Dina peperangan Bharata Yudha; seueur pisan ahli panah; kumaha ari murid2 Drona
?
Sadayana oge jarago panah; naon atuh bedana antara Arjuna ; Drona ; Bhisma
sareng nu sejenna ?
Ibaratna ieu teh "Gun Fighter" mun Film COWBOY ala Holiwood mah; saha wae nu
pangcepetna nyabut PESTOL, bari jeung nembakna tepat tanpa dikeceng deui; tah
eta pangjagona.
Kitu deui enggoning "MANAH" ; Bhima jeung Suyudhana oge sami2 jago panah; tapi
ngecengna lila; meureun aya kana samenit dua menitna.
Kumaha Aari Arjuna ?
Dina nyabut panah, masangkeuan ka na Gondewa dugi ka ngalepaskeun jamparing,
estu cepet pisan; bari teu ngareret reret acan ka nu rek diapanaahna; tapi
tangtu keunana.
Tah kitu kabisabna Arjuna; nu matak dikoroyoka ku puluhan senapati oge meunang
terus; jeung pasti lawanna nu binasa; di na satutasna maehan hiji sasaran terus
nyabut jamparing anyar; ngaan ukur ngitung detik; cek paribasa ngan ukur
sakilat2 Arjuna ngaleupaskeun jamparing bari jeung keunana. Tah nu kitu; Bhima
, Duryodhana jeung nu sejenna teu tiasaeun.
Nu nandingan ka na kabisa Arjuna nya eta : 1. Bhisma 2. Resi Drona 3. Karna
4. Aswatamma jeung sababaraha deui nu sejenna; masih bisa diitung ku ramo.
Tah kitu sababna Arjuna jaarang nu bisa ngahalang halang ketakna.
Bhisma, Resi Drona, aranjeunna sacara ETIS teu hoyong paamprok sareng Arjuna di
na pangperangaqn; kitu dei Arjuna. Nu mawi, nu matak Arjuna bebas pisan
paangamukna.
Di na poe kagenep Pandawa maju make FORMASI Makara ( Mkhluk Laut? ); ari Bhisma
marentahkeun Formasik Krauchaa ( Bango? ).
Can ge perang Kusir Drona tos kapanah ku Pihak Pandawa; atuh Drona ngusiran
nyalira bari terus neraskeun peperanganana.
Poe eta Bhimasena dikepung ku Para saderek Kurawa Durmaganda; Durmagati, Citra
Caruk, Caruk Citra, Durwishada, Durmata sste. Tapi Bhima teu mundur, malah
luncat ti na kaaretana muru ka nu manahan ka anjeunna; atuh panaah estu
narancep; tapi teu diraos ieuh teras we neraskeun pangamukna ku Gadana si
Rujakpolo; atuh ngan sakilat sakilat para saderekan Kurawa tariwas ku Bhima.
Hanca