beton sanes siki nangka atw semen campur koral jeung pasir
ningal tina etimologi basa:  waja -baja, wesi-beusi, waduy-baduy, wali-bali
jrrd
jadi logis lamun kecap beton eta tina weton atw wetan-wiwitan.(wetan-wiwit
bijil panonpoe)
pernah uin sabaraha kali ngadangukeun haleuangna pantun beton,
kabeh aki-aki jaba lolong deuih lolobana, ayeuna beuki langka, taya kader,
biasa toch?
aya salapan carita pantun gede, carita utama atw galur carita pakem.
wangunan carita , mangrupa sajarah/legenda sastra lisan.
aya oge sempalan sempalan tidinya, bebas, improvisasi.
saperti biasa ciga ngadalang , make ritual standard, waktuna nepi ka subuh
baheula mah.
pernah di banjar ngadangu jeung maca pantun beton make rumpaka jawa,
hn*R3M



2011/4/22 Ki Hasan <[email protected]>

>
>
> Sainget uing mah Pantun Beton teh seni pintonan ngadongeng bari nembang
> ngahaleuang, dipirig ku jentreng kacapi. Dongengna mangrupa prosa. Taun
> 70-an mun aya nu kariaan ngawinkeun atawa nyunatan, salah sahiji pintonan
> teh nyaeta nanggap pantun beton.
>
> Sejen deui jeung Wawacan. Wawacan mah ngadongengna teh diwangun ku pupuh,
> nu mangrupa puisi. Tah ieu mah biasana sok ditanggap mun aya nu ngajuru.
> Bari maturan nu anyar ngajuru, tatangga deukeut milu mondokan, dibaturan ku
> ngaregepkeun nu ngahaleuang nembang wawacan. Salah sahiji caritana teh
> diantarana lalakon Umar Maya.
>
> 2011/4/21 setiadi_rs <[email protected]>
>
>>
>>
>> Ngobrolkeun Hawu jeung Beton uing jadi inget kana istilah Pantun Beton.
>> Cobi manawi aya nu uninga, pangguarkeun naon ari pantun beton? Sarupaning
>> jenis pantun atanapi judul salah sawios pantun? Boa-boa carita pantun nu
>> ngaguar paripolah siki nangka nya?!
>>
>> Setiadi
>>
>>
>
>  
>

Kirim email ke