Kang Rachmat, Mh jeung baraya sadaya,

Mataholangna sangkan basa tetep langgeng aya dikieuna teh nyaeta 2 hal wae:
1) eta basa kudu diperlukeun ku masyarakat (boh mayarakat pengguna eta basa
atawa masyarakat pendatang); jeung
2) eta basa kudu biasa digunakeun sapopoe.

Hehehe, tangtu wae, ngawartakeun ieu dadasar anu dua pikeun hirupna basa teh
sarua jeung ngabejaan bulu tuur alias mere nyaho ka nu geus apal. Parandene
kitu, teu saeutik strategi, waktu jeung anggaran biaya anu diktrukeun dina
raraga mulasara basa anu henteu nyoko atawa kurang nyoko kana eta 2 hal anu
jadi dadasar.

Tah cikan, naon wae usulanana anu sacara logis jeung otomatis (teu kudu
disingsieunan ku hukum atawa aturan) bakal ngamuara kana perluna basa Sunda?
Oge naon wae lengkah-lengkah supaya secara otomatis jeung praktis basa Sunda
teh dipake sapopoe?

Pikeun jawabanana, sigana bisa miang tina sababaraha hal kayaning :
1) hukum wesi ekonomi --> basa Sunda di Jabar kudu dilibetkeun dina urusan
anu aya patula-patalina jeung ekonomi. Upamana wae, sabaraha hal dina
perizinan usaha kudu dikaitkeun jeung praktek ngagunakeun basa Sunda. Tehnis
leuwih rincina? nya kudu ditilik kasus per kasus. KAsus papan iklan anu kudu
make basa Sunda aya dina ieu wilayah;

Sababaraha syarat mukim di Bandung pikeun pendatang bisa dikaitkeun oge
jeung soal ngagunakeun ieu basa Sunda Tangtu, prasarana, wahana jeung sarana
pikeun ngarojong hal eta perlu disiapkeun;

2) daya tarik budaya  --> contona kasus angklung ieu. Hartina, kabudayaan
anu sejenna oge (lian ti basa) kudu papada dihirup-huripkeun pikeun
ngawadahan basa atawa sabalikna, basa (Sunda) pikeun panganteurna;

Saterusna, matak naon tempat2 samodel palataran Monju di hareupeun gedong
sate teh dijadikeun arena kasanian rahayat anu make basa Sunda jeung
sarupaning lomba-lomba sastra atawa kaulinan anu make basa Sunda;

3) daya tarik alam & paelmuan --> alam Tatar Sunda geus teu kudu
dicaritakeun deui, gede daya tarikna pikeun elmuwan boh tunggal ti Indonesia
keneh atawa ti LN. Geologi jeung geografi upamana, geus kaceluk, jadi puseur
studi, misalna: alam jeung geografi pagunungan di Tatar Sunda. Tah jadikeun
ieu kaunggulan teh salah sahiji cara pikeun ngamumule basa Sunda. Tehnisna
perlu diobrolkeun leuwih jero, tapi anu jelas tokoh saperti Kang T Bachtiar
tos ngalarapkeu hal ieu.

jeung nu lianna samodel potensi pangajian2, pasantren jeung sakola di
palemburan. Ke sugan pareng urang guar deui.

Cag heula.

manar




2011/7/14 MRachmat Rawyani <[email protected]>

> **
>
>
> Tina limarebuan anu ngamaenkeun angklung, pasti aya nu panasaran hayang
> nyaho leuwih jero perkara angklung. Salian ti tatanya, pasti bakal neangan
> ingpo ka juragan google. Tah..., ti harita pasti kecap-kecap basa sunda jadi
> dikenal ku juragana panasaran.
>
> Tina lima rebuan anu ngamaenkeun angklung, pasti aya nu panasaran hayang
> nyaho siga kumaha angklung jeung budaya masyarakatna, atawa panasarana
> hayang neuleuman leuwih jero perkara angklung.
>
> HR. Oma Irama wae ngaranna jadi mengglobal, gara-gara buku biografi di
> tulis ku bangsa deungeun anu panasaran kana musik dangdut.
>
> Tah, ieu tah salah sahiji strategi kabudayaan anu ngahasilkeun efek domino
> (berantai) kana aspek-aspek sejenna.
>
> Sakuduna mah kongres basa sunda teh boga dampak pangaruh siga di luhur, anu
> engkena aya efek domino pikeung ngalestarikan basa sunda.
>
> Kitu nun, ceuk pamanggih kuring mah.
>
> mrachmatrawyani
>
> ------------------------------
> *From:* oman abdurahman <[email protected]>
> *To:* [email protected]
> *Cc:* urang sunda <[email protected]>;
> [email protected]
> *Sent:* Wed, July 13, 2011 8:28:14 PM
> *Subject:* [Urang Sunda] Angklung Ngambah Dunya deui & Manfaat Awi keur
> Budaya jeug Lingkungan
>
>
>
> *Baraya,*
>
> **
>
> *Beja ngeunaan angklung anu sakali deui ngambah dunya asa tacan
> kawartakeun di milist. Nyanggakeu di warta handap ngeunaan angklung anu
> sakali deui meunang pangajen di LN, malah cenah pagelaranna dina eta
> kasempetan asup the world guiness book of record. Wilujeng, bari melak awi,
> miara lahan sangkan cai curcor teu dangdangrat dina usum halodo jeung teu
> longsor sarta nguranga banjir nalika mangsa usum hujan datang, urang piara
> babarengan jeung urang ronjatkeun budaya angklung jeung budaya awi lianna.
> *
>
> *manar
> *
>
> *  *
> .<http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/post;_ylc=X3oDMTJyc29sZGZiBF9TAzk3MzU5NzE0BGdycElkAzE4NjIwNTYEZ3Jwc3BJZAMxNzA1MDEzNTU2BG1zZ0lkAzE1MTMxNwRzZWMDZnRyBHNsawNycGx5BHN0aW1lAzEzMTA2MTQxMDY-?act=reply&messageNum=151317>
>  
>

Kirim email ke