Serangan panah ti Karna memang hebat; ti katebihan ku Arjuna karasa beurat 
sareng seukeut enggal ngan skilat Arjuna mentangkeun panahna; nyuruwuka lhur 
teras nyirorot ka handap nyabet panah nu tengah nu ka handap ditakis ku Gondewa 
; mni ngageter tangan Dananjaya ngarasa tanaga Karna anu lumayan rosa. Ari nu 
ka luhur digilekkeun rokaya Makuta mah kasabet dugi ka amburadul. Ger surak dua 
pihakanana. Ari Pasukan Kurawa surak lantaran Makuta Arjuna amburadul; ari 
pihak Pandawa sas\ryrak lantaran Arjuna bisa ngaleupaskeun diri ti na bahaya.

teu nungu lami, teras Partha males deui; ayeuna mah manahna ka luhur; tapi lain 
ukur sakali; aya ka na lima kalina bari kabehanana ngan sakceup sakiceup; Karna 
ngarasa aya tanaga rosa nu neken ka na dadana; ngarasa eungap, terus wae Karna 
oge ngalepaskeun jamparing sababaraha kali !

panah nu di kaluhurkeun ku Arjuna nyata nyirorot ngepung ka Karna; tur tanagana 
sarua rosana limaanana oge; aripanah Karna sabagean nakis pabagh Arjuna 
sabagean deui nterang ka Arjuna; Satyaki nepi ka gogodeg, da cacakan ka dirina 
mah can tngtu ah bisa nakis eta serangan.

Nyata panh Arjun nu kapegat ku panah Karna ngan ukur dua tilumah narancep dina 
tangan, harigu jeung dada Kana; tapi anungaburusut ka Arjun oge aya dua nu 
keuna ka na dada sareng harigu Arjuna ! Geeer atuh dua pasukn teh srurak deui 
ti na ku resep2na lalajo nu taung anu sakitu hebatna; duanana ayeuna geus pada 
tatu.

Tapi lain cape malah tambah napsu w nu aya ! Duanana beuki hayang nalukkeun 
musuh! 
Duanana pada ngaluarkeun kaahlin masing2; Karna ayeuna mah ngajiad HIJI panah 
SAKTI teras dipanahkeun ka Dananjaya; heab teh seuneu muntab2 muru ka 
Arjuna;mngkaning cepet pisn datangna; upama aya pemadam kebakaran atawa blanwir 
tea mah; mal kaburu deui ! Arjuna teu keder; ngan sakilat mentangkeun panahna; 
kaluar angin nu ageung pisan nebak seuneuti Karna; atuh Karna ayeuna mah nu 
ripuh; gancang ngaluarkeun panah deui nu ngaluarkeuncai hujan nu kacida gedena 
! Nya pareum we seuneu teh.

Demi nulalajo ayeuna mah teu bisa deui susurakan lantaran tadi ge ampir we 
kabarerangan kalamot seuneu; terus ngagelebug angin loba nu rarubuh; saterusna 
rancucut kahujanan. Atuh nu lalajo teh beuki ngajauhan ayeuna mah da sieun 
kabarerangan.

HANCA
 

Kirim email ke