Jigana Kang Ahsa, ieu mah jigana nya. Hehehe. Shalat teh dijadikeun ikon, imej, nu bisa dijadikeun representasi pikeun ngabedakeun muslim jeung non-muslim. Apan geuning muslim nu hideng mah, mun geus apal wancina sholat, umumna mah aktifitas naon wae nu keur diagrap, sok di-pause heula, ditunda, nyelang heula keur ngalakonan sholat. Ari kangaranan aktifitas apan ilahar campur gaul jeung rupa-rupa jalma nu tangtu agemanana oge teu sarua. Tah kulantaran kitu, kalakuan muslim nu konsisten sok nyelang shalat heula dina kaayaan naon wae, bisa jadi indikator pikeun jalma sakurilingna yen si eta teh muslim. Jadi we, sholat teh disebut tihang agama, da dijadikeun pancer eksistensi muslim pikeun nu lianna. Ari rukun nu lianna mah apan bisa teu katembong.
2011/9/8 Ahmad Sahidin <[email protected]> > ** > > > nya ari ti nash na mah kitu. aya teu alesan nu asup akal. > pan agama teh aya dimensi rasio na. cobi guar; lain ngan ukur copypaste :-) > > www.ahmadsahidin.wordpress.com > *Dari:* Sp Saprudin <[email protected]> > *Kepada:* "[email protected]" <[email protected]> > *Dikirim:* Kamis, 8 September 2011 10:43 > > *Judul:* Bls: [kisunda] Islam diwangun dina lima perkara > > > Kang Ahmad, punten sanes bade mairan kana pertarosan akang. Ceuk > pemahaman kuring shalat mangrupakeun ibadah mahdhoh anu ngagaduhan kautamaan > husus ti Allah Swt. Salain eta shalat eta mangrupakeun perkara anu > ngabedakan jalmi muslim sareng jalmi non muslim, saha jalmi anu ninggalkeun > shalat, maka manehna tos kalebet kufur. Salajeungna shalat mangrupakeun amal > anu kahiji anu bakal dihisab ku Allah. Dina salah sahiji katerangan hadist, > Nabi ngadawuh yen shalat mangrupaken amal anu ngagugurkeun dosa unggal poe. > Dina dawuhanna Rasulallah ngajelaskeun ka sahabat-sahabatna : "Kumaha > pendapat maraneh saumpama aya hiji walungan ti hareupeun panto imah, teras > tiap jalma marandi dina eta walungan unggal poe lima kali, kira-kira masih > aya kotoran dina awakna? Para sahabat ngawaler : "Tangtu moal aya" > Rasulallah ngadawuh : Tah eta parumpamaan shalat lima waktu, maka Allah > baris ngahapus kana sagala kasalahan (Muttafaq 'Alaih). > > Kanggo katerangan masalah awewe anu haid shalatna teu di qodo. Ngarujuk > kana hadits Aisyah, anjena ngadawuh : "Waktu kadatangan haid, kuring > diparentahkeun kudu ngaganti (godo) puasa, jeung teu diparentahkeun ngaganti > (godo) shalat (H.R. Bukhari). > > Dina al Qur'an surat al Baqarah ayat 222 Allah Swt ngajelasken masalah > haid. Nyatana haid teh nyaeta kotoran............................... > > Kuring percanten ka Kang Ahmad ku masalah kawajiban shalat fardhu. Sanes > kuring bade ngajarkeun ngojay ka meri, ieu itu-itung obrolan we.....hapunten > dulur... > > baktos, > SPS > > *Dari:* Ahmad Sahidin <[email protected]> > *Kepada:* "[email protected]" <[email protected]> > *Dikirim:* Kamis, 8 September 2011 7:50 > *Judul:* Bls: [kisunda] Islam diwangun dina lima perkara > > > aya teu alesan na rasional en shalat teh tiang agama. da cek kuring mah > mun ditinggal na pahala; nu langsung ka Allah teh puasa. shalat keur urang > sorangan. teras kunaon mun awewe nu hed teu kudu diqodoan shalat nu > tinggalkeun. ari puasa mah kudu dikodoan mun hed teh. cing aya teu tiasa > ngajentrekeun :-) > > www.ahmadsahidin.wordpress.com > *Dari:* Sp Saprudin <[email protected]> > *Kepada:* "[email protected]" <[email protected]> > *Dikirim:* Kamis, 8 September 2011 7:19 > *Judul:* Bls: [kisunda] Islam diwangun dina lima perkara > > > Punten kang, salah ngucap simkuring, shalat teh panginten tiang agama, anu > janten pondasinamah nyaeta dua kalimah sahadat tea (sahadatain). > Hartina shalat ceuk aturan bahasa nyaeta "doa", ari ceuk istilah shalat teh > nyaeta mangrupakeun laku lampah anu disarengan ku ucapan dimimitian ku > takbiratulikhram sareng ditungtungan ku salam sakumaha anu ditegeskeun ku > syarat-syarat anu aya. > Kitu ceunah saur ajeungan > > Salam, > SPS > > *Dari:* "Sulkan, Muhamad (D&DTooling)" <[email protected]> > *Kepada:* [email protected] > *Dikirim:* Kamis, 8 September 2011 7:06 > *Judul:* RE: [kisunda] Islam diwangun dina lima perkara > > > Naha nu janten pundasi teh bet dina parkara nu kadua, Sholat tea? > Cik naon ath nu disebut Sholat teh ari kasauran Ajeungan. > Mangga alungkeun pituduhna ah ……… > > Baktos. > *Sulkan, M* > > ** > > *From:* [email protected] [mailto:[email protected]] *On > Behalf Of *Sp Saprudin > *Sent:* Wednesday, September 07, 2011 3:34 PM > *To:* [email protected] > *Subject:* Bls: [kisunda] Islam diwangun dina lima perkara > > > Panginten henteu ajeg alias oleng ceuk budak ayeuna mah...he..he.. > Saur Ajeungan ari sholat teh pundasi agama, saha jalma ngalaksanakeun > sholat hartina tos ngajegkeun agamana, saha jalma anu henteu sholat hartina > ngarubuhkeun agamana.........da upami puasa, zakat, sareng haji pan aya > toleransina. Tapi mun ninggalkeun shalat dihaja atuh beurat > itung-itunganna. Upamai shalat henteu tiasa nangtung, tiasa calik, teu > tiasa calik, tiasa bari ngadapang, teu tiasa ngadapang ku isyarat mata, > henteu tiasa ku isyarat mata, hartina INNALILLAHI WA INNAILAHI ROJIUUN. > > Salam, > SPS > > *Dari:* Kumincir Wikidisastra <[email protected]> > *Kepada:* [email protected] > *Dikirim:* Rabu, 7 September 2011 14:20 > *Judul:* Re: [kisunda] Islam diwangun dina lima perkara > > Ka, lamun aya hiji/dua anu teu kalaksana, naha islamna runtuh atawa ukur > teu ajeg? > 2011/9/7 Sp Saprudin > عَنْ أَبِيْ عَبْدِ الَّرحْمَنِ عَبْدِ اللهِ بْنِ عُمَرَ بْنِ > الْخَطَّابِ رَضِيَ اللهِ عَنْهُمَا قَالَ: سَمِعْتُ رَسُوْلَ اللهِ صَلَّى > اللهُ عَلَيْهِ وَسَلَّم يَقُوْلُ: بُنِيَ الإسْلاَمُ عَلَى خَمْسٍ: شَهَادَةِ > أَنْ لاَإِلَهَ إِلاَّ اللهُ وَ أَنَّ مُحَمَّدًا رَسُوْلُ اللهِ وَإِقَامِ > الصَّلاَةِ وَإِيْتَاءِ الزَّكَاةِ, وَحَجِّ الْبَيْتِ, وَصَوْمِ رَمَضَانَ. > (رواه البخاري و مسلم) > Abu Abdurrahman Abdullah bin Umar bin Khaththab ra. nyaritakeun : Kuring > pernah ngadangu Rasululah Shallallahu 'alaihi wa sallam ngadawuh: "Islam > diwangun dina lima perkara (1) Nyaksikeun yen henteu aya Pangeran salain > Allah sareng Muhammad Rasul Allah, (2) Ngadegkeun Shalat, (3) ngaluarkeun > zakat, (4) ngalaksanakeun ibadah haji sareng (5) Puasa dina bulan Ramadhan" > (HR Bukhari & Muslim). > > > > > > > > > > >
