Sampurasun,
Minggu kamari rencang sapadamelan nganjang ka Lampung, ari mulang ka Bandung 
jol manggihan uing bari hariweusweus, cenah sakola di Lampung ayeuna keur 
ngahirupkeun deui aksara anu geus ditinggalkeun dina palajaran bahasa daerah 
minangka muatan lokalna. Anu jadi aheng keur manehna (oge keur uing), cenah eta 
aksara anu diajarkeun teh ngucapkeuna bet sarua jeung aksara sunda nu aya di 
urang ayeuna (maksudna lain ha na ca ra ka). Maksud manehna manggihan uing, 
jaba ti ngabejakeun papanggihanna di Lampung teh bari hayang nyaho kumaha 
pamanggih ahli sajarah ngeunaan aksara sunda tea. Atuh paguneman teh jadi siga 
anu pajenggut-jenggut hulu jeung nu gundul da puguh uing ge sarua teu nyahona. 
Keur ngupahan maneh, cekeng teh keun urang alungkeun ka Ki Sunda sugan aya nu 
wanoh kumaha sajarahna amun enya tea mah eta aksara urang Lampung teh sarua 
dina ngucapkeun jeung rupa tulisna jeung aksara Sunda. Tah manawi aya anu tiasa 
medar, uing tulungan kumaha eta teh?

Baktos,
Setiadi. 



------------------------------------

Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    [email protected] 
    [email protected]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [email protected]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/

Kirim email ke