Ari ahli mah lain uing teh, eta mah ukur ladang resep tuang-toong we. Aya sababaraha situs web nu ngabahas sistem tulisan sajagat. Di dinya bisa dipaluruh, rupa-rupa sistem tulisan nu aya sajagat. Diantarana toong di dieu:
1. Omniglot, writing systems and languages of the wolrd http://www.omniglot.com/index.htm 2. A compedium of world-wide writing systems from prehistory to today http://www.ancientscripts.com/ Dina situs nu kadua bisa dilikan hubungan kabarayaan antara sistem tulisan sajagat. Aksara Lampung, Sunda, Bali, Jawa, Batak oge nu sejenna bisa dipaluruh di Wikipedia Indonesia 2011/3/10 setiadi_rs <[email protected]> > > > Tuh geuning ari ku ahlina mah teu kudu ngajenggutan hulu gundul... aeh > maksad teh pajengut-jenggut hulu jeung nu gundul, siga kuring jeung sobat > tea nu pada sarua teu nyaho. Katampi Ki Hasan, HATUR NUHUN pisan kana > guaranna sanaos asa ukur ngalamot loli, singget pisan karaosna keur uing nu > keur hanaang mah, tapi sakitu ge mundel kanggo samentawis mah. Pameng uing > ukeun deui ka si Aki, kahiji hoyong rada jentre leresan simbolisasina, > sejauh mana kemiripanna teh, geuning sanaos mirip keur uing mah beda > rengkolna aksara Sunda jeung aksara Jawa teh, kaganga siga parites lebah > elukna, henteu mengkol lemes siga hanacaraka (leres kitu eta teh?). Uing > panasaran keneh hayang panggih jeung rengkolna simbolisasi aksara Lampung > tea (atanapi aksara ti wewengkon lian nu ditaan ku Aki). Anu kadua, anu > dimaksad ku Aki nyusun teh urutanna atanapi oge "nyiptakeun" rengkol > simbolisasina? Pami hanacaraka ti Aji saka, anu nyusun kaganga saha atuh? > Tah Ki Hasan ulah kirang-kirang ngahapunten nya uing tetelepek. > > Baktos, > Setiadi > > > --- In [email protected], Ki Hasan <khs579@...> wrote: > > > > Sacara sajarah aksara nusantara teh sarumpun, asalna tina aksara Palawa > > (India Kidul). Kulantaran kitu, mun urang nitenan aksara nu disebut > aksara > > Sunda, Lampung, Bugis, Bali, oge Jawa bakal manggih kamiripan dina segi > > simbolisasina. Malah lain ngan ukur aksara Nusantara, tapi oge di > > sabudeureunana, jiga Thailand, Filipina, jeung sajabana. Anapon dina segi > > urutan alpabetisna, aksara Jawa beda jeung nu sejen. Dina hal ieu, > nuduhkeun > > kabinangkitan Ajisaka nu nyusun Aksara Jawa, nyiptakeun cara ngurutkeun > > alpabetis Aksara Jawa nu gampang diinget ku balarea, ku cara > ngutak-ngatik > > susunan alpabetna sangkan boga harti tur gampang diinget ku jalma awam. > > Metode nu dipake ku Ajisaka, mirip jeung metode nu sok dipake disakola, > keur > > nginget-nginget konsep sains. Misalna dina fisika aya diajar kelir cahaya > > katumbiri. Ngarah gampang diinget guru mere pituduh ku ucapan nu gampang > > diinget: me-ji-ku-hi-bi-ni-u, pikeun singketan > > merah-jingga-kuning-hijau-biru-nila-ungu. > > > > Geura toong urutan alpabetis aksara Lampung, Sunda, Bugis jeung Jawa: > > > > Lampung: ka ga nga pa ba ma ta da na ca ja nya ya a ra la sa wa ha gha > > Sunda: ka ga nga ca ja nya ta da da na pa ba ma ya ra la wa sa ha > > Bugis: ka ga nga nka pa ba ma mpa ta da na nra ya ra la wa sa a ha > > Jawa: ha na ca ra ka da ta sa wa la pa dha ja ya nya ma ga ba tha nga > > > > Mun ninggali susunan di luhur, katangen susunan alpabetis aksara Jawa > beda. > > Padahal, mun ku urang di-susun ulang, bakal kapanggih kabeh oge boga asal > nu > > asas sarua, ngan ukur beda sababaraha sora. > > > > Geura ieu hasil susun ulangna: > > > > Lampung: a ba ca da ga gha ha ja ka la ma na nga nya pa ra sa ta wa ya > > Sunda: ba ca da ga ha ja ka la ma na nga nya pa ra sa ta wa ya > > Bugis: a ba da ga ha ka la ma mpa na nga nka nra pa ra sa ta wa ya > > Jawa: ba ca da dha ga ha ja ka la ma na nga nya pa ra sa ta tha wa ya > > > > > > 2011/3/10 setiadi_rs <setiadi_rs@...> > > > > > > > > > > > > Sampurasun, > > > Minggu kamari rencang sapadamelan nganjang ka Lampung, ari mulang ka > > > Bandung jol manggihan uing bari hariweusweus, cenah sakola di Lampung > ayeuna > > > keur ngahirupkeun deui aksara anu geus ditinggalkeun dina palajaran > bahasa > > > daerah minangka muatan lokalna. Anu jadi aheng keur manehna (oge keur > uing), > > > cenah eta aksara anu diajarkeun teh ngucapkeuna bet sarua jeung aksara > sunda > > > nu aya di urang ayeuna (maksudna lain ha na ca ra ka). Maksud manehna > > > manggihan uing, jaba ti ngabejakeun papanggihanna di Lampung teh bari > hayang > > > nyaho kumaha pamanggih ahli sajarah ngeunaan aksara sunda tea. Atuh > > > paguneman teh jadi siga anu pajenggut-jenggut hulu jeung nu gundul da > puguh > > > uing ge sarua teu nyahona. Keur ngupahan maneh, cekeng teh keun urang > > > alungkeun ka Ki Sunda sugan aya nu wanoh kumaha sajarahna amun enya tea > mah > > > eta aksara urang Lampung teh sarua dina ngucapkeun jeung rupa tulisna > jeung > > > aksara Sunda. Tah manawi aya anu tiasa medar, uing tulungan kumaha eta > teh? > > > > > > Baktos, > > > Setiadi. > > > > > > > > >
