Apan aya kaedahna eta mah Bah AA, "nu urang geus boga pake, nu urang can boga kaci nginjeum." Jadi lain maksudna kudu sagala disundakeun. Jiga kieu misalna, urang boga sebutan "ema", "ambu", "apa", "abah" keur sebutan ka indung jeung bapak. Naha perlu teu misalna keur eta sebutan digegedekeun istilah "ummi" jeung "abi".
Ulah nepi ka kieu, misalna, dina tayangan TV nu ngaliput hiji kulawarga artis, nepi ka boga kasimpulan, cenah lamun nyebut "ummi" jeung "abi" bakal diaminkeun ku malaikat. 2011/8/1 Abbas <[email protected]> > ** > > > Tenang............ ulah gareuwah..........puasa yeuh. > Sigana mah bener oge tah pamendak ki DOREMI teh..... > ngan aya nganna; teu sagala bisa disundakeun kalayan luyu jeung rasa > aya nu mun ku bada feungeun malah jadi PAS ! Matak naon urabng make basa > deungeun ari keur kamaslahatan mah ? > Lamun aya si JAMES asup jadi urang SUBDA rej ditarjamahkeun kumaha tah > ngaran JAMES teh ? Sok aya bongbolongan ? > Sok sidan bisa sahala fodundakeun atuh. Ke aya deuo kecap2 nu can aya > sundana nu pas. Engke diberendelkeun ! > > Jeung salian ngaran Masjid nu NGARAB masih loba hal penting lainna bahaseun > urang sunda ! Contona aya sunda banten; Cirebon; Priangan jste; kumaha tah > ayeuna ? Ulah jiga nu sumanget pisan ka na masalah NGARAB Sunda jeung Islam > Sunda Sajati; ari hal lain dilurjeunkeun ! > > > --- In [email protected], Ki Hasan <khs579@...> wrote: > > > > ---------- Forwarded message ---------- > > From: Remi <rsyaifoel@...> > > Date: 2011/8/1 > > Subject: [Baraya_Sunda] Re: Urang Sunda bau Arab? > > To: [email protected] > > > > > > > > > > --- In [email protected], Ki Hasan <khs579@> wrote: > > > > > > Tah upama disundakeun mah jigana Mushola Al-Muhajirin teh, jadi Mushola > > > Pangungsi, Mushola Titirah, atawa Mushola Babakan Anyar. Hehehe > > > > > > > > > > Conto di luhur? Naha naon salah na mun hiji masjid di sbut Masjid Babakan > > Anyar? Naha Pangeran TEU ngartieun basa Sunda kitu? Bisa2 urang Sunda > > kawalat euy, nyangka Pangeran UKUR ngarti basa Arab!:))) Kade ah, ulah > > nganggap Pangeran belet!;)) > > > > Keun. Ngarana ge diskusi... aya nu pro, aya nu kontra. Kabeh ge kaci. > Kuring > > boga pamadegan nu sarua jeung Kang MH. Aya indikasi anu kuat, urang Sunda > > nganggap basa na sorangan kelas dua akawa kelas tilu. > > > > Basa teh salah sahiji tihang hiji budaya anu biasana ditunjang atawa oge > > jadi panunjangh tihang budaya sejen na saperti ekonomi, agama, teknologi. > > Coba tempo... ari basa Sunda dipake teu dina eta unsur budaya? > > > > Lebah dina urusan ekonomi. Basa Sunda TEU boga harti nanahaon! DIna > urusan > > kapamarentaha jeung pendidikan... oge sarua. Balik kana urusan kaagamaan. > > Dalah urusan mere ngaran masjid ge kalah hayoh minangsaraya kana basa > Arab. > > Naon salah na make ngaran anu kekecapanana teu make 'al'? Ngarasa minder > > lantaran basa Sunda teu miboga artikel?:)) > > > > Lain ukur ngaran masjid, ngaran jelema ge geus diarabkeun... kaasup > ngaran > > kuring sorangan!:)) Bisa jadi kolot kuring OGE ngarasa minder mere ngaran > > Sunda? Teuing tah! > > > > Baheula mah hutbah teh sok make basa Sunda. Anu katengetan ayeuna... > hutbah > > na make basa Arab jeung... Indonesia. Basa Sunda makin TEU boga habitat > jang > > hirup kumbuh. > > > > >
