Ceuk uing mah, seni jeung agama aya kasaruanana. Nu aranna seni di Dunya rupa-rupa, loba jenisna. Tapi teu kabeh jelema resep kana kabeh seni. Nu resep musik dangdut acan tangtu resep kna musik jazz kitu deui sabalikna. Nu resep degung jeung kacapi suling, pasti nutupeun ceulina pas ngadenge musik budak ngora jaman ayeuna. Ceuk nu resep gambar abstrak, lukisan Afandi endah, ceuk uing mah siga meunang budak curat-caret....jst. Nu nunjukkeun mikaresep seni gumantung ka jelemana.
Tah ayeuna agama. Aya rupa-rupa agama jeung aliran agama di Dunya ieu nu baroga pangagem masing-masing. Masing-masing pangagem ngarasa "ngeunah" jeung agemanana, jeung rata-rata embungeun pindah ageman, sanajan dipaksa atawa dibibita bakal leuwih ngeunah. Jadi Ageman (agama & aliran) aya kasaruanana jeung seni, nyaeta gumantung kana RASA jelema nu mikaresepna/ ngagemna. WLY --- In [email protected], Sp Saprudin <udarider@...> wrote: > > Ceuk kula mah seni geus mangrupakeun instrumen atau system anu nerap ti diri > manusa. Sabab manusa sok cenderung dina hirupna sok neangan kaendahan anu > tangtuna bidang seni nyaeta bidang anu nonjolkeun unsur rasa tea. seni. Mun > jalma teu boga rasa, hartina eta jalma ERROR. Ngawangun gedung pan kudu aya > senina. Kitu deui jeung urusan agama nyaeta Dakwah pikeun nyiarkeun agama > Islam apan kudu boga seni. Mun ustad atawa mubalig dina dakwahna henteu > boga seni, pasti jalma anu ngahadiran barubar. > Conto : Assalamualaikum wr. wb. (norolong jiga motor butut euweuh reman) > Hadirin anu dimulyakeun ku Allah, urang kudu solat, kudu puasa, kudu zakat, > kudu...kud..kud...kuduuuuuuuuuuuuuuuuuuuuuuuuuuuu pokona kudu!!!!!!!!! > Mun teu sarolat, teu paruasa, teu jarakat asup naraka > !!!!!!!!!!!!!!!!!!!!!!!!!!!! > Ceuk jamaah mendingan molor di imah ah........ > Beu mun dakwah henteu ngabogaan seni, cilaka tujuh mulud, Islam baris > ditingalkeun jamaah. >  ------------------------------------ Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/ <*> Your email settings: Individual Email | Traditional <*> To change settings online go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join (Yahoo! ID required) <*> To change settings via email: [email protected] [email protected] <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [email protected] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
