Jiga nu dipostingkeun ti heula, enya "gan" teh bebas gender, bisa
dilarapkeun keur lalaki  oge awewe. Ngan wae keur negeskeun jalu-bikang-na
sok ditambahan jadi "juragan istri" atawa ":juragan-pamaget".

Kecap "eneng" mun keur nyalukan urang pribumi, hususon keur nyalukan ka
awewe. Da keur jaluna mah pan aya "encep" tea. Tapi ari keur nyalukan babah
mah jadi bebas gender, bisa dipake keur nyalukan Si Ahong oge Si Amoy. Inget
harita keur sok ngingiclik indung ka pasar Garut, ari indung guntreng adu
tawar jeung babah teh, si babahna boh awewe atawa lalaki sok disebut "eneng"
wae.


--- In [email protected], "Remi" <rsyaifoel@...> wrote:
> >
> >
> > >
> > > Anu jadi masalah, ieu kecap bisa teu dilarapkeun ka awewe?
> > > Ganjelan sejen na, keur kuring anu masih keneh ngasaan hirup kumbuh
> aaristokratan, masih asa teu mikeun disubut agan he he he. Asa ningnang.
> Piraku bangsa cacah model kuring disebut agana? :)) Jeung deui... jadi asa
> kaingetan jaman keur budak. Anu sok disebut 'agan'  jaman kuring keru budak
> mah... katurunan Cina!:)) Lebah dieu mah... turunan menak lain, turunan Cina
> lain. Jadi asa kogok euy!:))
> > >
> > >
>
> Aeh, Ketah... kecap (a)gan bisa oge dilarapkeun ka awewe nya? Kuring
> baheula boga tatangga menak. Buruan imah na boga wate snu sarua jeung buruan
> imah kuirng.  Ceuk cenah mah eta teh kulawarga dalem. Bupati Garut jaman
> Walanda. Ngaran na? Teuing poho, da ka sakadang juragan bupati mah teu apal.
> Nu rada inget teh waktu eta pangsiunan bupati maot, tuluy diabringkeun ka
> Garut, dikurebkeun di ditu. Teu milu da kuring na ge leutik keneh.
>
> Tah eta kulawarga teh sok dilandih juragan. Kuring rada raket jeung budak
> awewe bungsu na. Umur na saluhureun kuring saised. Ku nu sejen mah sok
> disebut Gan Lia, kuring mah nyebut na Teh Lia we.
>
> Perkara lalandihan. SIgana mah aya deui alternatif na. Kecap '(en)cep'
> jeung '(e)neng' oge bisa digunakeun sacara netral. SIgana mah leuwih netral
> tinimbang kecap  'agan'.
> DIna praktek na, aya nu rada aneh oge dina migunakeun kecap 'eneng'. DI
> tempat kuring taun 70-an eta kecap oge sok dilarapkeun ka Cina katurunan.
> Boh lalaki, boh awewe.
>
> Kumaha di tempat sejen... aya oge kasus samodel kieu?
>
>
>
>

Kirim email ke