---------- Forwarded message ----------
From: Remi <[email protected]>
Date: 2011/8/1
Subject: [Baraya_Sunda] Fwd: Re: Urang Sunda bau Arab?
To: [email protected]



>
> 2011/8/1 Abbas <abas_amin08@...>
>
> > **
> >
> >
> > Tenang............ ulah gareuwah..........puasa yeuh.
> > Sigana mah bener oge tah pamendak ki DOREMI teh.....
> > ngan aya nganna; teu sagala bisa disundakeun kalayan luyu jeung rasa
> > aya nu mun ku bada feungeun malah jadi PAS ! Matak naon urabng make basa
> > deungeun ari keur kamaslahatan mah ?
> > Lamun aya si JAMES asup jadi urang SUBDA rej ditarjamahkeun kumaha tah
> > ngaran JAMES teh ? Sok aya bongbolongan ?
> > Sok sidan bisa sahala fodundakeun atuh. Ke aya deuo kecap2 nu can aya
> > sundana nu pas. Engke diberendelkeun !
> >
> > Jeung salian ngaran Masjid nu NGARAB masih loba hal penting lainna
bahaseun
> > urang sunda ! Contona aya sunda banten; Cirebon; Priangan jste; kumaha
tah
> > ayeuna ? Ulah jiga nu sumanget pisan ka na masalah NGARAB Sunda jeung
Islam
> > Sunda Sajati; ari hal lain dilurjeunkeun !
> >

Kang, basa mana wae di kolong dunya TAYA anu asli. Hiji basa PASTI
disarungsum ku unsur2 basa sejen, komo dina urusan kekecapan mah. Kecap
injeuman dina basa mana bae oge pabalatak.

Anu jadi kamelang dina nengetan basa Sunda mah, nginjeum teh mani teu
euleum2. Mun kosa kata basa Sunda kabeh meunang nginjeum... naha basa Sunda
teh bakal dianggap eksis kitu? Sigana mah bakal ganti identitas jadi Sunrab?
:))

Lain kuring anti Arab atawa anti naon bae oge. Ngan kuring mah rada melang.
Mun basa Sunda diberendelan teuing ku unsur2 basa sejen na: Arab, Indonesia,
Inggris atawa basa dedemit... asa ningnang teuing nempo na. Ketah... sing
saha bae oge boga hak jeung wewenang migunakeun basa luyu jeung kahayang na.
Kuring boga babaturan. Dina migunakeun kecap ganti teh keukeuh make kecap
'ana'jeung 'ente'. teuing naon maksud na mah. Asa tara katohyan make kecap
'urang', 'aing', 'dewek' vs 'maneh', 'sia', 'anjeun'. Kaci? Nya kaci atuh!
Ngan keur kuring mah keukeuh rada aneh. Sarua aneh na mun jelema Sunda make
kekecapan I jeung you!
Ngarah naon nya? Duka...:)))



------------------------------------

http://groups.yahoo.com/group/baraya_sunda/


[Ti urang, nu urang, ku urang jeung keur urang balarea]Yahoo! Groups Links



Kirim email ke