Muhun, leres pisan

--- In [email protected], Gunawan Yusuf <gunawanyusuf68@...> wrote:
>
> kecap gamparan ayeuna mah tos taya deui  nya ?
> 
> 2011/5/19 Abbas <abas_amin08@...>
> 
> >
> >
> > Rada benten Kang. Ari juag mah aom na istri.
> > Ati Gan mah kecap anyar kanggo ngahargaan ka nu saleresna mah RP/
> > rupiahna seueur.
> > Ari Juag mah Menak resmi; aya teureuh rembesing Kusumah, titisan andana
> > warih. ari agan mah kadang kala henteu turunan menak; tapi artosna seueur.
> > Model Apm sareg Agaan.
> > Tapi Aom teh kadang teu disebat; sebatan cekap ku Aden wae.
> > Bentenna Aom sareng Aden nu sanes, nya eta Aom mah Putrana Dalem; ari Aden
> > mah; paling ge suan, alo, misan sste.
> >
> >
> > --- In [email protected], Dudi Herlianto <dudi.herlianto@> wrote:
> > >
> > > juag sareng juragan mah sigana masih satata mang. janten teu lebet tah
> > kana
> > > madungdengkeun kaegaliteran (beu!edas!) urang sunda haha
> > >
> > > enya sih. bisa jadi, jiga cekeng, juragan teh memang siga calana.
> > kaleuwihan
> > > awewe pan bisa make calana, sedeng lalaki teu bisa make erok, iwal lalaki
> > > urang irlandia ketang. kitu deui juragan jeung juag, jigana.
> > >
> > > mani reumbeuy ku jigana nya? matak isin ka mang yani yeuh :)
> > >
> > > 2011/5/18 Ki Hasan <khs579@>
> >
> > >
> > > >
> > > >
> > > > Nu kungsi katitenan ti sababaraha kulawarga mah kitu. Aya tatangga
> > deukeut
> > > > nu uing apal. Sebutan "juragan" dilarapkeun pikeun awewe oge lalaki.
> > Ngan
> > > > ari sacara formal didefinisikeun dina kamus mah, memang can manggih.
> > Nya
> > > > kari didefinisikeun we, di-amandemen kamusna.
> > > >
> > > > Mun noongan padungdengan di milis, apan urang sok agul geuning nya,
> > apan
> > > > bejana urang Sunda baheula mah cenah bahasana egaliter tea, satara teu
> > aya
> > > > ngabeda-beda darajat manusa. Mun keur agul mabok ku kasaktian egaliter,
> > > > urang sok resep geuning neumbleuhkeun geugeuleuh ka urang wetan, majar
> > cenah
> > > > undak-usuk basa mah barang impor ti wetan, lain asli karakter urang.
> > > >
> > > > Tah keur numuwuhkeun kaagulan kana basa Sunda egaliter tea, nya kucara
> > > > ngalakukeun de-sakralisasi atawa de-ningratisasi bahasa. Salah sahiji
> > > > jurusna ngamasyarakatkeun isitilah-istilah karamat nu baheula haram
> > keur
> > > > cacah, supaya kiwari meunang sertifikat halal digunakeun ku balarea.
> > Sebutan
> > > > "agan" nu baheula keur menak, sodagar, jeung amtenar, kiwari bisa
> > dipake
> > > > keur saha wae.
> > > >
> > > > Tapi tangtu wae dina praktekna mah gumantung ka masyarakat nu makena.
> > > > Faktana kiwari di dunya maya, ieu sebutan "agan" teh geus jadi sebutan
> > keur
> > > > balarea.
> > > >
> > > > Kang Yani nu jiga diluhur kaci teu disebut stragegi budaya? Ngarah rada
> > > > gaya istilahna, nya urang sebut we invensi tradisi alias nyiptakeun
> > tradisi
> > > > anyar tea?
> > > >
> > > > -mh-
> > > >
> > > > 2011/5/18 Dudi Herlianto <dudi.herlianto@>
> >
> > > >
> > > >>
> > > >>
> > > >> mh, naha bener kecap 'juragan' teh bebas jender? kuring kungsi maca
> > kecap
> > > >> 'juag', ari sugan teh sebutan keur juragan istri. atawa, 'juragan' teh
> > hiji
> > > >> deui bukti kalemahan lalaki, salian ti 'calana' kitu?
> > > >>
> > > >> xixixi
> > > >>
> > > >> 2011/5/16 Ki Hasan <khs579@>
> >
> > > >>
> > > >>>
> > > >>>
> > > >>> Numatak Bah AA, ku urang Sunda kiwari, utamana dina komunitas maya,
> > eta
> > > >>> sebutan "gan" teh nu baheulana "sakral" dipake pikeun sebutan
> > kalangan
> > > >>> "ningrat", mengalami "de-sakralisasi" atawa "de-ningratisasi". Kiwari
> > dipake
> > > >>> pikeun sapaan keur saha wae, tanpa ninggali status sosialna.
> > > >>>
> > > >>> Ceuk toongan uing, ieu hal nu hade, keur ngurangan gap komunikasi
> > antara
> > > >>> cacah ceuk menak. Salian ti eta "gan" bebas gender, bisa dilarapkeun
> > keur
> > > >>> awewe oge lalaki.
> > > >>>
> > > >>> 2011/5/16 Abbas <abas_amin08@>
> >
> > > >>>
> > > >>>>
> > > >>>>
> > > >>>> Ari di EOR, Mangunreja jeung sakurilingna mah; gan teh meh satahap
> > jeung
> > > >>>> sebutan Den; nu nuduhkeun eta jelema aya teureuh Rat.
> > > >>>> Euweuh nu kuricakan disebut gan. Atuh ka nu loba duit ( dunungan )
> > cukup
> > > >>>> ku Pa ( awam ); atawa Bah ( ka babah ). hehehehehe.
> > > >>>>
> > > >>>>
> > > >>
> > > >
> > > >
> > > >
> > > >
> > >
> > >
> > >
> > > --
> > > d-: dudi herlianto :-q
> > > paciringan.wordpress.com
> > > kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk
> > >
> >
> >  
> >
>




------------------------------------

Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    [email protected] 
    [email protected]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [email protected]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/

Kirim email ke