Bener pisan dulur. Mun dipakaitkeun kana urusan hirup (susah atawa bahagia), 
rea jelema stress kulantaran nyanghareupan hirup anu pinuh ku sagala 
persaingan. Sabab teu narima kana kaayan hirup hayang itu hayang ieu tapi teu 
kahontal, otak mikir sampe lumpat kana ngundi nasib nyaeta ngutak ngatik nomor 
buntut. Dina pikiranna hayang ngadak beunghar....beu cilaka mun hirup teu aya 
tumarimana (syukur) ka anu tos masihan kahirupan ka urang sadaya, pasti teu 
jauh jeung stress, mun geus stres gawena ngan ngukur-ngukur jalan unggal poe 
bari teu make kolor.
 
Mun dipakaitkeun keur basa budak, mun ema masak lauk asin peda jeung sambal, 
sok nembal "asin deui....asin deui.......cik atuh ema sakali-kali masak bakakak 
hayam, masak ulukutek, sate embe, rendang daging, sop ceker hayam". ceuk ema : 
"Lain henteu hayang ema masak kadaharan rageum kitu, da bapa maneh mere duitna 
cukup pikeun meuli asin peda. He..he..he..
 
Salam,
SPS

Dari: Akang Tajimalela <[email protected]>
Kepada: [email protected]
Dikirim: Selasa, 20 September 2011 6:37
Judul: Bls: [kisunda] Ngeunah Aing teu Ngeunah Aing

  
"....Cindekna, nikmat henteuna daraheun teh gumantung kana pipikiran urang 
sorangan keneh, naha arek ditarimakeun atawa diapilainkeun......" bener kang 
Ilen satuju pisan.Nu kieu teh lain katuangan wae.

Janten mun pelem mah dina letah mun nikmat mah nepikeun ka jero hate, ayeuna 
mah loba nu pelem tapi teu nikmat...

TM 

--- Pada Sen, 19/9/11, ilen kardani <[email protected]> menulis:


>Dari: ilen kardani <[email protected]>
>Judul: [kisunda] Ngeunah Aing teu Ngeunah Aing
>Kepada: "[email protected]" <[email protected]>
>Tanggal: Senin, 19 September, 2011, 1:51 PM
>
>
>  
>Dulur,Keur budak mah sok rada mentegeg lamun si ema masak asin sepat jeung 
>sambel teh, da kahayang mah harita teh mun balik sakola teh disampakeun daging 
>hayam atawa lauk emas goreng, kukituna jadi teu nikmat dahar oge da teu 
>narimakeun kanu aya dina piring. Ari ayeuna mah, mun aya restoran nu ngajual 
>asin sepat jeung sambel tarasi sok ngahaja dijugjug sanajan jauh oge, jeung 
>meni nikmat pisan dina ngahuap na oge da eta nu dipikahayang. Hampura ema, 
>baheula kuring sok tara narimakeun kana naon-naon nu dipaparin ku 
>ema.Cindekna, nikmat henteuna daraheun teh gumantung kana pipikiran urang 
>sorangan keneh, naha arek ditarimakeun atawa diapilainkeun.sakitu lur,  

Kirim email ke