kitu oge umpamana  sarjana Sosial
>> > Politik, sanajan manehanana boga kanyaho soal
>> > obat-obatan jeung panyakit, tetep manehna teu boga hak lamun nulis
>> > artikel soal farmasi atawa kedokteran.
>> >
>> >
>> >
>> > Persyaratan  otoritas jeung
>> > kompetensi nyadarkeun kuring kanu pendidikan jeung pangalaman hirup
>> kuring
>> > dina
>> > hirup kumbuh kahirupan sapopoe.  Lamun
>> > kitu,  umpamana kuring hayang nulis dina
>> > koran, kuring kudu nulis anu aya kaitanna jeung pangalaman naon wae anu
>> ku
>> > kuring nggeus kaalaman, tangtungna sesuai jeung latar pendidikan.
>> > Kuring
>> > lulusan Fakultas Sosial Politik
>> > Jurusan Administrasi Publik (Negara) Unpad,  ngan ari kahirupan sapopoe
>> > kuring sibuk dina
>> > bidang IT,  jeung kabeneran kuring oge  lulusan Senior Programmer
>> Komputer.
>> >
>> >
>> >
>> > Beda jeung babaturan kuring, ti Sospol anu loloba jadi PNS, ari kuring
>> mah
>> > wirasuadma we, di bidang IT, Percetakan jeung Penerbitan.  Teuing
>> > kusabab
>> > bakat kabutuh,  kuring gawe diluar jalur anu umum sakuduna ti
>> > Sospol biasana arasup jadi PNS.  Baheula
>> > kuring teu wani neruskeun gawe jadi PNS , kusabab ditempatkeun di
Sajira
>> >  Serang Banten, asa jauh pisan ti Bandung.
>> > Sieun ditigas mastaka.  J
>> >
>> >
>> >
>> > Kuayana persyaratan di luhur  minat
>> > kuring jadi penulis di koran jadi rada turun , padahal minat kuring
 asa
>> > loba pisan, umpamana nulis soal filsafat,
>> > sastra,  puisi, astronomi, politik,
>> > ekonomi,  agama, fisika jeung nu lain-lainna.
>> > Ceuk budak ayeunamah meureun, ”Sok teu jeung sok nyaho”. Kajeun.
>> >
>> >
>> >
>> > Dina  sesi 3, Penyaji  anu katilu  ngaderes soal Kode Etik Jurnalistik
>> > Wartawan.
>> > Dicaritakeun soal ’suka-duka’ jadi wartawan. Ceunah beurat boga profesi
>> > jadi wartawan, resikona bisa leungit nyawa
>> > kusabab nyalabarkeun hiji berita. Tapi aya oge ceunah wartawan
’Amplop’.
>> > Wartawan
>> > anu  jual beuli info nyaeta wartawan anu
>> > nyilidik, nyinyidik ku make jalan investigasi langsung ka lapangan
>> > naliti
>> > kalakuan
>> > jeung sepak terjang pajabat. Difoto jeung direkam bari nyumput ti
>> kajauhan.
>> >  Geus meunang info jeung datana,  ku manehna ditingalikeun ka Pajabat
nu
>> > bersangkutan.
>> >
>> >
>> >
>> > Ngakuna mah moal arek meres, ngan ngomong diplomatis, ’Bapa abdi gaduh
>> data
>> > anu bade disiarkeun dina koran, kumaha teu sawios-wios’.  Tangtu wae
>> > atuh
>> si
>> > Pajabat teh reuwaseun, teu
>> > nyangka manehna aya nu nutur-nutur jeung ngarekam kalakuan manehna
>> > (tangtunga
>> > berita aib), resiko jabatan  manehna bisa
>> > leungit. Teuing sabaraha duit eta wartawan dibere  ku pajabat, da
>> beritana
>> > teu jadi disiarkeun.
>> > Data nu aya diolah jadi informasi, nyaeta jadi duit, tapi duit keur
>> > kapentingan
>> > sorangan.
>> >
>> >
>> >
>> > Ku ngilu pelatihan nulis eta, kuring jadi aya minat pikeun nulis soal
>> > politik. Kapikir ku uing geuningan loba pejabat publik dina mangsa
>> > kiwari
>> > anu
>> > teu kompeten. Fakta di lapangan nunjukan hampir setengah na ti  Kepala
>> > Daerah di Indonesia boga masalah.
>> >
>> > CUNO, masalah ieu timbul kusabab Pajabat Publik, nu mangrupakeun hasil
>> tina
>> > Pemilihan Umum Kepala Daerah (berita Kompas, 18 Januari 2011), teu boga
>> > dasar
>> > pendidikan politik jeung kebijakan publik anu memadai. Maenya artis
jadi
>> > pejabat publik anu boga tanggung jawab gede pikeun urusan masyarakat.
>> > Asa
>> > araraneh.
>> >
>> >
>> >
>> > Sanajan syaratna kitu, kudu aya kompetensi,
>> > kuring mah embung ”terpenjara”, da nu penting jang sadirieun kuring
>> > mah  kuring boga sudut pandang tertentu,
>> > anu haneut, unik jeung menarik. Ceuk penyaji katilu, nulis teh ibarat
>> > ngojay.
>> > Sakumaha jelema dibere teori ngojay, nepi ka belel letah ceuli rebing
>> oge,
>> > moal
>> > bisa ngojay lamun nu diajar ngojay teu ancrub ngagejebur ka balong.
>> Jelama
>> > bisa
>> > nulis alus lamun manehanana leukeun jeung junun terus latihan nulis.
>> >
>> > ---00---
>> >
>> >
>> >
>> >
>> >
>> > Punten Ki Hasan, ieu mah langkung ti sakaca.
>> >
>> > --- On Sat, 3/5/11, Ki Hasan <[email protected]> wrote:
>> >
>> >
>> >
>> >
>> >
>> >
>> >
>> >
>> >
>> >
>> >
>> >
>> >
>> >
>> >
>> >
>> >
>> >
>> >
>> >
>> >
>> >
>> >
>> >
>> >
>> >
>> >       Kang ERN, sok atuh geura ngadongeng pangalamanana, ngarah tambah
>> > euyeub.
>> > Tong panjang-panjang, sakaca we geura.
>> >
>> >
>> >
>> >
>> >
>>
>>
>> ------------------------------------
>>
>> Yahoo! Groups Links
>>
>>
>>
>>
>>
>> ------------------------------------
>>
>> Yahoo! Groups Links
>>
>>
>>
>>
>


------------------------------------

Yahoo! Groups Links



Kirim email ke