Beunag nyalin tina postingan Kang Setiawan <[email protected]> ti milis Baraya Sunda.
======= Haturan sadayana.., Keun wae beda bahasan oge, tapi ieu mah kabungah sekaligus bisa nembus dunia jepun lamun tea mah bisa caritana aya undangan tibabaturan ka yokohama, kuring nebeng rek ulin wungkul, eta ondangan teh cenah aya syukuran, tadinama teu percaya da teu mungkin urang jepun aya istikah syukuran bahasana. babaturan kuring teh ngaran ogawa diundang ku batur sakolana ngarana michie nakagawa... jadi babaturana awewe... kuring kaget pisan pas geus nepi teh ternyata ibu Michie teh karek boga budak awewe.. dingaranan yukiko rangga saputra..., reuwas oge naha bet rangga saputra...lain nakagawa atawa honda , suzuki jeung rea-rea deui marga jepun.. sanggeus tamu anu sejen baralik...nya kuring dikenal keun ka pribumina.. ari pek teh Rangga saputra teh bener ngaran bapana... nya antuknangobrol panjang lebar loba ngadongeng... Kang aceng rangga saputra teh asli urang tenjo ayu sukabumi cenah... geus lila dijepun sabab dibawa ku boss bapana, baheula bapana jadi supir, ari bossna geus kolot basa balik teh nawaran cenahdaek ngilu kajepun...ny amanehna ngilu...tug nepi akayeuna... tidinya kenal jeung Michie anu kabeneran satu tempat gawe.., lantaran ungal isul bareng naek kareta. nya antukna jadi nyangut cenah...teu pira alatan hujan manehna teu mawa payung....jadi we deukeut tur nepi ka kawin sarta boga anak awewe yukiko tea ..da lahirna cenah pas musimn salju.. tah kulila-lilah antukna asup jadi warga jepun sagala....( ceuk kuring akang hebat ukur kitu we .) jadi mun balik teh kapaksa jadi turis di tempat lahir..( kumaha tah ari anu di walanda sarua kitu.....) kuring nyarita sok kang diduakeun sing boga budak lalaki meh ngaran rangga saputra teh jadi abadi dijepunna sabab kabeh bakal ngilu ka ngaran lalakina...contona Fujimori tea panjadi pamimpin lin ditanah batur tah.. basa rek asup warga jepun..cenah kabeh dulurna rata-rata ngaramuk tur teu satuju pisan.. tapi cenah lantaran bogoh jeung kagokhirup didinya..nya ngajukeun jadi warga jepun.. anu ahirna ngarana bisa asup kana daftar warga jepun sugan we atuh ngarana jadi abadi.. boa-boa hiji waktu ngaran etateh jadi ngalobaan...teu pareum ku yukiko rangga saputra wungkul... hidup Aceng Rangga Saputra.. Cag strw
