nya seueur pisan nash-nash anu teu asup akal. tapi akal oge kudu dibarengan ku 
iman, sanes? mangkana ceuk Allah akal teh kanggo mikir, sanes mikiran kumaha 
wujud Allah...da kuring oge kurang masuk akal upami ngemutan waktos Nabi nampi 
wahyu ti Allah, kaayaan Nabi teh jalmi bodo, buta huruf dititah maos ku 
Malaikat Jibril........Iqra. Kang mun kuring sok seuring teuing ngagunakeun 
akal lumpatna sok lieur sirah, batan lieur sirah ah mendingan samina wa atona 
we.... 
Punten kang,
Pangemutan kuring, ti diri jalmi anu tos dewasa ngagaduhan tilu unsur daya jiwa 
nyaeta AKAL, RASA, sareng IMAN. Diantara tilu daya jiwa eta sok sering pisan 
kategangan atawa konflik-konflik anu henteu sapendapat. Mangkana daya jiwa IMAN 
mangrupakeun paniis, anu bisa ngaredakeun konflik-konflik tadi.
Nya jalmi sok milarian kaendahan, didieu butuh seni nyaeta bidang anu 
nonjolkeun unsur RASA. Jalmi sok milarian kabeneran, didieu dibutuhkeun elmu 
anu pastina ngabutuhkeun AKAL. Sedengken kaadilan, katumaninahan aya di widang 
AGAMA, mangkana dibutuhkeun IMAN. jalmi bisa hirup bagja, bahagia, saumpamana 
manehna tos mampu ngahijijeun nu harmonis tilu daya jiwa, timana teu aya daya 
jiwa anu ngelehkeun daya jiwa lainna.
Jalmi anu sok sering teuing ngagunakeun unsur RASA tanpa dibarengan ku kamajuan 
AKALna, pastina bakal panggih jeung masalah anu henteu harmonis dina rohanina. 
manehna sok gampang nangkep isyarat-isyarat alam tanpa ngolah heula ku AKAL, 
anu akhirna sok gampang Mangerankeun keris, gunung, tangkal, bulan, panon poe 
jeung sajabina. 
Kitu deui jalmi anu sok sering ngagunakeun unsur AKAL tanpa unsur RASA, sok rea 
jalmi jadi senewen, sampe anu parah mah henteu percaya ayana Allah.
Kumargi kitu, ajaran Islam baris ngahijikeun ka dua unsur daya jiwa jeung unsur 
anu katilu nyaeta IMAN. Jalmi muslim wajib ngaluskeun unsur RASA, AKAL jeung 
nebalkeun IMAN.
1. RASA = IKHLAS, IKHSAN, AKHLAQ sareng DZIKIR
2. AKAL = ILMU sareng TAFAKUR
3. IMAN = TAUHID, TAQWA sareng IBADAH
Firman ALlah Swt.:
"Saestuna dina penciptaan langit jeung bumi, silih gantina beurang jeung 
peuting eta tamda pikeun jelema anu boga AKAL, nyeta jelema-jelema anu ingat ka 
ALLAH bari nangtung atawa diuk jeung maranehna mikiran penciptaan langit jeung 
bumi (bari ngomong) : "Nyun Gusti Abdi, saestuna Anjeun nyiptakeun ieu teh 
henteu mubajir, Maha Suci Anjeun, mugia ngaraksa ka diri abdi tina siksa 
naraka" (QS. Ali Imran : 190-191)
 
Punten kang, mules beuteung kuring
 
Baktos,
SPA
 
 
Dari: Ahmad Sahidin <[email protected]>
Kepada: "[email protected]" <[email protected]>
Dikirim: Kamis, 8 September 2011 12:03
Judul: Bls: [kisunda] Islam diwangun dina lima perkara


  
nya ari ti nash na mah kitu. aya teu alesan nu asup akal. 
pan agama teh aya dimensi rasio na. cobi guar; lain ngan ukur copypaste :-)

www.ahmadsahidin.wordpress.com

Dari: Sp Saprudin <[email protected]>
Kepada: "[email protected]" <[email protected]>
Dikirim: Kamis, 8 September 2011 10:43
Judul: Bls: [kisunda] Islam diwangun dina lima perkara


  
Kang Ahmad, punten sanes bade mairan kana pertarosan akang. Ceuk pemahaman 
kuring shalat mangrupakeun ibadah mahdhoh anu ngagaduhan kautamaan husus ti 
Allah Swt. Salain eta shalat eta mangrupakeun perkara anu ngabedakan jalmi 
muslim sareng jalmi non muslim, saha jalmi anu ninggalkeun shalat, maka manehna 
tos kalebet kufur. Salajeungna shalat mangrupakeun amal anu kahiji anu bakal 
dihisab ku Allah. Dina salah sahiji katerangan hadist, Nabi ngadawuh yen shalat 
mangrupaken amal anu ngagugurkeun dosa unggal poe. Dina dawuhanna Rasulallah 
ngajelaskeun ka sahabat-sahabatna : "Kumaha pendapat maraneh saumpama aya hiji 
walungan ti hareupeun panto imah, teras tiap jalma marandi dina eta walungan 
unggal poe lima kali, kira-kira masih aya kotoran dina awakna? Para sahabat 
ngawaler : "Tangtu moal aya" Rasulallah ngadawuh : Tah eta parumpamaan shalat 
lima waktu, maka Allah baris ngahapus kana sagala kasalahan (Muttafaq 'Alaih).

Kanggo katerangan masalah awewe anu haid shalatna teu di qodo. Ngarujuk kana 
hadits Aisyah, anjena ngadawuh : "Waktu kadatangan haid, kuring diparentahkeun 
kudu ngaganti (godo) puasa, jeung teu diparentahkeun ngaganti (godo) shalat 
(H.R. Bukhari).

Dina al Qur'an surat al Baqarah ayat 222 Allah Swt ngajelasken masalah haid. 
Nyatana haid teh nyaeta kotoran...............................

Kuring percanten ka Kang Ahmad ku masalah kawajiban shalat fardhu. Sanes kuring 
bade ngajarkeun ngojay ka meri, ieu itu-itung obrolan we.....hapunten dulur...

baktos,
SPS


Dari: Ahmad Sahidin <[email protected]>
Kepada: "[email protected]" <[email protected]>
Dikirim: Kamis, 8 September 2011 7:50
Judul: Bls: [kisunda] Islam diwangun dina lima perkara


  
aya teu alesan na rasional en shalat teh tiang agama. da cek kuring mah mun 
ditinggal na pahala; nu langsung ka Allah teh puasa. shalat keur urang 
sorangan. teras kunaon mun awewe nu hed teu kudu diqodoan shalat nu 
tinggalkeun. ari puasa mah kudu dikodoan mun hed teh. cing aya teu tiasa 
ngajentrekeun :-)

www.ahmadsahidin.wordpress.com

Dari: Sp Saprudin <[email protected]>
Kepada: "[email protected]" <[email protected]>
Dikirim: Kamis, 8 September 2011 7:19
Judul: Bls: [kisunda] Islam diwangun dina lima perkara


  
Punten kang, salah ngucap simkuring, shalat teh panginten tiang agama, anu 
janten pondasinamah nyaeta dua kalimah sahadat tea (sahadatain).
Hartina shalat ceuk aturan bahasa nyaeta "doa", ari ceuk istilah shalat teh 
nyaeta mangrupakeun laku lampah anu disarengan ku ucapan dimimitian ku 
takbiratulikhram sareng ditungtungan ku salam sakumaha anu ditegeskeun ku 
syarat-syarat anu aya.
Kitu ceunah saur ajeungan
 
Salam,
SPS

Dari: "Sulkan, Muhamad (D&DTooling)" <[email protected]>
Kepada: [email protected]
Dikirim: Kamis, 8 September 2011 7:06
Judul: RE: [kisunda] Islam diwangun dina lima perkara


  
Naha nu janten pundasi teh bet dina parkara nu kadua, Sholat tea? 
Cik naon ath nu disebut Sholat teh ari kasauran Ajeungan.
Mangga alungkeun pituduhna ah ………
 
Baktos.
Sulkan, M


 
From:[email protected] [mailto:[email protected]] On Behalf Of Sp 
Saprudin
Sent: Wednesday, September 07, 2011 3:34 PM
To: [email protected]
Subject: Bls: [kisunda] Islam diwangun dina lima perkara

  
Panginten henteu ajeg alias oleng ceuk budak ayeuna mah...he..he..
Saur Ajeungan ari sholat teh pundasi agama, saha jalma ngalaksanakeun sholat 
hartina tos ngajegkeun agamana, saha jalma anu henteu sholat hartina 
ngarubuhkeun agamana.........da upami puasa, zakat, sareng haji pan aya 
toleransina.  Tapi mun ninggalkeun shalat dihaja atuh beurat itung-itunganna. 
Upamai  shalat henteu tiasa nangtung, tiasa calik, teu tiasa calik, tiasa bari 
ngadapang, teu tiasa ngadapang ku isyarat mata, henteu tiasa ku isyarat mata, 
hartina INNALILLAHI WA INNAILAHI ROJIUUN.
 
Salam,
SPS
 
Dari:Kumincir Wikidisastra <[email protected]>
Kepada: [email protected]
Dikirim: Rabu, 7 September 2011 14:20
Judul: Re: [kisunda] Islam diwangun dina lima perkara
  
Ka, lamun aya hiji/dua anu teu kalaksana, naha islamna runtuh atawa ukur teu 
ajeg?
2011/9/7 Sp Saprudin 
عَنْ أَبِيْ عَبْدِ الَّرحْمَنِ عَبْدِ اللهِ بْنِ عُمَرَ بْنِ الْخَطَّابِ رَضِيَ 
اللهِ عَنْهُمَا قَالَ: سَمِعْتُ رَسُوْلَ اللهِ صَلَّى اللهُ عَلَيْهِ وَسَلَّم 
يَقُوْلُ: بُنِيَ الإسْلاَمُ عَلَى خَمْسٍ: شَهَادَةِ أَنْ لاَإِلَهَ إِلاَّ اللهُ 
وَ أَنَّ مُحَمَّدًا رَسُوْلُ اللهِ وَإِقَامِ الصَّلاَةِ وَإِيْتَاءِ الزَّكَاةِ, 
وَحَجِّ الْبَيْتِ, وَصَوْمِ رَمَضَانَ. (رواه البخاري و مسلم)
Abu Abdurrahman Abdullah bin Umar bin Khaththab ra. nyaritakeun : Kuring pernah 
ngadangu Rasululah Shallallahu 'alaihi wa sallam ngadawuh: "Islam diwangun dina 
lima perkara (1) Nyaksikeun yen henteu aya Pangeran salain Allah sareng 
Muhammad Rasul Allah, (2) Ngadegkeun Shalat, (3) ngaluarkeun zakat, (4) 
ngalaksanakeun ibadah haji sareng (5) Puasa dina bulan Ramadhan" (HR Bukhari & 
Muslim).
 








Kirim email ke