Bah abbah naha lamun reup sore/ atawa peuting kakuatan gatotgaca langkung
rongkah? Kumaha dongeng lantaranana

 

From: [email protected] [mailto:[email protected]] On Behalf Of
Abbas Amin
Sent: Monday, March 21, 2011 11:42 AM
To: kisunda; urangsunda
Subject: [kisunda] Bharata Yudha kaa- 6

 

  


Perang poe kaopatna Bhisma dibantu Duryodhana sareng Drona nyusun pasukan
perang anu tanggoh pisan, Pasukan Kavaleri, Pasukan Gajah, sareng artileri
disagakeeun kanggo ngagempur pasukan Pandawa.
Arjuna ti pihak Pandawa waspada kana eta formasi pasukan Bhisma; enggal
marentah nyusun pasukaan nu bakal ngalawan kana susunan pasukan Kurawa.
Nyata Dananjaya jago perang pilih tanding; pasukan Kurawa nu sakitu angkerna
teu aya daya ngalawan formasi nu disusun ku Arjuna.
Abimanyu ngamuk ka pasukan musuh; tos sabababaraha pahlawan anu binasa;
salah sahijina Putra Chala; atuh Raja Chala kacida amarahna terus maju bade
belapati; dibantuan ku Salya Aswatama jeung Raja Rudra; Abimanyu dikepung;
Arjuna enggal miwarang MahaSenapati Draiaastadjumna nulungan Abimanyu;
Srikandhi, Drestadjumna maju megatan nu ngarepung; ayeuana mah tibalik Salya
nu dikepung ku Dristadjumna sareng Abimanyu. Chaala binasa ku panah Arjuna.

Bhiama nyandak GADA nu ageung pisan ( rujak Polo ); mani ngahiung diputer
puterkeun;
Putra Dristarata maririrs ningal ketak Bhima kitu; Suyudhana marentah ka
Durganda Durgandi sareng 6 raina nu sanes kango ngepung Bhima.

"Lakadalah, anak2 Dristharastra maraneh bakal jadi korban Gada Kula si Rujak
POLO!
Bhima lungsur tina karetana muru ka dalapan para saderek Duryodhana, teras
perang. Tapi teu lami kadalapan sadereek Suyudhana kalebet Durganda Durganti
maloncrot polona digebug ngan sakilat sakilat ku gada Bhima.

Suyudhana enggal marentah ratusan gajah ngepung Bhima; tapi Bhima neraskeun
pangamukna; dugi ka Gajah2 bubar katawuran. Amaarah sang Duryodhana teras
mentangkeun gondewana ka Bhiama.  Bhima enggal luncat deui ka na karetana
teras males ka Suyudhana ku panah deui; rame dua pahlawan silih panah. Tapi
Bhima kapanh ku SDuyudhona dugi ngagumbrag niban lemah, rada katuralengan.
Kaleresan ingkang Putra gatotkacha sareng pasukanana ngaliwat ka eta tempat;
atuh der maraju nulungan Bhima. Pasukan Astina ngalacir sieun pangamuk
Gatortkacha saparakancana ti Pringgandhani. Ieu pasukan pringgandhani teh
kacida dipikasieunna, lantaran nepi ka ayeuna can aya hiji ge nu tiwas; aya
nu tatu sukuna lain lantaran perang, tapi rasa mokaha nalipak seuseukeut
tumbah nu nancep na taneuh, maksudna rek diasingkirkeun; tapi malah nancep
terus ka na bumi ari suku nu nalipak nepi ka bor2an getih.

Tah ku datangna Gatotkacha sareng Pasukan PGTna Suyudhana sareng Pahlawan2
Kurawa pada mundur. Bhisma kaget pisan enggal marentah pasukanana maju
katempat eta, tapi dipegat ku Arjuna; der deui silih panah kawas kamari.
Resi Drona nyoba2 mawa pasukanana ngahalang majuna Gatotkaacha nu bade
nangkep Suyudhana; tapi pasukan Drona paburantak; Drona enggal ngalepaskeun
ratusan jamparing ngahalang majuna Gatotkacha sareng pasukan
pringgandhanina. Gatotkacha rada mandeg oge. Drona boga kasempetan nyusun
pasukan deui terus mundur lalaunan, lantaran moal tiasa ngalawan Pasukan
pringgandhani nu sakitu rokahana.

Poe tos bade reup2an; enggal Bhisma marentah niup tarompet ngeureunan
peperangan; mun diteruskeun tea mah; matak suksak sabab beuki poek, beuki
hebat kakuatan Gatotkacha jeung pasukanana.

Poe eta Perang lekasan; pihak Pandawa unggul.

Teraskeuneun

 



<<image001.jpg>>

<<image002.jpg>>

Kirim email ke