Tadi peuting, dina ceramah singkat majlis tarawehan, ustad ngabahas hubungan bacaan Qur'an jeung reaksi jama'ah-na. Ustad nganaha-naha ka jamaah. Kunaon cenah ari ngadengekeun bacaan Qur'an, jamaah teh hare-hare we. Sanajan nu dibacakeun teh eusina pikasediheun atawa pikasieuneun, jamaah mah nyalse we saleuseurian. Beda cenah jeung mun ngadengekeun ceramah motivasi, model ESQ, jama'ah teh bisa nepi ka nyegruk ceurik balilihan.
Jigana wae eta ustad teh poho, najan Qur'an kitab suci, ari basana teu kahartieun ku jamaah mah atuh puguh we, pamohalan jamaah rek ngarespon kana eta bacaan Qur'an teh. Ari motivator, najan nu dibahas lain ayat suci, motivator teh umumna mah psikolog nu ngarti ihwal kajiwaan, basana deui basa nu sarua jeung jama'ahna, atuh puguh we nyambung. Numatak baraya, ari nyutat ayat suci teh, heug hartikeun, surahan ku sorangan, ngarah jamaah ngartieun. .
