Sainget uing mah Pantun Beton teh seni pintonan ngadongeng bari nembang ngahaleuang, dipirig ku jentreng kacapi. Dongengna mangrupa prosa. Taun 70-an mun aya nu kariaan ngawinkeun atawa nyunatan, salah sahiji pintonan teh nyaeta nanggap pantun beton.
Sejen deui jeung Wawacan. Wawacan mah ngadongengna teh diwangun ku pupuh, nu mangrupa puisi. Tah ieu mah biasana sok ditanggap mun aya nu ngajuru. Bari maturan nu anyar ngajuru, tatangga deukeut milu mondokan, dibaturan ku ngaregepkeun nu ngahaleuang nembang wawacan. Salah sahiji caritana teh diantarana lalakon Umar Maya. 2011/4/21 setiadi_rs <[email protected]> > > > Ngobrolkeun Hawu jeung Beton uing jadi inget kana istilah Pantun Beton. > Cobi manawi aya nu uninga, pangguarkeun naon ari pantun beton? Sarupaning > jenis pantun atanapi judul salah sawios pantun? Boa-boa carita pantun nu > ngaguar paripolah siki nangka nya?! > > Setiadi > >
