Enya di Boeneo mah, mun ka warung, moal panggih jeung kejo pulen. Da urang
dinya mah teu resepeun kan kejo pulen. Karesepna kana kejo "karau" alias
bear, jiga kejo urang Pakistan. Sok lah ke urang botram nya, ngaredok leunca
jeung lauk asin.

2011/9/20 <[email protected]>

> **
>
>
> ** Muhun Ki leres visan langkung seueur di dieu mah, tp sikuring hese
> milari anu cocog jeung letah Sunda. Karena :
> 1. Sanguna sok bear gening
> 2. Sepatna teu ciga di lembur, digoreng garing
> 3. Haroream ngagorengna mun ku olangan mah da gening :d
> 4. Cigana kudu balakecrakan di Banjarmasin jeung Aki skali-kali mah,,
> hehehe..
>
> Diantos visan ah pami tos di BJM
>
> Powered by Telkomsel BlackBerry®
> ------------------------------
> *From: * Ki Hasan <[email protected]>
> *Sender: * [email protected]
> *Date: *Tue, 20 Sep 2011 01:34:30 +0800
> *To: *<[email protected]>
> *ReplyTo: * [email protected]
> *Subject: *Re: [kisunda] Ngeunah Aing teu Ngeunah Aing
>
>
>
> Kang Jelan, di Borneo teh tempatna rupa-rupa lauk. Mun di urang lauk
> balong, di dinya mah lauk walungan. Komo eta nu ngaranna asin sepat mah
> tempatna, dikarungan, tinggal milih lauk sepat garing tawar atawa asin.
> Salian ti eta, loba rupa lauk sejenna, nu di urang geus langka, kayaning
> betok, patin, baung, saluang, jeung sajabana.
>
> 2011/9/19 <[email protected]>
>
>> **
>>
>>
>> ** Panuju pisan akang, malah sikuring mah ayeuna hese milari kos kitu teh
>> da haruan (lauk gabus) deui, haruan deui di pangumbaraan mah. Rek masak, da
>> can aya nu mangmasakkeunna. Mantak sono visan weh ka sepat siem teh,,
>> digoreng garing tambah sambel tarasi plus pucuk daun sampeu jang coelna.
>> Raozzz cigana nya,,
>>
>> Powered by Telkomsel BlackBerry®
>> ------------------------------
>> *From: * ilen kardani <[email protected]>
>> *Sender: * [email protected]
>> *Date: *Mon, 19 Sep 2011 06:51:57 -0700 (PDT)
>> *To: *[email protected]<[email protected]>
>> *ReplyTo: * [email protected]
>> *Subject: *[kisunda] Ngeunah Aing teu Ngeunah Aing
>>
>>
>>
>> Dulur,
>>
>> Keur budak mah sok rada mentegeg lamun si ema masak asin sepat jeung
>> sambel teh, da kahayang mah harita teh mun balik sakola teh disampakeun
>> daging hayam atawa lauk emas goreng, kukituna jadi teu nikmat dahar oge da
>> teu narimakeun kanu aya dina piring. Ari ayeuna mah, mun aya restoran nu
>> ngajual asin sepat jeung sambel tarasi sok ngahaja dijugjug sanajan jauh
>> oge, jeung meni nikmat pisan dina ngahuap na oge da eta nu dipikahayang.
>> Hampura ema, baheula kuring sok tara narimakeun kana naon-naon nu dipaparin
>> ku ema.
>>
>> Cindekna, nikmat henteuna daraheun teh gumantung kana pipikiran urang
>> sorangan keneh, naha arek ditarimakeun atawa diapilainkeun.
>>
>> sakitu lur,
>>
>>
>>
>   
>

Kirim email ke