Aya beja di sukabumi kidul taun 2015 rek dijieun bandara, sabab di wewengkon eta boga potensi wisata anu hade pikeun narik para turis. Sabab mun make jalan darat ka wewengkon Sukabumi kidul, salian jalanna sempit, oge rada jauh alias lila mun make mobil. Pokona mah leuwih lancar upama ngaliwatan “jalan langit”.
Sababara bulan anu kaliwat kuring jeung babaturan jalan-jalan ka Pangandaran make jalan darat. Loba tempat wisata anu bisa dijugjug di Panandaran. Lumayan lila di jalan. Basa mulang ti Pangandaran, jalan teh mani macet pisan. Padahal harita teh teu aya pere anu kajepit. Ceuk beja, upama aya pere panjang biasana leuwih rame, tempat pamondokan oge pinuh, hargana nepi ka dua kali lipet alahmanan poe biasana. Ceuk cenah aya oge sarana transportasi jalan langit anu diusahakeun ku pausahaan “Susi Air”. Jakarta Pangandaran bisa dilakonan ngan sajam. Harga tiket pesawatna? Limaratusrebuan saurang. Kuring jadi inget rencana ngawangun bandara di Jatitujuh Majalengka, sababaraha taun katukang. Nepi ka ayeuna lebeng teu aya bejana. Padahal cenah mah geus asak jeujeuhan dirarancang ku Bappeda Provinsi Jawa Barat. Upama bandara ieu jadi bisa “hirup” perekonomian di wewengkon pantura Jawa Barat. Jalan tol Palimanan geus jadi, aya rencana oge tol Cileunyi rek disambungkeun ngaliwatan Sumedang anu engkena bras ka bandara Majalengka nepi ka tol Palimanan. Kunaon ayeuna, euweuh beja euweuh carita? Euweuh bandarna anu ngamodalan pikeun ngawangun bandara. Ari ceuk pipikiran (goreng) kuring mah, meureun lamun bandara Majalengka jadi diwangun, Cirebon bisa jadi provinsi misah ti Jawa Barat. Katurug-turug ayeuna aya kajadian teroris jeung kasus “sintren musyrik”, anu rada nyigeung ka pribadi pamajikan Gubernur, nya puguh wae atuh pamarentah provinsi Jawa Barat teu mirosea sumawona ngarojong pangwangunan bandara. Salian ti kitu, jigana “hukuman” oge pikeun para gegeden di wewengkon pantura, anu sok ngambek rek misahkeun maneh ti Jawa Barat. Hiji strategi kabudayaan anu salah ti para gegeden wewengkon Pantura. Anu ayeuna ditiron ku gegeden Pemda Bogor, rek ngadegkeun propinsi Pakuan Pajajaran. Strategi kitu mah matak Bandar (pamarentah pusat) ngajauhan sumawona ngabantu ngawangun prasarana pikeun nyejahterakeun rahayat.
