Naaaa ari ustad can sadar kitu kapan nu solat ge loba nu cungkelik cungkedang 
teu ngarti naon nu dibaca. Matak lekum lekum berecet nya euweuh tapakna lian ti 
gugur tugas hungkul. Dina hal qur an asana mah nu jadi tradisi mah maca/maos 
qur'an lain ngaji (mengkaji) eusi al qur'an. Atuh ngarti kana eusi bacaan al 
qur'an beuki hese bisa jadi kulantaran beuki langka tarjamah qur'an na basa 
sunda. Balik deui "basa sunda", lajuninglaku hasil/deklarasi 
KBS.....haloooowwww araya yeuh?


jp

Dari: Ki Hasan <[email protected]>
Kepada: Ki Sunda <[email protected]>
Cc: Urang Sunda <[email protected]>; Baraya Sunda 
<[email protected]>
Dikirim: Minggu, 21 Agustus 2011 16:04
Judul: [kisunda] Basa - Bacaan Qur'an vs Seuri jeung Ceurik?


  
Tadi peuting, dina ceramah singkat majlis tarawehan, ustad ngabahas hubungan 
bacaan Qur'an jeung reaksi jama'ah-na.
Ustad nganaha-naha ka jamaah. Kunaon cenah ari ngadengekeun bacaan Qur'an, 
jamaah teh hare-hare we. 
Sanajan nu dibacakeun teh eusina pikasediheun atawa pikasieuneun, jamaah mah 
nyalse we saleuseurian.
Beda cenah jeung mun ngadengekeun ceramah motivasi, model ESQ, jama'ah teh bisa 
nepi ka nyegruk ceurik balilihan.

Jigana wae eta ustad teh poho, najan Qur'an kitab suci, ari basana teu 
kahartieun ku jamaah mah atuh puguh we, pamohalan
jamaah rek ngarespon kana eta bacaan Qur'an teh. Ari motivator, najan nu 
dibahas lain ayat suci, motivator teh umumna mah
psikolog nu ngarti ihwal kajiwaan, basana deui basa nu sarua jeung jama'ahna, 
atuh puguh we nyambung.

Numatak baraya, ari nyutat ayat suci teh, heug hartikeun, surahan ku sorangan, 
ngarah jamaah ngartieun.  . 

Kirim email ke