budaya pamali geus leungit taya dikieuna
dianggap klenik, mistik jrrd
padahal eta soko guru etika, norma susila ti budaya sunda
naha bisa dihirupkeun deui?
ah, enggeus kuno?
pan norma susila geus aya dina ajaran 'agama' lin?
jadi wacana pamali mah ngan sekedar kukumpulan fosil budaya sun
hn*R3M

2011/5/7 Adi Sundayana <[email protected]>

>
>
>
>
>  *From:* Adi Sundayana <[email protected]>
> *Sent:* Thursday, May 05, 2011 9:12 AM
> *To:* Kisunda <[email protected]>
> *Subject:* Pamali jeung Sanget
>
> Pamali jeung sanget hiji cara nerapkeun aturan anu diloyogkeun jeung umur.
> Ngatik ngadidik dimimitian ku pangbibita atawa panyingsieun tapi dina
> bungkus anu teu togmol. Bakal kahartina dimana urang geus dewasa. Soal
> "tafsir" tina pamali jeung sanget moal kaudag ku logika umum da pastina
> unggal "hulu" bisa ngamanaan sorangan saluyu jeung tingkat kadewasaanana.
> Kiwari pamali jeung sanget geus kaluli-luli sabab loba kolot nu pegat
> tatali mimitran jeung anak rabina. Alesanana soal atikan geus diserenkeun ka
> sakola,kursus,jeung lembaga anu sejenna. Maranehna poho yen guru utama jeung
> anu pangheulana mah nya nu jadi indung bapana. Ti mimiti ... hao
> hakeng,neleng nengkung .... tug nepi ka dongeng enteng samemeh sare sakuduna
> diterapkeun ti lingkungan imah.
> Kitu sigana mah ceuk pamanggih si kuring.
> Cag.
> Ti pun Adi.
>
>  
>

Kirim email ke