Gajah2 nu ngaramuk disabetan ku Gajah Supraptika, mani ting jarungkel paraeh 
harita keneh; memang bener2 sakti ieu gajah teh; weduk teu teurak ku senjata; 
gajah2 balubar sarieuneun, terus lalumpat ninggalkeun Supraptika nu terus 
ngamuk ka Bhimasena; kareta Bhima dileyekan dipuntir puntir terus nepi ka 
gepengna pisan; Bhima rikat luncat ti na kareta terus nyeplos ka na handapeun 
gajah; nyepeng salah sahiji suku supraktika, bari nyolokan ku RujakPolo; tapi 
Supraptika teu rengrot2 acan. Gajah Supraptika beuki amarah; terus beuki campuh 
ngamukna; geus teu tolih Kurawa atawa Pandawa disikat kabeh! Atuh Para Prajurit 
ti dua pihakanana ngajarauhan tempat Supraptika ngamuk.Satyaki kaget ningal 
Bhima tadi na karetana; ayeuna karetana tos gepeng; cek para Prajurit di eta 
tempat cenah mah Bhima tos tiwas kaleyek Gajah; teras wae Satyaki mayunan eta 
gajah teras dipanahan' ari Bhima enggal kaluar ti na handapeun Supraktika Gajah 
nu gede pisan; teras luncat ka na
 kareta Satyaki; teras sami2 merangan Bhagadatta kalayan gajahna. Tapi duanana 
teu kiat enggal mundur ti kalangan.
Bhagadatta teras ngabasmi pasukan Pandawa dugi ka kucar kacir pisan. Komo 
gajahna mah, teu aya nu yasa ngahalangan.
Arjuna barang uninga yen Bhagadatta ngamuk enggal miwarang Kresna muterkeun 
karetana nuju ka tempat Bhagadatta; barang kareta Arjuna mengkol disurakan ku 
Susarma sapasukanana, yen Arjuna KECING, lain satriya. Dananjaya bingung sabab 
lamun diantep, carem Pasukan Pandawa; tapi mun henteu bakal kasurak ku jalma 
rea. Keur kitu teh belesur we huji BALISTA ti Susarma nyerang ka Arjuna; atuh 
kapaksa Arjuna nakis ku gondewana; saterasna males mani nghiung soara panah 
Arjuna nuju ka Susarma; ngan sakilat eta panah tos megatkeun sirah Susarma; nu 
binasa sapada harita. Teras deui Arjuna murubutkeun ratusan panah ka Pasukan 
Trigarta; atuh ku sabab sieun, jeung Susarma tos lastari, sadaya pasukan teh 
kalabur mani ting balecir ngantunkeun Palagan. Atuh ayeuna mah Arjuna salse, 
bisa mundur tanpa wiwirang; teras we nuju lir kilat ka tempat gajah Supraptika 
ngamuk.
Yudhistira nu nuju dikepung ku Drona nu bade nyulik, ningal Pasukan Pandawa 
kacida resakna masih sempet marentah Raja Dasarma, nu oge kagungan gajah sakti. 
Teras wae Raja Dasarma sareng gajahna ngahalang halang pangamukna Bhagadatta 
sareng Supraptika; teras du gajah gelut patutunggalan sarua saktina; ari 
Bhadatta silih panah sareng Dasarma. Tapi lami2 mah gajah Dasarma teu kiat; 
memang teu aya nu nendengan kasaktian gajah Supraptika; akhirna gajah Raja 
Dasarma tiwas; kitu Raja Dasarma oge harita lastari kapanggang panah Bhagadatta 
sareng teras dileyekan gajh Supraptika. Pasukan Raja Dasarma bubar katawuran, 
resak pisan seueur nu ngemasi pati. 
Bhima anu tos istirahat maju deui ngahalang Bhagadatta sareng pasukan 
Jodipatina; kitu deui teu kantun Satyaki sareng Pasukan Lesanpurana,ngagempur 
Bhagadatta sareng Pasukan Trajutisna na; bari tunggang gajah sakti Suparaptika.
Raja sepuh Bhagadatta, sanajan tos sepuh pisan; halis tos barodas sadaya sareng 
ngarumbay ka na socana; ku margi sakitu Bhagadatta teras nganggo pita beureum 
kanggo ngahalang halisna nu ngarumbay ngahalang pangawas tapi najan diserang ku 
dua Pahlawan Pandawa, teu mundur ti na kalangan ; malahan leuwih teger ngalawan 
Satyaki sareng Bhima.
Nyata Bhagadatta najan tos sepuh, gagah sakti mandraguna; pasukan Lesanpura 
sareng Jodipati burak barik diamuk ku Bhagadatta sareng gajahna. Satyaki sareng 
Bhimasena kapaksa mundur ti na kalangan jurit.
Untung Dananjaya tos dugi ka dinya; atuh der wae perang ragot antawis 
Bhagadatta ( Boma Narakasura ) lawan Permadi; teu lami ti eta Arjuna tos tiasa 
ngancurkeun tameng nu nutupan beungeu jeung sirah gajah ! Atuh ayeuna mah eta 
gajah teh teu sakti deui teras wae dipanah deui; persis keuna pisan ka na 
moncongna nu memang permatina pisan; eta gajah Supraktika sajongjonan siga nu 
kaget; nangtung ngajengjen; saterusna ngagubrag ka na lemah. Atuh para Pasukan 
Pandawa kacida barungahna; surak pating jarerit ku atoh2na Musuh kuat bisa 
dibinasa.
Jaya Bang winga winga. marahna Bhagadatta kagiri giri enggal nyabut pedang 
kanggo nelasan Arjuna; tapi ngan sakilat ieu pedang kantun gagangna wungkul; 
tos diremukkeun ku panah Arjuna.
Saterasna Arjuna mentangkeun panah bari ngajiad, teras nyarios kawan nu 
ngaharewos:"Eh, Bhagadatta, tenjo sakali deui ieu dunya sabab ieu waktu saatna 
panungtungan keur andika; enggal panah tos ngabelesur keuna pisan ka na pita nu 
dianggo ku Bhagadatta; atuh harita keneh alisna ngarumbay ka payun nutupan 
socana. Bhagadatta samar rampa. Nyata Arjuna apal pisan ka na sagala kalemahan 
Bhagadatta;paingan atuh ti kamari Bhagadatta teu wanieun maju da rada gimir ku 
Arjuna; bungah lantaran tugasna ngan ukur megatan Gatotkacha. Ari ayeuna ku 
sabab Arjuna keur dipancing ku Susarma, Bhagadatta wantun maju ka medan ngamuk 
ka para pasukan Pandawa; tapi akhirna kudu oge tepung tarung sareng Arjuna, Ku 
margi tos teu aya deui senjata, Bhagadatta emut ka na pecut wasiat; teras wae 
ngajampe ku mantra Bhatara wisnu eta pecut dialungkeun sakeunana; da eta pecut 
teh bakal nuju ka lawan, masing teu katingal oge!
Tapi Bhagadatta teu sadar yen nu nuju dipayunan teh WISNU sajati. Kresna lan 
Arjuna; Kresna enggal ngajampe ku mantra Wisnu oge; atuh eta pecut teh cambal 
pisan; teu iasa nelasan Arjuna. Barang Bhagadatta nuju bingung belesat wae hiji 
panah nu make mata pedang ngabeulah dadana; harita keneh eta Pahlawan sepuh teh 
niban lemah lastari ngemasi pati.
HANCA 
 

Kirim email ke