Banten oge (baheula) matak misah hayang meunang PAD ti Bandara SOETA. 
Bandara di Majalengka teu jadi-jadi sabab urang Jakarta(Bandar), bisi kasaingan 
ku Jabar.

Naon nya urang nyebut wewengkon sorangan kudu make ngaran JAWA (barat)?

:)

--- On Mon, 6/6/11, MRachmat Rawyani <[email protected]> wrote:

From: MRachmat Rawyani <[email protected]>
Subject: [kisunda] Bandara saha Bandarna?
To: [email protected]
Date: Monday, June 6, 2011, 5:33 PM







 



  


    
      
      
      




Aya beja 
di sukabumi kidul taun 2015 rek dijieun bandara, sabab di wewengkon eta
boga potensi wisata anu hade pikeun narik para turis. Sabab mun make jalan
darat ka wewengkon Sukabumi kidul, salian jalanna sempit, oge rada jauh alias
lila mun make mobil. Pokona mah leuwih lancar upama ngaliwatan “jalan langit”.  



Sababara bulan anu kaliwat kuring jeung babaturan
jalan-jalan ka Pangandaran make jalan darat. Loba tempat wisata anu bisa
dijugjug di Panandaran. Lumayan lila di jalan. Basa mulang ti Pangandaran,
jalan teh mani macet pisan. Padahal harita teh teu  aya pere anu kajepit. Ceuk 
beja, upama aya
pere panjang biasana leuwih rame, tempat pamondokan oge pinuh, hargana nepi ka
dua kali lipet alahmanan poe biasana. Ceuk cenah aya oge sarana transportasi
jalan langit anu diusahakeun ku pausahaan “Susi Air”. Jakarta Pangandaran bisa
dilakonan ngan sajam. Harga tiket pesawatna? Limaratusrebuan saurang. 



Kuring jadi inget rencana ngawangun bandara di
Jatitujuh Majalengka, sababaraha taun katukang. Nepi ka ayeuna lebeng teu aya
bejana. Padahal cenah mah geus asak jeujeuhan dirarancang ku Bappeda Provinsi
Jawa Barat. Upama bandara ieu jadi bisa “hirup” perekonomian di wewengkon
pantura Jawa Barat. Jalan tol Palimanan geus jadi, aya rencana oge tol Cileunyi
rek disambungkeun ngaliwatan Sumedang anu engkena bras ka bandara Majalengka
nepi ka tol Palimanan. Kunaon ayeuna, euweuh beja euweuh carita?  Euweuh 
bandarna anu ngamodalan pikeun
ngawangun bandara.


Ari ceuk pipikiran (goreng) kuring mah, meureun
lamun bandara Majalengka jadi diwangun, Cirebon bisa jadi provinsi misah ti Jawa
Barat. Katurug-turug ayeuna aya  kajadian
teroris jeung kasus “sintren musyrik”, anu rada nyigeung ka pribadi pamajikan
Gubernur, nya puguh wae atuh pamarentah provinsi Jawa Barat teu mirosea
sumawona ngarojong pangwangunan bandara. Salian ti kitu, jigana “hukuman” oge
pikeun para gegeden di wewengkon pantura, anu  sok  ngambek rek misahkeun maneh 
ti Jawa Barat.
Hiji strategi kabudayaan anu salah ti para gegeden wewengkon Pantura. Anu ayeuna
ditiron ku gegeden Pemda Bogor, rek ngadegkeun propinsi Pakuan Pajajaran.  
Strategi kitu mah matak Bandar (pamarentah
pusat) ngajauhan sumawona ngabantu ngawangun prasarana pikeun nyejahterakeun
rahayat.















    
     

    
    


 



  



Kirim email ke