Mimitina basa sunda teh basa loma.
ngan sanggeus asup urang Mataram, urang sunda nu jadi menak tapi bawahan
Mataram, mimiti ngagunakeun basa bertingkat. Pikeun ngabedakeun mana
"atasan", mana "bawahan", mana cacah mana menak.
On 04/10/2011 09:19 PM, oman abdurahman wrote:
Mang Hasan (Mh) ti heula kungsi oge nandaan, yen lamun basa Sunda
hayang bisa digunakeun tur dimekarkeun pikeun ngawadahan paelmuan
(basa ilmiah), basa Sunda anu digunakeun eta kudu basa Sunda loma.
manar
2011/4/10 Adi Sundayana <[email protected] <mailto:[email protected]>>
Asa kahudang ingetan teh sabada maca "panoong" Sdrk AA nu
nyebutkeun kecap-kecap nu diwangun ku dua vokal "eu" boh nu
ngantet boh nu kaselang ku konsonan cenah lolobana kecap basa loma
/ kasar. Sedengkeun eu cenah ngan kapanggih dina basa Sunda, ku
kituna simpulan anjeunna ciri basa sunda asli mah basa loma.(
hampura mun salah tafsir)
Sakadar nambahan keur bahan "adu renyom", paribasa jeung babasan
nu mindeng kapanggih dina basa Sunda oge diwangun ku kecap-kecap
tina basa loma. Padahal sarerea pada apal paribasa/idiom teh laku
keur sarerea. Teu meunang dirobah pedah ka saluhureun atawa ka nu
dipihurmat,mun make paribasa tetep kudu ku nu geus baku. Conto :
Ki Lamsijan mah teu gede hulu, na ari istri kuwu salian ti gede
hulu teh biwir nyiru rombengeun, matak rawing ceuli.
Sok geura urang titenan : panjang leungeun,hulu peutieun,taktak
korangeun,tiis ceuli herang mata,kaciwit kulit kabawa
daging,ngabejaan bulu tuur, jrrd.
Komo mun panggih jeung kecap .... heunceut ucingeun, sirit
konci,... siga-siga jorok atawa jorang tapi keur urang sunda mah
netral bae karasana teh.
Ieu tulisan lain maksud rek ngabahas bagbagan bahasa,sakadar
umajak ka dulur-dulur kisunda hayu urang pake basa sunda teh. Ulah
paribasa sieun salah rumasa teu pati bisa. Eta sakadar alesan nu
diaya-ayakeun bakat ku mumul make basa indung.
Prung ah ... urang sing pede !
Ti pun Adi.