Aya beja pikasedihan, kapal udara Merpati ragrag di Papua. Kapal ragrag
sabenerna lain beja nu teu biasa sanajan tetep pikasediheun. Nu teu pati biasa
teh eta kapal udara nu ragrag teh buatan China anyar keneh, riwayat proses
meulina oge bulat-beulit, pakait kaditu-kadieu jeung nu paling penting kapal
udara MA-60 buatan Cina teh teu boga sertipikat "laik terbang" ti Amerika
Serikat (FAA), sanajan boga sertpikat laik terbang ti nagara nu nyieun (China)
jeung ti nagara urang sorangan.
Tah kulantaran teu boga "Sertipikat ti Amerika" ieu, loba nu rada nyalahkeun
kanu meuli (pamarentah da Merpati teh BUMN) , naha wawanian meuli kapal udara nu
teu boga sertipikat ti Amerika? Loba nu ngaragukeun kana mutu barang jijieunan
Cina, komo nu geus ngalaman meuli "mocin" mah (= motor china). Tangtu barang
jijieunan Cina aya nu alus, tapi umumna nu merekna merek pausahaan
multi-nasional nu pabrikna aya di Cina, tapi nu merek Cina sorangan mah
...hehehe... nya kitu tea.
Tangtu teu pati masalah umpama barangna ukur handphone atawa "mocin" mah, tapi
umpama kapal hiber? Sigana dina soal kasalametan hiber mah, wayahna kudu nempo
heula "sertipikat Amerika" .....
WLY
------------------------------------
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/
<*> Your email settings:
Individual Email | Traditional
<*> To change settings online go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
(Yahoo! ID required)
<*> To change settings via email:
[email protected]
[email protected]
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[email protected]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/