yaaaaaaaaaah, gheetooo azzza kok jadi reeepot.........
(sabari uin ngahuleng tanpa tungtung)


2011/5/5 Ki Hasan <[email protected]>

>
>
> Nuhun Kang Deni infona. Kutan kitu eta teh.
>
> Lain nya, asana isu studi banding teh remen diributkeun di koran. Asana can
> lila, sababaraha bulan ka tukang. Kunaon nya, isu sarupa terus kaulang.
> Jigana teu dijadikeun bahan pangajaran. Boa-boa, jigana teu sarempet oge
> nitenan beja di koran.
>
>
>
> 2011/5/5 Deni Indra Kelana <[email protected]>
>
>>
>>
>>
>> Kang Hasan, Kang Dudi,
>> Kaleresan sim kuring ngadangukeun acara diskusi komisi dalapan DPR sareng
>> PPIA di Melbourne ngalangkungan radio online PPI dunia. Leres pisan nu
>> janten "geger" atanapi heboh teh ngeunaan email kumargi sababaraha sabab:
>>
>>    - Teu aya patarosan anu diwaler sacara berbobot ngeunaan kritik naha
>>    jadwal teh siga nu maksakeun pisan? diantawisna, naha teu aya kunjungan ka
>>    northern territory, tempat konsentrasi warga2 miskin ostrali? naha pas 
>> reses
>>    parlemen ostrali? naha kunjungan teh sabatas ka nagara bagian (saingkat
>>    propinsi di urang), sanes kunjungan resmi ka pamarentahan federal? naha
>>    anggaran dugika 800 juta langkung, padahal ngan 'saukur' ka ostrali? 
>> maenya
>>    saurangna dugika ampir 100 juta?
>>    - Ari walerannana saurna kumargi aya sinyal yen pamarentah ostrali
>>    alimeun DPR ka NT, buktosna seueur pisan penelitian mahasiswa urang 
>> ngeunaan
>>    kamiskinan di NT bari dirojong didukung ku pamarentah ostrali. Saurna deui
>>    pami dibandingkeun aggaran parlemen ostrali 3 kalieun anggaran DPR, 
>> padahal
>>    tiasa dipahami pami ditingal GDP na pan tebih mela-melu... Tah eta nu
>>    ngajantenkeun kuciwana para mahasiswa teh.
>>    - Tah ngeunaan masalah email, ieu patarosan terakhir perwakilan PPIA
>>    ngawaler 'kakeuheul' DPR masalah serat ti PPIA ti payun anu dipublish di
>>    media. Naha cenah teu langsung ka komisi dalapan? Atuh diwaler deui, 
>> kumargi
>>    bade ngahubungi ka komisi alamatna teu jelas, tos milarian ka websitena 
>> DPR
>>    teu aya hiji-hiji acan, makana dikintunkeun weh ka media massa sareng
>>    dipublish di web PPIA supados didugikeun ka DPR. Kumargi kitu sakantenan
>>    ditaroskeun naon atuh alamat email komisi dalapan teh? saparantos dideseh,
>>    numutkeun harewosan "staff ahli", saurna *[email protected]*.
>>    Atuh kontan weh disurakan ku nu aya di dinya. Naon margi? naha pantes
>>    lembaga resmi sapertos komisi dalapan ngangge email gratisan, sanes 
>> ngangge
>>    domain dpr.gov.id misalna? sacara aranjeunna nyepeng kalungguhan
>>    wawakil bangsa di mancanagara. Padahal sacara kasat mata aranjeuna 
>> nyangking
>>    gadget-gadget anu cararanggih, na diangge naon atuh eta tablet PC teh pami
>>    email resmi lembaga wae teu aya?
>>    - Salian ti eta, naha pantes diantara anggota DPR anu niatna kunjungan
>>    kerja atanapi studi banding mung aya hiji dua urang anu nyandak kartu 
>> nama?
>>    kumaha tiasa elegan eta studi banding pami tiap kunjungan ka hiji daerah 
>> pas
>>    tukeuran kartu nama walerannana "punten, abdi mah teu gaduh kartu nama". 
>> Ari
>>    anu nyandak kartu nama pon kitu deui, teu aya hiji oge nu nyantumkeun 
>> email
>>    resmi lembaga, rata-rata yahoo atanapi gmail. Patarosannana, kumaha bade
>>    profesional didamel pami kalengkepan damelna oge teu profesional?
>>    - Tah ieu salah sahiji postingan di PPIA Australia:
>>    http://ppi-australia.org/?p=633, ieu surat terbukana:
>>    http://ppi-australia.org/?p=597
>>
>> Nuhun, sakitu heula panginten,
>> Deni
>>
>
>
>  
>

Kirim email ke