benten atuda ajengan sareng ustad mah. (mama) ajengan mah tos dugi ka tahap 'nu gaduh pasantren', istilah sejenna kiai. sedengkeun ustad mah sebutan sejen keur guru (ngaji).
sabenerna aya istilah sunda nu ayeuna keur nemen dipake ku 'alim' agama. jigana rada ised luhur saeutik ti ustad. nyaeta: AA. diawitan ku aa gatot, aa gim, saterasna aya aa hadi, aa uu, aa ii, aa oo nu teu acan aya aa éé... :) Pada 23 Agustus 2011 12:21, <[email protected]> menulis: > ** > > > ** Sapuk, sapamadegan sareng kang Dikdik, beda level ajengan mah aya > wiwaha leuwih tina kaelmuagamaan. Nu jadi kaprihatinan ngaleungitna gelar > ajengan boa2 ku langkana jalma nu hak disebut ajengan di tatar sunda. > > Powered by Telkomsel BlackBerry® > ------------------------------ > *From: * "Dikdik" <[email protected]> > *Sender: * [email protected] > *Date: *Tue, 23 Aug 2011 04:43:03 -0000 > *To: *<[email protected]> > *ReplyTo: * [email protected] > *Subject: *Ajengan Tos Teu Aya? Re: [kisunda] Atikan - Pasantren > Margasari, Ciwastra Bandung > > > > ceuk kuring mah, sabenerna lain kageser mang, tingkat ajengan leuwih loba > pangarti batan ustad, atawa leuwih dipihormat ku masyarakat kusabab salian > ti pangarti dina agama oge wijaksana atawa dianggap kokolot. > basa kuring keur di lembur, ustadz aya, ajengan aya. ngan tetep beda rasa, > nu aya dina emutan kuring, ajengan mah handap asor, wijaksana, loba > pangalaman da geus kolot biasana oge tara loba omong. > kunaon ayeuna ajengan teu pati kadenge, kusabab makin saeutik nu bisa > dianggap salaku ajengan ku masyarakat teh. > ari ustadz mah biasana nu sok mere ceramah atawa ngajar ngaji barudak. > pemuda anyar lulus ti pasantren, ngajar di madrosah atawa ngajar ngaji ka > barudak, sok langsung disebut ustadz. > lain berarti ustadz goreng, ngan eta mah tina segi pandang masyarakat weh > nu ngabedakeun ustadz jeung ajengan. > > kitu dina pamikiran kuring mah > > > --- In [email protected], Ki Hasan <khs579@...> wrote: > > > -- d-: dudi herlianto :-q paciringan.wordpress.com kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk
