Lamun nu ngalalakona asep sunandar s, keur para gegeden ragot perang jol si
cepot, mamawa jamparing pusaka anu huluna hayam jago. Barang dipentangkeun
teh sorana ngahiung tapi silung,,,, dipentangkeun sateker kebek bari
dikeceng na ari cle teh kanu irung si dewala. Sok aya aya wae.

 

From: [email protected] [mailto:[email protected]] On Behalf Of
Irpan Rispandi
Sent: Monday, July 11, 2011 3:25 PM
To: [email protected]
Subject: Re: [kisunda] Bharata Yudha ka 71

 

  

Ngadadak aya hiji budak anu nyelengceng ka tengah. Budak ieu buukna rancung
warna koneng.

Tuluy manehna nyorowok, "Taaju Kage bushin no jutsu !!!", ngadadak tina awak
ieu budak racleng  puluhan wujud-wujud budak anu sarua jeung manehna.  Eta
puluhan budak nu sarua teh ngarurug, nyerang ka balatentara Kurawa. "Rasen
Shuriken !!!" cenah. Sanggeus mapatkeun mantra pendek eta, ngadadak dina
dampal leungeuna aya cahaya nu mimitina buleud terus robah jadi bintang
juruna opat. 

he..he..he.. punten bah Abbas, sanes ngalelewe. 
Punten teu pisan-pisan.

ieu mah pedah ngarasa pogot we kana lalakonna. sanajan geus kungsi maca
lalakon baratayuda, tapi maca nu Bah Abas, rasanya beda.

Tapi kuring oge 'selingkuh', he..he..he... nepi kaayeuna sok maca komik
Naruto jeung One Piece. Novel Mushasi jeung Klan Otori, Kho Ping Hoo jeung
Wiro Sableng, oge Dan Brown series, Stealing Network Series, jrrd.




On 07/11/2011 02:42 PM, Ii Sumirat wrote: 

  

Nu nonton jeung nu maca nyarempod sieun ngilu kababuk hehe

 

From: [email protected] [mailto:[email protected]] On Behalf Of
Abbas Amin
Sent: Saturday, July 09, 2011 11:59 AM
To: kisunda; urangsunda
Cc: nia surniasari
Subject: [kisunda] Bharata Yudha ka 71

 

  


Serangan panah ti Karna memang hebat; ti katebihan ku Arjuna karasa beurat
sareng seukeut enggal ngan skilat Arjuna mentangkeun panahna; nyuruwuka lhur
teras nyirorot ka handap nyabet panah nu tengah nu ka handap ditakis ku
Gondewa ; mni ngageter tangan Dananjaya ngarasa tanaga Karna anu lumayan
rosa. Ari nu ka luhur digilekkeun rokaya Makuta mah kasabet dugi ka
amburadul. Ger surak dua pihakanana. Ari Pasukan Kurawa surak lantaran
Makuta Arjuna amburadul; ari pihak Pandawa sas\ryrak lantaran Arjuna bisa
ngaleupaskeun diri ti na bahaya.

teu nungu lami, teras Partha males deui; ayeuna mah manahna ka luhur; tapi
lain ukur sakali; aya ka na lima kalina bari kabehanana ngan sakceup
sakiceup; Karna ngarasa aya tanaga rosa nu neken ka na dadana; ngarasa
eungap, terus wae Karna oge ngalepaskeun jamparing sababaraha kali !

panah nu di kaluhurkeun ku Arjuna nyata nyirorot ngepung ka Karna; tur
tanagana sarua rosana limaanana oge; aripanah Karna sabagean nakis pabagh
Arjuna sabagean deui nterang ka Arjuna; Satyaki nepi ka gogodeg, da cacakan
ka dirina mah can tngtu ah bisa nakis eta serangan.

Nyata panh Arjun nu kapegat ku panah Karna ngan ukur dua tilumah narancep
dina tangan, harigu jeung dada Kana; tapi anungaburusut ka Arjun oge aya dua
nu keuna ka na dada sareng harigu Arjuna ! Geeer atuh dua pasukn teh srurak
deui ti na ku resep2na lalajo nu taung anu sakitu hebatna; duanana ayeuna
geus pada tatu.

Tapi lain cape malah tambah napsu w nu aya ! Duanana beuki hayang nalukkeun
musuh! 
Duanana pada ngaluarkeun kaahlin masing2; Karna ayeuna mah ngajiad HIJI
panah SAKTI teras dipanahkeun ka Dananjaya; heab teh seuneu muntab2 muru ka
Arjuna;mngkaning cepet pisn datangna; upama aya pemadam kebakaran atawa
blanwir tea mah; mal kaburu deui ! Arjuna teu keder; ngan sakilat
mentangkeun panahna; kaluar angin nu ageung pisan nebak seuneuti Karna; atuh
Karna ayeuna mah nu ripuh; gancang ngaluarkeun panah deui nu ngaluarkeuncai
hujan nu kacida gedena ! Nya pareum we seuneu teh.

Demi nulalajo ayeuna mah teu bisa deui susurakan lantaran tadi ge ampir we
kabarerangan kalamot seuneu; terus ngagelebug angin loba nu rarubuh;
saterusna rancucut kahujanan. Atuh nu lalajo teh beuki ngajauhan ayeuna mah
da sieun kabarerangan.

HANCA
 

 



<<image001.jpg>>

<<image002.jpg>>

Kirim email ke