Mang Hasan (Mh) ti heula kungsi oge nandaan, yen lamun basa Sunda hayang bisa digunakeun tur dimekarkeun pikeun ngawadahan paelmuan (basa ilmiah), basa Sunda anu digunakeun eta kudu basa Sunda loma.
manar 2011/4/10 Adi Sundayana <[email protected]> > > > Asa kahudang ingetan teh sabada maca "panoong" Sdrk AA nu nyebutkeun > kecap-kecap nu diwangun ku dua vokal "eu" boh nu ngantet boh nu kaselang ku > konsonan cenah lolobana kecap basa loma / kasar. Sedengkeun eu cenah ngan > kapanggih dina basa Sunda, ku kituna simpulan anjeunna ciri basa sunda asli > mah basa loma.( hampura mun salah tafsir) > Sakadar nambahan keur bahan "adu renyom", paribasa jeung babasan nu mindeng > kapanggih dina basa Sunda oge diwangun ku kecap-kecap tina basa loma. > Padahal sarerea pada apal paribasa/idiom teh laku keur sarerea. Teu meunang > dirobah pedah ka saluhureun atawa ka nu dipihurmat,mun make paribasa tetep > kudu ku nu geus baku. Conto : Ki Lamsijan mah teu gede hulu, na ari istri > kuwu salian ti gede hulu teh biwir nyiru rombengeun, matak rawing ceuli. > Sok geura urang titenan : panjang leungeun,hulu peutieun,taktak > korangeun,tiis ceuli herang mata,kaciwit kulit kabawa daging,ngabejaan bulu > tuur, jrrd. > Komo mun panggih jeung kecap .... heunceut ucingeun, sirit konci,... > siga-siga jorok atawa jorang tapi keur urang sunda mah netral bae karasana > teh. > Ieu tulisan lain maksud rek ngabahas bagbagan bahasa,sakadar umajak ka > dulur-dulur kisunda hayu urang pake basa sunda teh. Ulah paribasa sieun > salah rumasa teu pati bisa. Eta sakadar alesan nu diaya-ayakeun bakat ku > mumul make basa indung. > Prung ah ... urang sing pede ! > Ti pun Adi. > >
