ulah ri, dalah mikir banten doang oge acak kadut

2011/10/24 Sp Saprudin <[email protected]>

> **
>
>
> Dulur, mun urang rajin maca jeung netelakeun kitab su al-Qur'an, pastina
> urang baris manggih loba ayat anu patula patali jeung alam sakurilingna. Di
> jero al Qur'an, ayat kahiji anu diturunkeun nyaeta masalah palajaran "maca".
> Ragem ahli tafsir anu ngajentrekeun yen maca didieu saestuna lain sakadar
> maca buku. Baris tikitu ngandung harti anu leuwih luas nyaeta maca "alam
> sakurilingna".
> Pikeun maca alam urang merlukeun alat bantu nyaeta Elmu Panganyaho jeung
> Teknologi. Elmu Panganyaho jeung Teknologi eta sorangan mangrupakeun hasil
> usaha manusa dina raraga ngahareupan kahirupan di alam dunya. Salah sahiji
> hasil jieunan manusa, tinangtu Elmu Panganyaho jeung Teknologi bisa mere
> manfaat ka manusia jeung alam sakurilingna, oge bisa ngadatangkeun
> mudarotna. Elmu Panganyaho jeung Teknologi ieu anu mangrupakeun olahan hasil
> organ manusia anu gede gunana, nyaeta akal.
> Allah Swt. geus mere alat anu mujarab (ampuh) ka manusia nyaeta akal, hal
> ieu kudu dibarengan ku hate nurani. Mun ieu akal henteu baris diimbangan ku
> hate nurani anu engkena dieunteungkeun tina etika kahirupan, kakuatan akal
> eta baris ngadatangkeun kabinasaan di alam dunya. Sabab akal manusia sok
> neangan jeung ningkatkeun anu disebut efektif jeung efisien tea. Hal ieu mun
> henteu ngagunakeun hate nurani, henteu jarang manusia tina ngusahakeun sok
> neangan anu efektif jeung efisien baris ngabinasakeun manusa sejen.
> Contoh anu simpel tina ngarojong kahirupan anu efektif jeung efisieun tina
> lingkungan katanagakerjaan, loba instansi boh instansi pamarentah atawa
> swasta anu ngagunakeun pagawena make sistem outsourcing. Salain eta
> ngirimkeun tanaga pagawe awewe (TKW) ka luar nagari, anu ceunah
> ngadatangkeun devisa milyaran dollars anu mana kasajahteraan jeung kamanan
> TKW jarang pisan diperhatikeun.  Memang efektif jeung efisieun tina sagala
> resiko jeung urusan katanagakerjaan, anu penting hasil anu bakal diraup gede
> jeung gede. Ieu anu henteu sacara langsung pihak buruh geus diperlakukeun
> henteu adil. Ieu sarua ngagawekeun jelema baris henteu dibarengan ku hate
> nurani.
>
> Ruseb aing ningali kahirupan pamarentah kiwari!!!
>
>
>  
>

Kirim email ke