Naon nya urang nyebut wewengkon sorangan kudu make ngaran JAWA (barat)? Eta hiji ciciren yen US geus kaleungitan 'lemah caina' sacara identitas. Leungit dina peta. Parobahan ieu lamun make teori Gramsci, Sunda kasilep ku hegemoni Jawa. Sami sareng takluk.
Banten nyembul ka pentas politik ku kasadaran teu hayang dihegemoni ku Jawa atawa Sunda. Sanajan Banten lolobana dieusian ku urang Sunda jeung Jawa. Identitas politik Banten jelas. Sunda? Ngeun ukur nyesa Selat Sunda nu dikawasaan ku Banten jeung Lampung. Kamarana Urang Sunda teh? Ongkarana Sangtabean Pukulun Sembah Rahayu TiRiLik --- In [email protected], Gus Maman <manz2002@...> wrote: > > Banten oge (baheula) matak misah hayang meunang PAD ti Bandara SOETA. > Bandara di Majalengka teu jadi-jadi sabab urang Jakarta(Bandar), bisi > kasaingan ku Jabar. > > Naon nya urang nyebut wewengkon sorangan kudu make ngaran JAWA (barat)? > > :) > > --- On Mon, 6/6/11, MRachmat Rawyani <mrachmatrawyani@...> wrote: > > From: MRachmat Rawyani <mrachmatrawyani@...> > Subject: [kisunda] Bandara saha Bandarna? > To: [email protected] > Date: Monday, June 6, 2011, 5:33 PM > > > > > > > >  > > > > > > > > > > > > > > > Aya beja > di sukabumi kidul taun 2015 rek dijieun bandara, sabab di wewengkon eta > boga potensi wisata anu hade pikeun narik para turis. Sabab mun make jalan > darat ka wewengkon Sukabumi kidul, salian jalanna sempit, oge rada jauh alias > lila mun make mobil. Pokona mah leuwih lancar upama ngaliwatan âjalan > langitâ. > > > > Sababara bulan anu kaliwat kuring jeung babaturan > jalan-jalan ka Pangandaran make jalan darat. Loba tempat wisata anu bisa > dijugjug di Panandaran. Lumayan lila di jalan. Basa mulang ti Pangandaran, > jalan teh mani macet pisan. Padahal harita teh teu aya pere anu kajepit. > Ceuk beja, upama aya > pere panjang biasana leuwih rame, tempat pamondokan oge pinuh, hargana nepi ka > dua kali lipet alahmanan poe biasana. Ceuk cenah aya oge sarana transportasi > jalan langit anu diusahakeun ku pausahaan âSusi Airâ. Jakarta Pangandaran > bisa > dilakonan ngan sajam. Harga tiket pesawatna? Limaratusrebuan saurang. > > > > Kuring jadi inget rencana ngawangun bandara di > Jatitujuh Majalengka, sababaraha taun katukang. Nepi ka ayeuna lebeng teu aya > bejana. Padahal cenah mah geus asak jeujeuhan dirarancang ku Bappeda Provinsi > Jawa Barat. Upama bandara ieu jadi bisa âhirupâ perekonomian di wewengkon > pantura Jawa Barat. Jalan tol Palimanan geus jadi, aya rencana oge tol > Cileunyi > rek disambungkeun ngaliwatan Sumedang anu engkena bras ka bandara Majalengka > nepi ka tol Palimanan. Kunaon ayeuna, euweuh beja euweuh carita? Euweuh > bandarna anu ngamodalan pikeun > ngawangun bandara. > > > Ari ceuk pipikiran (goreng) kuring mah, meureun > lamun bandara Majalengka jadi diwangun, Cirebon bisa jadi provinsi misah ti > Jawa > Barat. Katurug-turug ayeuna aya kajadian > teroris jeung kasus âsintren musyrikâ, anu rada nyigeung ka pribadi > pamajikan > Gubernur, nya puguh wae atuh pamarentah provinsi Jawa Barat teu mirosea > sumawona ngarojong pangwangunan bandara. Salian ti kitu, jigana âhukumanâ > oge > pikeun para gegeden di wewengkon pantura, anu  sok  ngambek rek misahkeun > maneh ti Jawa Barat. > Hiji strategi kabudayaan anu salah ti para gegeden wewengkon Pantura. Anu > ayeuna > ditiron ku gegeden Pemda Bogor, rek ngadegkeun propinsi Pakuan Pajajaran. >  Strategi kitu mah matak Bandar (pamarentah > pusat) ngajauhan sumawona ngabantu ngawangun prasarana pikeun nyejahterakeun > rahayat. > ------------------------------------ Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/ <*> Your email settings: Individual Email | Traditional <*> To change settings online go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join (Yahoo! ID required) <*> To change settings via email: [email protected] [email protected] <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [email protected] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
