dina palebah dieu mah kuring resep kana ajaran islam: dakwah tanpa paksaan.
naon nu ku urang dianggap hade kedah ditepakeun ka batur sanes?

:p

Pada 12 Mei 2011 15:35, Ki Hasan <[email protected]> menulis:

>
>
> Kang TiRiLiK, cing dongengkeun ari aspirasi baraya Kanekesna sorangan
> kumaha tah?
> Naha hayangeun barudakna sakola atawa henteu?
>
> Katinggalina aya dua hal, Kang Oman, antara (1) Aspirasi urang Kanekes kana
> masalah pendidikan, (2) Kawijakan pamarentah wajib belajar 9 taun.
>
> Mun ninggali nu kahiji, enya tangtu gumantung kana karep urang Kanekes
> sorangan. Mun ninggali nu kadua, kumaha tah implementasi wajib belajar, naha
> urang Kanekes kaci dikecualikeun?
>
>
> 2011/5/12 oman abdurahman <[email protected]>
>
>>
>>
>> Anu penting mah teu aya unsur maksa. Upama para masyarakatna mikahayang
>> tetep renggenek dina budayana ayeuna sakumaha budaya luluhurna, teu kudu
>> dipaksa pindah tampian, pindah cara hirup. Upamana, budaya (teknologi)
>> tatanen anu ayeuna dipraktekeun ku urang Kanekes, ceuk saha katinggaleun
>> jaman? Naha henteu maca yen di dunya barat ayeuna loba anu baralik deui kana
>> naon anu disebut "tradisional" (tatanen tanpa asupan bahan an organik,
>> perstisida, jst). Dina hal pendidikan, naha enya barudak urang Baduy teu
>> "sakola"? Tangtu wae, teu adil ngabandingkeun pola sakola maranehanana jeung
>> sakola sakumaha urang (mainstream).
>>
>> Keur sakuringeun, keun wae urang Kanekes sakumaha kaayaanana ayeuna anu
>> ayem tengtrem dina budaya jeung wilayahna. Lamun arek oge ngayakeun
>> parobahan kudu dumasar kasadaran jeung kahayang masyarakatna sorangan.
>> Jeung, eta probahan teh kudu dijamin teu matak ngaruksak atawa ngamusnahkeun
>> aranjeunna jeung lingkunganana. Lamun naon anu rek dibikeun (sebut wae:
>> kamoderenan) jeung carana mikeun teu bisa ngajamin langgengna kahirupan
>> urang Baduy, leuwih hade siga ayeuna wae anu geus cukup kauji ku jaman.
>> Ngan, dina lebah dieu, kayaan eta masyarakat jeung lingkunganana kudu
>> dilindungi.
>>
>> manar
>>
>>
>>
>>

-- 
d-: dudi herlianto :-q
paciringan.wordpress.com
kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk

Kirim email ke