---------- Forwarded message ---------- From: Remi <[email protected]> Date: 2011/8/1 Subject: [Baraya_Sunda] Re: Urang Sunda bau Arab? To: [email protected]
--- In [email protected], Ki Hasan <khs579@...> wrote: > > Tah upama disundakeun mah jigana Mushola Al-Muhajirin teh, jadi Mushola > Pangungsi, Mushola Titirah, atawa Mushola Babakan Anyar. Hehehe > > Conto di luhur? Naha naon salah na mun hiji masjid di sbut Masjid Babakan Anyar? Naha Pangeran TEU ngartieun basa Sunda kitu? Bisa2 urang Sunda kawalat euy, nyangka Pangeran UKUR ngarti basa Arab!:))) Kade ah, ulah nganggap Pangeran belet!;)) Keun. Ngarana ge diskusi... aya nu pro, aya nu kontra. Kabeh ge kaci. Kuring boga pamadegan nu sarua jeung Kang MH. Aya indikasi anu kuat, urang Sunda nganggap basa na sorangan kelas dua akawa kelas tilu. Basa teh salah sahiji tihang hiji budaya anu biasana ditunjang atawa oge jadi panunjangh tihang budaya sejen na saperti ekonomi, agama, teknologi. Coba tempo... ari basa Sunda dipake teu dina eta unsur budaya? Lebah dina urusan ekonomi. Basa Sunda TEU boga harti nanahaon! DIna urusan kapamarentaha jeung pendidikan... oge sarua. Balik kana urusan kaagamaan. Dalah urusan mere ngaran masjid ge kalah hayoh minangsaraya kana basa Arab. Naon salah na make ngaran anu kekecapanana teu make 'al'? Ngarasa minder lantaran basa Sunda teu miboga artikel?:)) Lain ukur ngaran masjid, ngaran jelema ge geus diarabkeun... kaasup ngaran kuring sorangan!:)) Bisa jadi kolot kuring OGE ngarasa minder mere ngaran Sunda? Teuing tah! Baheula mah hutbah teh sok make basa Sunda. Anu katengetan ayeuna... hutbah na make basa Arab jeung... Indonesia. Basa Sunda makin TEU boga habitat jang hirup kumbuh.
