Subuh-subuh tas saur kuring mukaan millis, aya posting di millis 
wanita_muslimah nu mere alamat reportase France 24 TV (cenah mah Televisi beja 
siga BBC) perkara Sex Tourism In Indonesia 
(http://www.altmuslimah.com/a/b/a/sex_tourism_in_indonesia/). Reportase ieu 
nyaritakeun kumaha Indonesia jadi tempat "wisata Seks" urang Arab Saudi. 
Cilakana nu disorot jeung diwawancara teh para pelacurna  jeung suasana 
kaawasan PUNCAK. Pas urang Arab Saudina mah malah gambarna diteu-jelaskeun. 
Rada ngaheunggeu oge nempo lembur sorangan dibejakeun ku TV Internasional jadi 
tempat "Wisata Seks", sanajan keur kuring beja ieu teu aneh deui, sabab geus 
loba dibejakeuun ku media lokal. Nu rada Istimewa teh pedah anyar keneh 
dsiarkeunana tanggal 13 Agustus, jadi pas bulan Puasa (Duka ari kajadianana 
mah).

Sanggeus nempo pilem reportase eta, kuring lalayaran deui, breh teh manggih 
beja cenah kamari (20 Agustus 2011), warung-makan di PUNCAK disweeping, teu 
meunang buka ti beurang salila bulan Puasa. 
http://www.tempointeraktif.com/hg/kriminal/2011/08/21/brk,20110821-352751,id.html

Tina dua beja eta, kuring nagarasa bet aya ironi. Ironina asa can kungsi 
ngadenge/ beja aya massa nu sweeping di kantong prostitusi langganan urang 
Timur Tengah di PUNCAK, tapi malah nu kabejakeun teh bet sweeping warung makan 
nu notabene mah usaha nu halal teu ngalanggar aturan naon-naon. Naha nya bet 
diskriminatif kitu? Enya diskriminatif, siga "diksriminatip"na saurang ungkluk 
(pelacur) nu diwawancara dina reportasi France 24 TV : "Kuring leuwih resep 
lalaki Arab Saudi, tinimbang lalaki Indonesia, sabab lalaki Saudi mah loba duit 
......"



Baktos,
WALUYA




------------------------------------

Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    [email protected] 
    [email protected]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [email protected]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/

Kirim email ke