From: Adi Sundayana 
Sent: Thursday, May 05, 2011 9:12 AM
To: Kisunda 
Subject: Pamali jeung Sanget


Pamali jeung sanget hiji cara nerapkeun aturan anu diloyogkeun jeung umur. 
Ngatik ngadidik dimimitian ku pangbibita atawa panyingsieun tapi dina bungkus 
anu teu togmol. Bakal kahartina dimana urang geus dewasa. Soal "tafsir" tina 
pamali jeung sanget moal kaudag ku logika umum da pastina unggal "hulu" bisa 
ngamanaan sorangan saluyu jeung tingkat kadewasaanana.
Kiwari pamali jeung sanget geus kaluli-luli sabab loba kolot nu pegat tatali 
mimitran jeung anak rabina. Alesanana soal atikan geus diserenkeun ka 
sakola,kursus,jeung lembaga anu sejenna. Maranehna poho yen guru utama jeung 
anu pangheulana mah nya nu jadi indung bapana. Ti mimiti ... hao hakeng,neleng 
nengkung .... tug nepi ka dongeng enteng samemeh sare sakuduna diterapkeun ti 
lingkungan imah.
Kitu sigana mah ceuk pamanggih si kuring.
Cag.
Ti pun Adi.

Kirim email ke