"Tah cikan, naon wae usulanana anu sacara logis jeung otomatis (teu kudu 
disingsieunan ku hukum atawa aturan) bakal ngamuara kana perluna basa Sunda? 
Oge naon wae lengkah-lengkah supaya secara otomatis jeung praktis basa Sunda 
teh dipake sapopoe?"
 
KO atuh supaya diperlukeun mah nya hal-hal nu dianggap penting sakuduna we make 
basa sunda, misalna kikitir/surat taneuh, akteu (jual beuli, hutang piutang, 
kontrak), surat kawin cere, kawin nambah jste. Kulantaran perlu nya daek teu 
daek dipake tah basa sunda. Intina mah hal2 nu dianggap penting nu diperlukeun 
dina kahirupan sapopoe.
 

JP

Dari: oman abdurahman <[email protected]>
Kepada: [email protected]
Cc: [email protected]
Dikirim: Kamis, 14 Juli 2011 13:40
Judul: [kisunda] Re: [Urang Sunda] Angklung Ngambah Dunya deui & Manfaat Awi 
keur Budaya jeug Lingkungan


  
Kang Rachmat, Mh jeung baraya sadaya,


Mataholangna sangkan basa tetep langgeng aya dikieuna teh nyaeta 2 hal wae: 
1) eta basa kudu diperlukeun ku masyarakat (boh mayarakat pengguna eta basa 
atawa masyarakat pendatang); jeung 
2) eta basa kudu biasa digunakeun sapopoe. 

Hehehe, tangtu wae, ngawartakeun ieu dadasar anu dua pikeun hirupna basa teh 
sarua jeung ngabejaan bulu tuur alias mere nyaho ka nu geus apal. Parandene 
kitu, teu saeutik strategi, waktu jeung anggaran biaya anu diktrukeun dina 
raraga mulasara basa anu henteu nyoko atawa kurang nyoko kana eta 2 hal anu 
jadi dadasar.

Tah cikan, naon wae usulanana anu sacara logis jeung otomatis (teu kudu 
disingsieunan ku hukum atawa aturan) bakal ngamuara kana perluna basa Sunda? 
Oge naon wae lengkah-lengkah supaya secara otomatis jeung praktis basa Sunda 
teh dipake sapopoe?

Pikeun jawabanana, sigana bisa miang tina sababaraha hal kayaning : 
1) hukum wesi ekonomi --> basa Sunda di Jabar kudu dilibetkeun dina urusan anu 
aya patula-patalina jeung ekonomi. Upamana wae, sabaraha hal dina perizinan 
usaha kudu dikaitkeun jeung praktek ngagunakeun basa Sunda. Tehnis leuwih 
rincina? nya kudu ditilik kasus per kasus. KAsus papan iklan anu kudu make basa 
Sunda aya dina ieu wilayah;

Sababaraha syarat mukim di Bandung pikeun pendatang bisa dikaitkeun oge jeung 
soal ngagunakeun ieu basa Sunda Tangtu, prasarana, wahana jeung sarana pikeun 
ngarojong hal eta perlu disiapkeun;

2) daya tarik budaya  --> contona kasus angklung ieu. Hartina, kabudayaan anu 
sejenna oge (lian ti basa) kudu papada dihirup-huripkeun pikeun ngawadahan basa 
atawa sabalikna, basa (Sunda) pikeun panganteurna;

Saterusna, matak naon tempat2 samodel palataran Monju di hareupeun gedong sate 
teh dijadikeun arena kasanian rahayat anu make basa Sunda jeung sarupaning 
lomba-lomba sastra atawa kaulinan anu make basa Sunda;

3) daya tarik alam & paelmuan --> alam Tatar Sunda geus teu kudu dicaritakeun 
deui, gede daya tarikna pikeun elmuwan boh tunggal ti Indonesia keneh atawa ti 
LN. Geologi jeung geografi upamana, geus kaceluk, jadi puseur studi, misalna: 
alam jeung geografi pagunungan di Tatar Sunda. Tah jadikeun ieu kaunggulan teh 
salah sahiji cara pikeun ngamumule basa Sunda. Tehnisna perlu diobrolkeun 
leuwih jero, tapi anu jelas tokoh saperti Kang T Bachtiar tos ngalarapkeu hal 
ieu.

jeung nu lianna samodel potensi pangajian2, pasantren jeung sakola di 
palemburan. Ke sugan pareng urang guar deui. 

Cag heula.

manar 


   


2011/7/14 MRachmat Rawyani <[email protected]>

  
>Tina limarebuan anu ngamaenkeun angklung, pasti aya nu panasaran hayang nyaho 
>leuwih jero perkara angklung. Salian ti tatanya, pasti bakal neangan ingpo ka 
>juragan google. Tah..., ti harita pasti kecap-kecap basa sunda jadi dikenal ku 
>juragana panasaran. 
>
>Tina lima rebuan anu ngamaenkeun angklung, pasti aya nu panasaran hayang nyaho 
>siga kumaha angklung jeung budaya masyarakatna, atawa panasarana hayang 
>neuleuman leuwih jero perkara angklung.
>
>HR. Oma Irama wae ngaranna jadi mengglobal, gara-gara buku biografi di tulis 
>ku bangsa deungeun anu panasaran kana musik dangdut.
>
>Tah, ieu tah salah sahiji strategi kabudayaan anu ngahasilkeun efek domino 
>(berantai) kana aspek-aspek sejenna.
>
>Sakuduna mah kongres basa sunda teh boga dampak pangaruh siga di luhur, anu 
>engkena aya efek domino pikeung ngalestarikan basa sunda.
>
>Kitu nun, ceuk pamanggih kuring mah.
>
>mrachmatrawyani
>
>
>
>From: oman abdurahman <[email protected]>
>
>To: [email protected]
>Cc: urang sunda <[email protected]>; [email protected]
>Sent: Wed, July 13, 2011 8:28:14 PM
>Subject: [Urang Sunda] Angklung Ngambah Dunya deui & Manfaat Awi keur Budaya 
>jeug Lingkungan
>
>  
>Baraya,
>Beja ngeunaan angklung anu sakali deui ngambah dunya asa tacan kawartakeun di 
>milist. Nyanggakeu di warta handap ngeunaan angklung anu sakali deui meunang 
>pangajen di LN, malah cenah pagelaranna dina eta kasempetan asup the world 
>guiness book of record. Wilujeng, bari melak awi, miara lahan sangkan cai 
>curcor teu dangdangrat dina usum halodo jeung teu longsor sarta nguranga 
>banjir nalika mangsa usum hujan datang, urang piara babarengan jeung urang 
>ronjatkeun budaya angklung jeung budaya awi lianna.
>manar
>
>  
>. 

Kirim email ke