Ngadadak aya hiji budak anu nyelengceng ka tengah. Budak ieu buukna
rancung warna koneng.
Tuluy manehna nyorowok, "Taaju Kage bushin no jutsu !!!", ngadadak tina
awak ieu budak racleng puluhan wujud-wujud budak anu sarua jeung
manehna. Eta puluhan budak nu sarua teh ngarurug, nyerang ka
balatentara Kurawa. "Rasen Shuriken !!!" cenah. Sanggeus mapatkeun
mantra pendek eta, ngadadak dina dampal leungeuna aya cahaya nu mimitina
buleud terus robah jadi bintang juruna opat.
he..he..he.. punten bah Abbas, sanes ngalelewe.
Punten teu pisan-pisan.
ieu mah pedah ngarasa pogot we kana lalakonna. sanajan geus kungsi maca
lalakon baratayuda, tapi maca nu Bah Abas, rasanya beda.
Tapi kuring oge 'selingkuh', he..he..he... nepi kaayeuna sok maca komik
Naruto jeung One Piece. Novel Mushasi jeung Klan Otori, Kho Ping Hoo
jeung Wiro Sableng, oge Dan Brown series, Stealing Network Series, jrrd.
On 07/11/2011 02:42 PM, Ii Sumirat wrote:
Nu nonton jeung nu maca nyarempod sieun ngilu kababuk hehe
*From:*[email protected] [mailto:[email protected]] *On
Behalf Of *Abbas Amin
*Sent:* Saturday, July 09, 2011 11:59 AM
*To:* kisunda; urangsunda
*Cc:* nia surniasari
*Subject:* [kisunda] Bharata Yudha ka 71
Serangan panah ti Karna memang hebat; ti katebihan ku Arjuna karasa
beurat sareng seukeut enggal ngan skilat Arjuna mentangkeun panahna;
nyuruwuka lhur teras nyirorot ka handap nyabet panah nu tengah nu ka
handap ditakis ku Gondewa ; mni ngageter tangan Dananjaya ngarasa
tanaga Karna anu lumayan rosa. Ari nu ka luhur digilekkeun rokaya
Makuta mah kasabet dugi ka amburadul. Ger surak dua pihakanana. Ari
Pasukan Kurawa surak lantaran Makuta Arjuna amburadul; ari pihak
Pandawa sas\ryrak lantaran Arjuna bisa ngaleupaskeun diri ti na bahaya.
teu nungu lami, teras Partha males deui; ayeuna mah manahna ka luhur;
tapi lain ukur sakali; aya ka na lima kalina bari kabehanana ngan
sakceup sakiceup; Karna ngarasa aya tanaga rosa nu neken ka na dadana;
ngarasa eungap, terus wae Karna oge ngalepaskeun jamparing sababaraha
kali !
panah nu di kaluhurkeun ku Arjuna nyata nyirorot ngepung ka Karna; tur
tanagana sarua rosana limaanana oge; aripanah Karna sabagean nakis
pabagh Arjuna sabagean deui nterang ka Arjuna; Satyaki nepi ka
gogodeg, da cacakan ka dirina mah can tngtu ah bisa nakis eta serangan.
Nyata panh Arjun nu kapegat ku panah Karna ngan ukur dua tilumah
narancep dina tangan, harigu jeung dada Kana; tapi anungaburusut ka
Arjun oge aya dua nu keuna ka na dada sareng harigu Arjuna ! Geeer
atuh dua pasukn teh srurak deui ti na ku resep2na lalajo nu taung anu
sakitu hebatna; duanana ayeuna geus pada tatu.
Tapi lain cape malah tambah napsu w nu aya ! Duanana beuki hayang
nalukkeun musuh!
Duanana pada ngaluarkeun kaahlin masing2; Karna ayeuna mah ngajiad
HIJI panah SAKTI teras dipanahkeun ka Dananjaya; heab teh seuneu
muntab2 muru ka Arjuna;mngkaning cepet pisn datangna; upama aya
pemadam kebakaran atawa blanwir tea mah; mal kaburu deui ! Arjuna teu
keder; ngan sakilat mentangkeun panahna; kaluar angin nu ageung pisan
nebak seuneuti Karna; atuh Karna ayeuna mah nu ripuh; gancang
ngaluarkeun panah deui nu ngaluarkeuncai hujan nu kacida gedena ! Nya
pareum we seuneu teh.
Demi nulalajo ayeuna mah teu bisa deui susurakan lantaran tadi ge
ampir we kabarerangan kalamot seuneu; terus ngagelebug angin loba nu
rarubuh; saterusna rancucut kahujanan. Atuh nu lalajo teh beuki
ngajauhan ayeuna mah da sieun kabarerangan.
HANCA