Ari abdi mah ningalna eta teh salaku fenomena xenocentrism tea panginten, 
ngaraos sagala nilai budaya ti luar langkung pinunjul tibatan budaya pituin. 
Pan tos kacapangan di urang mah mun aya nu mulih nyaba timana we, sok rada 
legeg bin ningkah, nyarios ngangge basa sunda teh meni siga nu bau pisan. Tong 
boro nu ti lembur deungeun, pan sakadar ngulampreng ka batawi sababaraha minggu 
oge, pas turun tina beus disampeurkeun ku tukang ojeg teras ditaros: "Neng bade 
ka mana?", walerna teh..."eu...h, saya mau kesituh, ke air bambu iket..." 
cenah. Maksadna mah panginten bade ka Ciawi Tali :D

Nanging basa mah teu sabaraha panginten Kang, uih deui ka bahasan ngeunaan nami 
masigit, saur abdi mah tong boro nami masigit, dalah nami jalmina nyalira pan 
bau Arab. Dalah di ieu milis oge panginten aya kana langkung ti satengahna mah, 
model Ki Hasan, Abbas Amin, Abdullah, Muhammad, jeeste, hehe... punten ah...




>________________________________
>From: Ki Hasan <[email protected]>
>To: Ki Sunda <[email protected]>; Urang Sunda 
><[email protected]>
>Sent: Tuesday, 2 August 2011 12:48 AM
>Subject: [kisunda] Fwd: Re: Urang Sunda bau Arab?
>
>
>  
>
>
>
>---------- Forwarded message ----------
>From: Remi <[email protected]>
>Date: 2011/8/1
>Subject: [Baraya_Sunda] Fwd: Re: Urang Sunda bau Arab?
>To: [email protected]
>
>
>
>>
>> 2011/8/1 Abbas <abas_amin08@...>
>>
>> > **
>
>> >
>> >
>> > Tenang............ ulah gareuwah..........puasa yeuh.
>> > Sigana mah bener oge tah pamendak ki DOREMI teh.....
>> > ngan aya nganna; teu sagala bisa disundakeun kalayan luyu jeung rasa
>> > aya nu mun ku bada feungeun malah jadi PAS ! Matak naon urabng make basa
>> > deungeun ari keur kamaslahatan mah ?
>> > Lamun aya si JAMES asup jadi urang SUBDA rej ditarjamahkeun kumaha tah
>> > ngaran JAMES teh ? Sok aya bongbolongan ?
>> > Sok sidan bisa sahala fodundakeun atuh. Ke aya deuo kecap2 nu can aya
>> > sundana nu pas. Engke diberendelkeun !
>> >
>> > Jeung salian ngaran Masjid nu NGARAB masih loba hal penting lainna bahaseun
>> > urang sunda ! Contona aya sunda banten; Cirebon; Priangan jste; kumaha tah
>> > ayeuna ? Ulah jiga nu sumanget pisan ka na masalah NGARAB Sunda jeung Islam
>> > Sunda Sajati; ari hal lain dilurjeunkeun !
>> >
>
>Kang, basa mana wae di kolong dunya TAYA anu asli. Hiji basa PASTI disarungsum 
>ku unsur2 basa sejen, komo dina urusan kekecapan mah. Kecap injeuman dina basa 
>mana bae oge pabalatak.
>
>Anu jadi kamelang dina nengetan basa Sunda mah, nginjeum teh mani teu euleum2. 
>Mun kosa kata basa Sunda kabeh meunang nginjeum... naha basa Sunda teh bakal 
>dianggap eksis kitu? Sigana mah bakal ganti identitas jadi Sunrab? :))
>
>Lain kuring anti Arab atawa anti naon bae oge. Ngan kuring mah rada melang. 
>Mun basa Sunda diberendelan teuing ku unsur2 basa sejen na: Arab, Indonesia, 
>Inggris atawa basa dedemit... asa ningnang teuing nempo na. Ketah... sing saha 
>bae oge boga hak jeung wewenang migunakeun basa luyu jeung kahayang na. Kuring 
>boga babaturan. Dina migunakeun kecap ganti teh keukeuh make kecap 'ana'jeung 
>'ente'. teuing naon maksud na mah. Asa tara katohyan make kecap 'urang', 
>'aing', 'dewek' vs 'maneh', 'sia', 'anjeun'. Kaci? Nya kaci atuh! Ngan keur 
>kuring mah keukeuh rada aneh. Sarua aneh na mun jelema Sunda make kekecapan I 
>jeung you!
>Ngarah naon nya? Duka...:)))
>
>
>
>
>------------------------------------
>
>http://groups.yahoo.com/group/baraya_sunda/
>
>
>[Ti urang, nu urang, ku urang jeung keur urang balarea]Yahoo! Groups Links
>
>
>
>
>
> 
>
>

Kirim email ke