Naon nya ittibar atawa guna mangfaatna dongeng bharatayuda jeung kaayaan perang kiwari??
On Sen, 21 Mar 2011 13:14 ICT Ii Sumirat wrote: >*maksadna bah Abbas > > > >From: [email protected] [mailto:[email protected]] On Behalf Of >Ii Sumirat >Sent: Monday, March 21, 2011 12:56 PM >To: [email protected] >Subject: RE: [kisunda] Bharata Yudha kaa- 6 > > > > > >Bah abbah naha lamun reup sore/ atawa peuting kakuatan gatotgaca langkung >rongkah? Kumaha dongeng lantaranana > > > >From: [email protected] [mailto:[email protected]] On Behalf Of >Abbas Amin >Sent: Monday, March 21, 2011 11:42 AM >To: kisunda; urangsunda >Subject: [kisunda] Bharata Yudha kaa- 6 > > > > > > >Perang poe kaopatna Bhisma dibantu Duryodhana sareng Drona nyusun pasukan >perang anu tanggoh pisan, Pasukan Kavaleri, Pasukan Gajah, sareng artileri >disagakeeun kanggo ngagempur pasukan Pandawa. >Arjuna ti pihak Pandawa waspada kana eta formasi pasukan Bhisma; enggal >marentah nyusun pasukaan nu bakal ngalawan kana susunan pasukan Kurawa. >Nyata Dananjaya jago perang pilih tanding; pasukan Kurawa nu sakitu angkerna >teu aya daya ngalawan formasi nu disusun ku Arjuna. >Abimanyu ngamuk ka pasukan musuh; tos sabababaraha pahlawan anu binasa; >salah sahijina Putra Chala; atuh Raja Chala kacida amarahna terus maju bade >belapati; dibantuan ku Salya Aswatama jeung Raja Rudra; Abimanyu dikepung; >Arjuna enggal miwarang MahaSenapati Draiaastadjumna nulungan Abimanyu; >Srikandhi, Drestadjumna maju megatan nu ngarepung; ayeuana mah tibalik Salya >nu dikepung ku Dristadjumna sareng Abimanyu. Chaala binasa ku panah Arjuna. > >Bhiama nyandak GADA nu ageung pisan ( rujak Polo ); mani ngahiung diputer >puterkeun; >Putra Dristarata maririrs ningal ketak Bhima kitu; Suyudhana marentah ka >Durganda Durgandi sareng 6 raina nu sanes kango ngepung Bhima. > >"Lakadalah, anak2 Dristharastra maraneh bakal jadi korban Gada Kula si Rujak >POLO! >Bhima lungsur tina karetana muru ka dalapan para saderek Duryodhana, teras >perang. Tapi teu lami kadalapan sadereek Suyudhana kalebet Durganda Durganti >maloncrot polona digebug ngan sakilat sakilat ku gada Bhima. > >Suyudhana enggal marentah ratusan gajah ngepung Bhima; tapi Bhima neraskeun >pangamukna; dugi ka Gajah2 bubar katawuran. Amaarah sang Duryodhana teras >mentangkeun gondewana ka Bhiama. Bhima enggal luncat deui ka na karetana >teras males ka Suyudhana ku panah deui; rame dua pahlawan silih panah. Tapi >Bhima kapanh ku SDuyudhona dugi ngagumbrag niban lemah, rada katuralengan. >Kaleresan ingkang Putra gatotkacha sareng pasukanana ngaliwat ka eta tempat; >atuh der maraju nulungan Bhima. Pasukan Astina ngalacir sieun pangamuk >Gatortkacha saparakancana ti Pringgandhani. Ieu pasukan pringgandhani teh >kacida dipikasieunna, lantaran nepi ka ayeuna can aya hiji ge nu tiwas; aya >nu tatu sukuna lain lantaran perang, tapi rasa mokaha nalipak seuseukeut >tumbah nu nancep na taneuh, maksudna rek diasingkirkeun; tapi malah nancep >terus ka na bumi ari suku nu nalipak nepi ka bor2an getih. > >Tah ku datangna Gatotkacha sareng Pasukan PGTna Suyudhana sareng Pahlawan2 >Kurawa pada mundur. Bhisma kaget pisan enggal marentah pasukanana maju >katempat eta, tapi dipegat ku Arjuna; der deui silih panah kawas kamari. >Resi Drona nyoba2 mawa pasukanana ngahalang majuna Gatotkaacha nu bade >nangkep Suyudhana; tapi pasukan Drona paburantak; Drona enggal ngalepaskeun >ratusan jamparing ngahalang majuna Gatotkacha sareng pasukan >pringgandhanina. Gatotkacha rada mandeg oge. Drona boga kasempetan nyusun >pasukan deui terus mundur lalaunan, lantaran moal tiasa ngalawan Pasukan >pringgandhani nu sakitu rokahana. > >Poe tos bade reup2an; enggal Bhisma marentah niup tarompet ngeureunan >peperangan; mun diteruskeun tea mah; matak suksak sabab beuki poek, beuki >hebat kakuatan Gatotkacha jeung pasukanana. > >Poe eta Perang lekasan; pihak Pandawa unggul. > >Teraskeuneun > > > > > ------------------------------------ Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/ <*> Your email settings: Individual Email | Traditional <*> To change settings online go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join (Yahoo! ID required) <*> To change settings via email: [email protected] [email protected] <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [email protected] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
