ha33x!
2011/3/9 ilen kardani <[email protected]> > > > Dunungan, > > Leungeun jeung sungut asa barau keneh tas dahar duren padahal geus mandi > jeung sababaraha kali ngumbah leungeun ku sabun, beak dua sirah ewang jeung > babaturan nu tiluan. Bari balakecrakan dahar durian teh, babaturan ngabodor > teu euleum-euleum matak pikaseurieun, kieu lamun dibahasakeun ku kuring mah. > ------------------------- > -Bodor Kahiji- > > Hiji wanoja keur kakandungan ku budak kembar tilu, ari si utun injih teh di > jero beuteung keur gunem catur: > > Utun 1: "Euy, siralaing lamun geus gede engke hayang jadi naon?" > Utun 2 : "Dewek mah hayang jadi tukang listrik, ngarah bisa nyaangan > kaayaan didieu anu paroek" > Utun 3: "Ah dewek mah hayang jadi tukang tembok ngarah bisa nambalan anu > balocor didieu, ngarah teu baraseuh wae" > Utun 1: "Ari Dewek mah hayang jadi satpam euy" > Utun 2&3: "Naha silaing mah boga cita-cita teh meni handap pisan?" > Utun 1: " Pan ngarah dewek bisa newak SI BOTAK anu sok ngaganggu wae ka > urang sarerea" > Utun 2&3: "Heueuh didukung atuh ari niatna arek ngarogahala SI BOTAK > kasebelan mah, jaba sok bari cudah ciduh deuih" > > -Bodor Kadua- > > Bah Enduy teh umurna geus asup tunggang gunung tapi Eha, pamajikanana, > ngora keneh bubuhan kawin ka sahandapeun nu bedana aya tilu puluh taunna. > Pasosore Eha nyarita ka Bah Enduy, "Bah geura sadar atuh geus kolot, geura > kamasjid kadituh muru sholat maghrib bari miluan pangajian". Ceuk bah Enduy, > "Enya ah arek ka masigit sakeudeung deui, bubuhan keur salse poe ieu mah". > Kencling bah Enduy indit ka masigit. > > Di jero masigit, kang ustad mere piwuruk ka nu araya di masigit, "Baraya, > lamun urang sapatemon jeung pamajikan kalayan aya dina kasugemaan jeung niat > karana Allah, eta teh ganjaranana sarua jeung nelasan pati hiji jalma > kapir". Kitu kasauran ki ustad. > > Balik ka imah bah Enduy cacarita ka Eha, ngomongkeun naon anu dipedar ku ki > Ustad. Wanci reureuh budak, Eha geus ngajak si abah ka enggon majarkeun teh > cararape jadi hayang sare buru-buru. Karek oge bah Enduy arek reup, Eha > cumarita ka si abah, " Bah, hayu ah urang maehan urang kapir", atuh der we > duanana ngalambang sari, sapatemon, jogol nepi ka beresna. Kurang ti sa jam > ti harita, Eha pok nyarita deui ka si abah, "Bah, urang maehan jalma kapir > hiji deui ngarah loba ganjaranana", atuh der deui we duanana jogol nepi ka > si abah ngalempreh. Ari geus kitu, kurang ti sa jam ti harita Eha geus > ngajak deui 'maehan urang kapir' ka si abah anu geus beak pelorna. Pokna teh > ceuk si abah, "Eha, ari kieu carana mah lain urang kapir wungkul nu bakal > paraeh, tapi nu islam oge bakal palastra", kitu na teh bari ngolesed pindah > sare kana korsi. > --------------------------- > > Nyanggakeun. > > >
