Tuh geuning ari ku ahlina mah teu kudu ngajenggutan hulu gundul... aeh maksad teh pajengut-jenggut hulu jeung nu gundul, siga kuring jeung sobat tea nu pada sarua teu nyaho. Katampi Ki Hasan, HATUR NUHUN pisan kana guaranna sanaos asa ukur ngalamot loli, singget pisan karaosna keur uing nu keur hanaang mah, tapi sakitu ge mundel kanggo samentawis mah. Pameng uing ukeun deui ka si Aki, kahiji hoyong rada jentre leresan simbolisasina, sejauh mana kemiripanna teh, geuning sanaos mirip keur uing mah beda rengkolna aksara Sunda jeung aksara Jawa teh, kaganga siga parites lebah elukna, henteu mengkol lemes siga hanacaraka (leres kitu eta teh?). Uing panasaran keneh hayang panggih jeung rengkolna simbolisasi aksara Lampung tea (atanapi aksara ti wewengkon lian nu ditaan ku Aki). Anu kadua, anu dimaksad ku Aki nyusun teh urutanna atanapi oge "nyiptakeun" rengkol simbolisasina? Pami hanacaraka ti Aji saka, anu nyusun kaganga saha atuh? Tah Ki Hasan ulah kirang-kirang ngahapunten nya uing tetelepek.
Baktos, Setiadi --- In [email protected], Ki Hasan <khs579@...> wrote: > > Sacara sajarah aksara nusantara teh sarumpun, asalna tina aksara Palawa > (India Kidul). Kulantaran kitu, mun urang nitenan aksara nu disebut aksara > Sunda, Lampung, Bugis, Bali, oge Jawa bakal manggih kamiripan dina segi > simbolisasina. Malah lain ngan ukur aksara Nusantara, tapi oge di > sabudeureunana, jiga Thailand, Filipina, jeung sajabana. Anapon dina segi > urutan alpabetisna, aksara Jawa beda jeung nu sejen. Dina hal ieu, nuduhkeun > kabinangkitan Ajisaka nu nyusun Aksara Jawa, nyiptakeun cara ngurutkeun > alpabetis Aksara Jawa nu gampang diinget ku balarea, ku cara ngutak-ngatik > susunan alpabetna sangkan boga harti tur gampang diinget ku jalma awam. > Metode nu dipake ku Ajisaka, mirip jeung metode nu sok dipake disakola, keur > nginget-nginget konsep sains. Misalna dina fisika aya diajar kelir cahaya > katumbiri. Ngarah gampang diinget guru mere pituduh ku ucapan nu gampang > diinget: me-ji-ku-hi-bi-ni-u, pikeun singketan > merah-jingga-kuning-hijau-biru-nila-ungu. > > Geura toong urutan alpabetis aksara Lampung, Sunda, Bugis jeung Jawa: > > Lampung: ka ga nga pa ba ma ta da na ca ja nya ya a ra la sa wa ha gha > Sunda: ka ga nga ca ja nya ta da da na pa ba ma ya ra la wa sa ha > Bugis: ka ga nga nka pa ba ma mpa ta da na nra ya ra la wa sa a ha > Jawa: ha na ca ra ka da ta sa wa la pa dha ja ya nya ma ga ba tha nga > > Mun ninggali susunan di luhur, katangen susunan alpabetis aksara Jawa beda. > Padahal, mun ku urang di-susun ulang, bakal kapanggih kabeh oge boga asal nu > asas sarua, ngan ukur beda sababaraha sora. > > Geura ieu hasil susun ulangna: > > Lampung: a ba ca da ga gha ha ja ka la ma na nga nya pa ra sa ta wa ya > Sunda: ba ca da ga ha ja ka la ma na nga nya pa ra sa ta wa ya > Bugis: a ba da ga ha ka la ma mpa na nga nka nra pa ra sa ta wa ya > Jawa: ba ca da dha ga ha ja ka la ma na nga nya pa ra sa ta tha wa ya > > > 2011/3/10 setiadi_rs <setiadi_rs@...> > > > > > > > Sampurasun, > > Minggu kamari rencang sapadamelan nganjang ka Lampung, ari mulang ka > > Bandung jol manggihan uing bari hariweusweus, cenah sakola di Lampung ayeuna > > keur ngahirupkeun deui aksara anu geus ditinggalkeun dina palajaran bahasa > > daerah minangka muatan lokalna. Anu jadi aheng keur manehna (oge keur uing), > > cenah eta aksara anu diajarkeun teh ngucapkeuna bet sarua jeung aksara sunda > > nu aya di urang ayeuna (maksudna lain ha na ca ra ka). Maksud manehna > > manggihan uing, jaba ti ngabejakeun papanggihanna di Lampung teh bari hayang > > nyaho kumaha pamanggih ahli sajarah ngeunaan aksara sunda tea. Atuh > > paguneman teh jadi siga anu pajenggut-jenggut hulu jeung nu gundul da puguh > > uing ge sarua teu nyahona. Keur ngupahan maneh, cekeng teh keun urang > > alungkeun ka Ki Sunda sugan aya nu wanoh kumaha sajarahna amun enya tea mah > > eta aksara urang Lampung teh sarua dina ngucapkeun jeung rupa tulisna jeung > > aksara Sunda. Tah manawi aya anu tiasa medar, uing tulungan kumaha eta teh? > > > > Baktos, > > Setiadi. > > > > > ------------------------------------ Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/ <*> Your email settings: Individual Email | Traditional <*> To change settings online go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join (Yahoo! ID required) <*> To change settings via email: [email protected] [email protected] <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [email protected] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
