Nuhun Kang Deni infona. Kutan kitu eta teh.

Lain nya, asana isu studi banding teh remen diributkeun di koran. Asana can
lila, sababaraha bulan ka tukang. Kunaon nya, isu sarupa terus kaulang.
Jigana teu dijadikeun bahan pangajaran. Boa-boa, jigana teu sarempet oge
nitenan beja di koran.


2011/5/5 Deni Indra Kelana <[email protected]>

>
>
>
> Kang Hasan, Kang Dudi,
> Kaleresan sim kuring ngadangukeun acara diskusi komisi dalapan DPR sareng
> PPIA di Melbourne ngalangkungan radio online PPI dunia. Leres pisan nu
> janten "geger" atanapi heboh teh ngeunaan email kumargi sababaraha sabab:
>
>    - Teu aya patarosan anu diwaler sacara berbobot ngeunaan kritik naha
>    jadwal teh siga nu maksakeun pisan? diantawisna, naha teu aya kunjungan ka
>    northern territory, tempat konsentrasi warga2 miskin ostrali? naha pas 
> reses
>    parlemen ostrali? naha kunjungan teh sabatas ka nagara bagian (saingkat
>    propinsi di urang), sanes kunjungan resmi ka pamarentahan federal? naha
>    anggaran dugika 800 juta langkung, padahal ngan 'saukur' ka ostrali? maenya
>    saurangna dugika ampir 100 juta?
>    - Ari walerannana saurna kumargi aya sinyal yen pamarentah ostrali
>    alimeun DPR ka NT, buktosna seueur pisan penelitian mahasiswa urang 
> ngeunaan
>    kamiskinan di NT bari dirojong didukung ku pamarentah ostrali. Saurna deui
>    pami dibandingkeun aggaran parlemen ostrali 3 kalieun anggaran DPR, padahal
>    tiasa dipahami pami ditingal GDP na pan tebih mela-melu... Tah eta nu
>    ngajantenkeun kuciwana para mahasiswa teh.
>    - Tah ngeunaan masalah email, ieu patarosan terakhir perwakilan PPIA
>    ngawaler 'kakeuheul' DPR masalah serat ti PPIA ti payun anu dipublish di
>    media. Naha cenah teu langsung ka komisi dalapan? Atuh diwaler deui, 
> kumargi
>    bade ngahubungi ka komisi alamatna teu jelas, tos milarian ka websitena DPR
>    teu aya hiji-hiji acan, makana dikintunkeun weh ka media massa sareng
>    dipublish di web PPIA supados didugikeun ka DPR. Kumargi kitu sakantenan
>    ditaroskeun naon atuh alamat email komisi dalapan teh? saparantos dideseh,
>    numutkeun harewosan "staff ahli", saurna *[email protected]*.
>    Atuh kontan weh disurakan ku nu aya di dinya. Naon margi? naha pantes
>    lembaga resmi sapertos komisi dalapan ngangge email gratisan, sanes ngangge
>    domain dpr.gov.id misalna? sacara aranjeunna nyepeng kalungguhan
>    wawakil bangsa di mancanagara. Padahal sacara kasat mata aranjeuna 
> nyangking
>    gadget-gadget anu cararanggih, na diangge naon atuh eta tablet PC teh pami
>    email resmi lembaga wae teu aya?
>    - Salian ti eta, naha pantes diantara anggota DPR anu niatna kunjungan
>    kerja atanapi studi banding mung aya hiji dua urang anu nyandak kartu nama?
>    kumaha tiasa elegan eta studi banding pami tiap kunjungan ka hiji daerah 
> pas
>    tukeuran kartu nama walerannana "punten, abdi mah teu gaduh kartu nama". 
> Ari
>    anu nyandak kartu nama pon kitu deui, teu aya hiji oge nu nyantumkeun email
>    resmi lembaga, rata-rata yahoo atanapi gmail. Patarosannana, kumaha bade
>    profesional didamel pami kalengkepan damelna oge teu profesional?
>    - Tah ieu salah sahiji postingan di PPIA Australia:
>    http://ppi-australia.org/?p=633, ieu surat terbukana:
>    http://ppi-australia.org/?p=597
>
> Nuhun, sakitu heula panginten,
> Deni
>

Kirim email ke