Perang poe ka-12na nyata kacida matak ginggiapeun pisan, lantaran campuh pisan 
ku nu ngaramuk.  Di Beulah Kidul Arjuna tanpa pasukan ngamuk ngalawan Pasukan 
Trigarta sagemblengna; di Medan sanesna Resi Drona mimpin Pasukan kanggo 
ngubrak ngabrik formasi padukan Pandawa.

Arjuna nyata ahli perang nu tos kauji; najan nyorangan tapi Dananjaya bisa apal 
kamana kudu nuju; iraha kudu mengkol; jeung tiba saatna kudu mundur. Di na hal 
ieu ditunjang ku kaahlian Kresna ngulinkeun kadali; estu sasirilikna teh Arjuna 
ngan sakilat2 maragatkeun nyawa ratusan sareng rebuan Pasukan Trigarta. Dugi ka 
seueur nu ting balecir kasieunan; gancang wae Susarma nyorowok, yen maranehna 
geus sumpah; atuh nu kabur teh kapaksa baralik deui. Nya sasatna didieu mah, 
Arjuna teh keur nyabutan nyawa Para paqsukan Trigarta; tapi teu bisa kumaha 
deui kapaksa Arjuna tega.

Ari Drona tos tiasa papayun payun sareng Darmaputra; enggal Darmaputra manahan 
ka Drona tapi ngan sakilat sakilat ditakis; saterasna mah malah gondewa 
Yudhistira potong; digentos dipotongkeun deui; Yudhistira estu ripuh pisan. 
Untung datang Dristadsjumna teras nyerang ka Drona model poe kasabelas; tapi 
ayeuna mah ngan sakilat pisan, Drestadjumna tos ngajungkel dina karetana, tatu 
parna; teras wae dibawa kabur ku kusirna. Teras Drona ngangseg deui. Yushistira 
ngalawan deui; tapi akhirna tos teu nyepeng senjata naon2. Satiajid enggal 
ngahalangan Drona; tapi ieu ge teu lami teras tewas sareng kuda kareta lan 
kusirna disikat ku Drona.

Satiajid dibantu ku Wrika salah sahiji Putra Drupada ti Panchala; tapi ieu oge 
teu mangga pulia tiwas ku Resi Drona. Kabeneran Satanika salah sahiki Putra 
Prabu Naespati muru rek nulungan Yudhistira; tapi ieu ge teu lami teras tiwas. 
Raja Katama, sakutu Pandawa datang sareng karetana rek bela ka Yudhistira; tapi 
ieu oge tiowas ku Resi Drona. Washudana sobat Raja Katama bela pati; tapi lain 
tiasa males malah ku gempuran Drona, akhirna tewas oge.

Yu8dhamanyu, Utamauyas, Satyaki jeung Srikandhi ngaburkeun kudana nyaketan 
sareng megat Resi Drona nu bade nangkep Yudhistira; teras ngoroyok Resi Drona; 
tapi Drona tenang we; malah males nyerang ka ieu Pahlawan opat. Nu Opatan 
raripuheun pisan. Enyaan Resi Drona nu baheulana ngaran Bambang Kombayana teh 
kacida saktina; teu bisa dilawan ku Pahlawan sambarangan.

Suyudhana bingaheun pisan ningal ketakna Resi Drona, teras nyarios ka Karna nu 
teras aya caket anjeunna:"Tingali ku sampeyan Raja Angga, Karna. Tuh yeuna ma 
sigana Pandawa bakal bisa ditalukeun."

Karna nambalang:"Moal .......... Pandawa moal bisa ditalukeun kitu wae; kabeh 
Pahlawan Pandawa daraek ngorbankeun nyawa; lila2 mah Resi Drona bakal capeeun 
sorangan, Sok ayeuna mah ku sampeyan bantu; tuh Bhima Gatotkacha geus nuju ka 
tempat eta.

Suyudhana gancangna mimpin pasukan gajah ngepung Bhima nu rek ngaraponan Drona; 
atuh der we perang campuh antara pasukan nu dipimpin ku Suyudhana sareng 
pasukan nu dipimpin ku Bhimasena.

HANCA

Kirim email ke