Punten Ceu Een, ieu postingan di-forward ka milis sabeulah.
Nuhun infona, eces pisan, tetela geuning Sunda ge bisa ngabauan budaya
sejen.

Kamonesan lainna, nu geus bisa ngabauan dunya teh, diantarana Maenpo jeung
Angklung. Kungsi manggih situs maenpo di nagara deungeun, nu ngakukeun
padepokanana mangrupakeun cabang Silat Sunda. Angklung mah pan cikeneh
kabejakeun asup rekor dunya.

---------- Forwarded message ----------
From: een Herdiani <[email protected]>
Date: 2011/8/4
Subject: Re: [Baraya_Sunda] Re: Urang Sunda bau Arab?
To: [email protected]




Kang Remi,

Leres upami nitenan dina basa Sunda urang seueur kapangaruhan ku batur.
Tapi aya hiji budaya Sunda (khususna kasenian Sunda)anu kacida jadi matak
reueus bisa ngajajahah kabatur. Conto anu nepika ayeuna masih katembong
nyaeta "jaipongan"..Baheula tari sunda teu luput tina pangaruh Jawa. Tapi
waktu Jaipongan muncul taun 1980-an, anu kacita matak ngageunjleungkeun
sawatara dunya seni di Indonesia, geus mampu mangaruhan kesenian Jawa.
Wayang kulit Ki Anom Suroto, Wayang kulit Ki Mantep, jeung kasenian nu
sejenna utamana dina tabeuhan kendang kacida ecesna. Malah harita keur abdi
jeung rerencangan nganjrek di Solo, teu elat nu menta sajian kesenian teh
kudu aya jaipongan. atuh bungah we ari keur abdi mah hehe. Nu lucuna deui
sok aya pesenan ti masyarakat dina upacara adat kawinan hayang nu make
jaipongan cenah.

Tah ayeuna cobi dina campur sari..katingal pisan unsur seni Sunda
(jaipongan) aya di jerona. Nyakitu deui di gamelan Bali, geus aya nu
kapangaruhan ku Jaipongan.

Malah sababaraha pakar seni di Solo, ngaku kana kanyataan eta. Malah manehna
nu nyebutkeun yen Jaipongan (seni Sunda) geus jadi penjajah kesenian Jawa.
Sok ayeuna dina musik dangdut, jaipongan oge kungsi mere warna jeung mere
pangaruh kana musik dangdut. hehe

Matak sok rada hanjelu mun aya urang Sunda nu ngalecehkeun Jaipongan, sok
api-api teu resep padahal kudu ngaku kana kadasyatan Jaipongan..hehe

Kitu kang, ceuceu,
Cag ah
Ceu Een

------------------------------
*From:* Remi <[email protected]>
*To:* [email protected]
*Sent:* Thu, August 4, 2011 1:47:09 AM

*Subject:* [Baraya_Sunda] Re: Urang Sunda bau Arab?



Aya nu protes lantaran kuring make judul di luhur. Tapi da kumaha, nempo
kaayaan kabasan mah keukeuh we urang Sunda teh bau Arab. Teu bisa
dibalikeun, urang Arab bau Sunda. Boa urang Arab mah MOAL nyahoeun yen di
kolong dunya aya nu disebut urang Sunda?


Mun rek ngabaun batur, urang na kudu apal kana bau sorangan. Ngan lebah
bangsa Sunda mah, asa leuwih apal kana bau batur geuning? Budaya Sunda
leuwih dibauan ku budaya batur. Conto sejen anu nagleg? Urang Sunda oge bau
Jawa. Buktina? Undak Usuk Basa!

Iraha atuh urang Sunda bisa ngabuan batur? Aya anu apal kana bukti yen
budaya urang pernah mangaruhan budaya batur? Prak geura pedar!

Kirim email ke