Dunungan,
Leungeun jeung sungut asa barau keneh tas dahar duren padahal geus mandi jeung
sababaraha kali ngumbah leungeun ku sabun, beak dua sirah ewang jeung babaturan
nu tiluan. Bari balakecrakan dahar durian teh, babaturan ngabodor teu
euleum-euleum matak pikaseurieun, kieu lamun dibahasakeun ku kuring mah.
-------------------------
-Bodor Kahiji-
Hiji wanoja keur kakandungan ku budak kembar tilu, ari si utun injih teh di
jero
beuteung keur gunem catur:
Utun 1: "Euy, siralaing lamun geus gede engke hayang jadi naon?"
Utun 2 : "Dewek mah hayang jadi tukang listrik, ngarah bisa nyaangan kaayaan
didieu anu paroek"
Utun 3: "Ah dewek mah hayang jadi tukang tembok ngarah bisa nambalan anu
balocor
didieu, ngarah teu baraseuh wae"
Utun 1: "Ari Dewek mah hayang jadi satpam euy"
Utun 2&3: "Naha silaing mah boga cita-cita teh meni handap pisan?"
Utun 1: " Pan ngarah dewek bisa newak SI BOTAK anu sok ngaganggu wae ka urang
sarerea"
Utun 2&3: "Heueuh didukung atuh ari niatna arek ngarogahala SI BOTAK kasebelan
mah, jaba sok bari cudah ciduh deuih"
-Bodor Kadua-
Bah Enduy teh umurna geus asup tunggang gunung tapi Eha, pamajikanana, ngora
keneh bubuhan kawin ka sahandapeun nu bedana aya tilu puluh taunna. Pasosore
Eha
nyarita ka Bah Enduy, "Bah geura sadar atuh geus kolot, geura kamasjid kadituh
muru sholat maghrib bari miluan pangajian". Ceuk bah Enduy, "Enya ah arek ka
masigit sakeudeung deui, bubuhan keur salse poe ieu mah". Kencling bah Enduy
indit ka masigit.
Di jero masigit, kang ustad mere piwuruk ka nu araya di masigit, "Baraya, lamun
urang sapatemon jeung pamajikan kalayan aya dina kasugemaan jeung niat karana
Allah, eta teh ganjaranana sarua jeung nelasan pati hiji jalma kapir". Kitu
kasauran ki ustad.
Balik ka imah bah Enduy cacarita ka Eha, ngomongkeun naon anu dipedar ku ki
Ustad. Wanci reureuh budak, Eha geus ngajak si abah ka enggon majarkeun teh
cararape jadi hayang sare buru-buru. Karek oge bah Enduy arek reup, Eha
cumarita
ka si abah, " Bah, hayu ah urang maehan urang kapir", atuh der we duanana
ngalambang sari, sapatemon, jogol nepi ka beresna. Kurang ti sa jam ti harita,
Eha pok nyarita deui ka si abah, "Bah, urang maehan jalma kapir hiji deui
ngarah
loba ganjaranana", atuh der deui we duanana jogol nepi ka si abah ngalempreh.
Ari geus kitu, kurang ti sa jam ti harita Eha geus ngajak deui 'maehan urang
kapir' ka si abah anu geus beak pelorna. Pokna teh ceuk si abah, "Eha, ari kieu
carana mah lain urang kapir wungkul nu bakal paraeh, tapi nu islam oge bakal
palastra", kitu na teh bari ngolesed pindah sare kana korsi.
---------------------------
Nyanggakeun.