Perang poe kaopatna Bhisma dibantu Duryodhana sareng Drona nyusun pasukan 
perang anu tanggoh pisan, Pasukan Kavaleri, Pasukan Gajah, sareng artileri 
disagakeeun kanggo ngagempur pasukan Pandawa.
Arjuna ti pihak Pandawa waspada kana eta formasi pasukan Bhisma; enggal 
marentah nyusun pasukaan nu bakal ngalawan kana susunan pasukan Kurawa. Nyata 
Dananjaya jago perang pilih tanding; pasukan Kurawa nu sakitu angkerna teu aya 
daya ngalawan formasi nu disusun ku Arjuna.
Abimanyu ngamuk ka pasukan musuh; tos sabababaraha pahlawan anu binasa; salah 
sahijina Putra Chala; atuh Raja Chala kacida amarahna terus maju bade belapati; 
dibantuan ku Salya Aswatama jeung Raja Rudra; Abimanyu dikepung; Arjuna enggal 
miwarang MahaSenapati Draiaastadjumna nulungan Abimanyu; Srikandhi, 
Drestadjumna maju megatan nu ngarepung; ayeuana mah tibalik Salya nu dikepung 
ku Dristadjumna sareng Abimanyu. Chaala binasa ku panah Arjuna.

Bhiama nyandak GADA nu ageung pisan ( rujak Polo ); mani ngahiung diputer 
puterkeun;
Putra Dristarata maririrs ningal ketak Bhima kitu; Suyudhana marentah ka 
Durganda Durgandi sareng 6 raina nu sanes kango ngepung Bhima.

"Lakadalah, anak2 Dristharastra maraneh bakal jadi korban Gada Kula si Rujak 
POLO!
Bhima lungsur tina karetana muru ka dalapan para saderek Duryodhana, teras 
perang. Tapi teu lami kadalapan sadereek Suyudhana kalebet Durganda Durganti 
maloncrot polona digebug ngan sakilat sakilat ku gada Bhima.

Suyudhana enggal marentah ratusan gajah ngepung Bhima; tapi Bhima neraskeun 
pangamukna; dugi ka Gajah2 bubar katawuran. Amaarah sang Duryodhana teras 
mentangkeun gondewana ka Bhiama.  Bhima enggal luncat deui ka na karetana teras 
males ka Suyudhana ku panah deui; rame dua pahlawan silih panah. Tapi Bhima 
kapanh ku SDuyudhona dugi ngagumbrag niban lemah, rada katuralengan. Kaleresan 
ingkang Putra gatotkacha sareng pasukanana ngaliwat ka eta tempat; atuh der 
maraju nulungan Bhima. Pasukan Astina ngalacir sieun pangamuk Gatortkacha 
saparakancana ti Pringgandhani. Ieu pasukan pringgandhani teh kacida 
dipikasieunna, lantaran nepi ka ayeuna can aya hiji ge nu tiwas; aya nu tatu 
sukuna lain lantaran perang, tapi rasa mokaha nalipak seuseukeut tumbah nu 
nancep na taneuh, maksudna rek diasingkirkeun; tapi malah nancep terus ka na 
bumi ari suku nu nalipak nepi ka bor2an getih.

Tah ku datangna Gatotkacha sareng Pasukan PGTna Suyudhana sareng Pahlawan2 
Kurawa pada mundur. Bhisma kaget pisan enggal marentah pasukanana maju katempat 
eta, tapi dipegat ku Arjuna; der deui silih panah kawas kamari.
Resi Drona nyoba2 mawa pasukanana ngahalang majuna Gatotkaacha nu bade nangkep 
Suyudhana; tapi pasukan Drona paburantak; Drona enggal ngalepaskeun ratusan 
jamparing ngahalang majuna Gatotkacha sareng pasukan pringgandhanina. 
Gatotkacha rada mandeg oge. Drona boga kasempetan nyusun pasukan deui terus 
mundur lalaunan, lantaran moal tiasa ngalawan Pasukan pringgandhani nu sakitu 
rokahana.

Poe tos bade reup2an; enggal Bhisma marentah niup tarompet ngeureunan 
peperangan; mun diteruskeun tea mah; matak suksak sabab beuki poek, beuki hebat 
kakuatan Gatotkacha jeung pasukanana.

Poe eta Perang lekasan; pihak Pandawa unggul.

Teraskeuneun



      

Kirim email ke